Baskét
Baskét nyaéta kaulinan nu dipaénkeun ku dua regu anu masing-masing 5 urang pamaén.[1] Unggal regu paheula-heula pikeun ngasupkeun bola saloba-lobana kana karanjang lawan jeung nyegah lawan ngasupkeun bola kana karanjanngna sarta meunangkeun bola.[1] Bola bisa dialungkeun, digilindingkeun, digeblug-geblugkeun, sarta didorong saluyu jeung aturan.[1]
Sajarah baskét
[édit | édit sumber]Dina taun 1920, urang Cina nu ngumbara di Indonésia.[2] Maranéhna mawa kaulinan baskét anu geus mekar di Cina.[2] Jalma-jalma anu ngumbara ngadegkeun sakola Tionghoa.[2] Balukarna, baskét mekar di sakola-sakola Tionghoa.[2] Di sakola-sakola Tionghoa, bal baskét jadi salah sahiji olahraga wajib anu unggal siswana kudu bisa maén baskét.[2] Taun 1930, paguyuban baskét mimiti ngadeg.[2] Kota gedé saperti Jakarta, Surabaya, Bandung, Semarang, Yogyakarta, jeung Médanjadi tempat ngumpul nu baskét.[2] Dina taun 1930 geus aya paguyuban saperti Chinese EnglishSchool, Tionghwa Hwee, Fe Leon Ti Yu Hui, jeung Pheng Yu Hui (Sahabat).[2] Sahabat nyaéta klub asal Sony Hendrawan (Liem Tjien Sion), salah sahiji legenda baskét Indonésia.[2] Sanggeus Proklamasi Kamerdékaan, 17 Agustus 1945, olahraga baskét mimiti dipikawanoh dikota-kota saperti Yogyakarta jeung Solo.[2] Nalika PON (Pekan Olahraga Nasional) I taun 1948 di Solo, bola baskét munggaran dimaénkeun di level nasional.[2] Peserta PON I masih diwatesan kénéh ogé paguyuban-paguyuban pamaén pribumi saperti PORI Solo, PORI Yogyakarta, jeung Akademi Olahraga Sarangan.[2] Dina taun 1951 nalika pagelaran PON II, baskét geus dipaénkeun ku lalaki jeung awéwé.[2]