Lompat ke isi

Bubur beureum

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Bubur beureum
TipeuBubur
Tempat asalIndonésia
Wewengkon atawa nagaraJawa Kulon, Jawa Tengah
Bahan utamaBéas
Bahan nu ilahar dipakeCipati, gula beureum
Dahareun nu saruaBubur bodas, Bubur béas
Cookbook:Bubur beureum  Bubur beureum

Bubur beureum nyaéta jenis bubur anu dijieun tina béas jeung gula beureum, umumna disajikeun baréng jeung bubur bodas. Bubur beureum jeung bubur bodas geus jadi tradisi dina budaya Indonésia[1][2].

Cara nyieun

[édit | édit sumber]

Bubur beureum dijieun tina béas, cipati, daun pandan, jeung uyah anu direbus bareng. Bubur beureum disajikeun bareng jeung bubur bodas dina hiji wadah.

Dina kabudayaan Indonésia

[édit | édit sumber]

Budaya Jawa

[édit | édit sumber]

Dina budaya Jawa, bubur beureum bareng jeung bubur bodas dijieun dina syukuran babaran jeung méré ngaran budak. Bubur beureum nyimbolkeun tina harepan kolotna méh jadi budak anu boga kawani keur hirup dina kasucian jeung kabeneran. Di samping éta, bubur beureum jeung bubur bodas masing-masing ngalambangkeun sél spérma jeung sél telur anu panggih jeung ngababarkeun hiji manusa di alam dunya[2].

Budaya Sunda

[édit | édit sumber]

Dina budaya Sunda, bubur beureum ilahar dijadikeun bagian tina tradisi Nyalin, nyaéta tradisi masarakat agaris dina nunjukkeun panghormatan jeung rasa syukur, ku cara panén paré diiringan ku upacara masihan barang-barang keur nunjukkeun rasa hormat ka Nyi Pohaci Sanghyang Sri. Tradisi nyalin salah sahijina aya di Desa Sidamulya, Kabupatén Ciamis[3].

Di wewengkon sanés, hususna di Garut, Tasikmalaya, jeung Cirebon, bubur beureum umumna disajikeun dina perayaan Poé Asyura unggal 10 Muharram[1][4].

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b "Bubur Merah dan Putih Rayakan Kehadiran Anggota Keluarga Baru". detikfood (dalam id-ID). Diakses tanggal 2022-08-28. 
  2. a b Dhiyaul Auliyah; Arief Sudrajat (2022-02-07). "BUBUR MERAH PUTIH SEBAGAI SIMBOL PEMBERIAN NAMA ANAK DALAM PERSPEKTIF SOSIOLOGI BUDAYA". SOSIOHUMANIORA: Jurnal Ilmiah Ilmu Sosial Dan Humaniora 8 (1): 54–63. doi:10.30738/sosio.v8i1.11599. ISSN 2579-4728. https://jurnal.ustjogja.ac.id/index.php/sosio/article/view/11599.  Archived 2022-08-28 di Wayback Machine
  3. Yanuariska, Yogi Yogaswara; Sudaryat, Yayat; Isnendes, Retty (2017). "TRADISI NYALIN DALAM KEHIDUPAN MASYARAKAT SUNDA (Kajian Struktur dan Etnopedagogik)" (dalam bahasa en-US). LOKABASA 8 (2): 223–243. doi:10.17509/jlb.v8i2.14204. ISSN 2528-5904. https://ejournal.upi.edu/index.php/lokabasa/article/view/14204. 
  4. tim. "Tradisi Tiap 10 Muharram, Apa Itu Bubur Asyura?". gaya hidup (dalam id-ID). Diakses tanggal 2022-08-28.