Lompat ke isi

Bubur béas

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Pikeun bubur sacara jembar, tempo Bubur (disambiguasi).
Bubur béas
Bubur béas Tiongkok dipurulukan abon jeung zha cai (ditambahan katuncar di sisina)
TipeuBubur
Tempat asalAsia
Bahan utamaVaréatif
Cookbook:Bubur béas  Bubur béas
Artikel ieu ngandung téks basa Cina.
Tanpa rojongan rendering nu luyu, anjeun meureun ukur bisa ningali tanda tanya, kotak, atawa lambang liana, lain karakter basa Cina.

Bubur béas, bubur sangu atawa bubur bodas[1], sok disebut ogé bubur hungkul (Basa Inggris: Congee) nyaéta jenis bubur nu bahan dasarna tina béas anu geus teu bireuk deui dikonsumsi di unggal nagara di Asia, utamana mah di Wétan Jauh. Nalika didahar minangka bubur sangu biasa, ilaharna mah sok disuguhkeun jeung deungeunna. Deungeunna téh kayaning daging, lauk, jeung kaldu, ditambahkeunna mun bubur baris disuguhkeun. Bubur béas mah geus jadi kadaharan utama, komona mah pikeun nu gering, pikeun orok sarta balita.[2] Ngaran bubur téh saenyana rupa-rupa pisan, gumantung kana bahan utama béas nu dipakéna sarta bahan tatambahna.[3]

Ngonsumsi

[édit | édit sumber]

Pikeun ngolahkeunna, béas diasakanna jeung cai nu loba nepi ka keun beyé. Bubur béas bisa dijieun dina buleng atawa ogé dina panci. Ari béas nu dipakéna bisa maké béas bodas nu ilahar dipaké, atawa béas beureum, bisa ogé béas ketan atawa gandum, gumantung kana bahan nu nyangkaruk, sarta pangaruh budaya di unggal wewengkon nu béda-béda.

Ari di budaya Sunda, bubur téh sok didahar iraha baé, anu umumna mah sok didahar pikeun nyarap, sarta didahar di waktu peuting. Aya ogé nu ngadahar bubur téh minangka gaganti sangu nu ditambahan ku deungeunna. Ieu cocog pisan pikeun jalma gering atawa budak orok, lantaran gampang pisan dicerna ku usus jalma gering mah.[4]

Unggal nagara

[édit | édit sumber]

Di Burma (kiwari disebut Myanmar), bubur béas disebut ဆန်ပြုတ် hsan byok Citakan:IPA-my, hartina "kulub sangu". Buburna éncér pisan tur polos, sok dijieun ngan ukur tina béas jeung cai, ngan sakapeung mah sok ditambahan ku daging hayam atawa bagong. Disuguhkeun kalawan dipurulukan cacagan bawang daun jeung goréng bawang garing. Kawas di nagara-nagara Asia lianna, bubur béas dianggap minangka kadaharan pikeun kaséhatan.

Filipina

[édit | édit sumber]
Bulacan LTB (Lugaw, tokwa, baboy)
Hispanized arroz caldo

Lugaw (diéjah Citakan:IPA-tl) nyaéta ngaran Tagalog pikeun bubur béas.[lower-alpha 1][6] Ari wangunna sarua kawas bubur ala Kanton, biasana mah kintel pisan, wangunna teu béda jiga sangu, ngan becey. Ngasakan buburna ditambahan ku keureutan jahé. Rasa séjénna bisa ditambahkeun kumaha kahayang. Mimindengna mah sok dipurulukan ku bawang daun jeung goréng bawang bodas garing. Kawas okayu Jepang, ditambahan ku lauk atawa daging hayam nu ngajadikeun tatambah rasa kaldu. Lúgaw ogé bisa disuguhkeun jeung tokwa't baboy (tahu atawa daging bagong nu dikeureutan pasagi), goto (babat sapi), utak (uteuk bagong), dilà (létah bagong), tulang rangu sapi, jeung calamansi, saos lauk, jeung kécap. Sok disuguhkeun kanu gering jeung nu rérémpo, sarta dipikaresep ku urang Filipina nu dumuk di iklim nu leuwih tiis lantaran ieu bubur téh haneut, lembut, jeung gampang dicerna.

Sawatara provinsi mah leuwih milih ngagunakeun istilah arroz caldo nu dipangaruhan ku basa Spanyol (inggrisifikasi tina caldo de arroz, sacara harfiah hartina "sop sangu"), nu sok dianggap minangka susuguh Éropa ku lantaran ngaranna. Arroz caldo saéstuna mah bubur Tiongkok nu diluyukeun jeung karep padumuk kolonial Spanyol nu nangtayungan réstoran-réstoran Tiongkok di Filipina.

Arroz caldo biasana mah maké samara konéng jeung pedes hideung nu diteundeun di gigireun jahé jeung bawang daun sangkan leuwih basajan. Arroz caldo leuwih kasohor di kalangan urang-urang Ilocano, Hiligaynon, jeung Cebuano (nu sacara lokal nyebutna minangka pospas), sok sanajan di provinsi séjén mah kayaning Cebu jeung Bohol, sok ngadaharna téh ku cara ditambahan hurang, minyak zaitun, daun salam, jeung sosis Cina.

Vérsi dahareun panutup tina lugaw téh nyaéta champorado, nu dijieun tina sangu, bubuk coklat jeung gula, jeung di luhurna dikucuran susu. Biasana disuguhkeunna pasosoré minangka caneuteun, sanajan bisa ogé didahar jang nyarap. Di wewengkon séjén nu maké basa Hiligaynon, lugaw bisa nujul kana binignit, sop dahareun panutup nu béda deui.

Bubur béas
Nama Tionghoa
Hanzi:
Min Chinese name
Hanzi:
Ngaran Filipina
Tagalog: lúgaw
Ngaran India
Hindi: गांजी ganji
Ngaran Indonésia
Indonésia: bubur kanji
Ngaran Jepang
Kanji: 1. 粥
2.
Hiragana: 1. かゆ
2. しらがゆ
Ngaran Koréa
Hangul:
Hanja:
Ngaran Malayu
Malayu: bubur
Ngaran Portugis
Portugis: canja
Ngaran Tamil
Tamil: கஞ்சி kanji
Ngaran Thai
Thai: โจ๊ก chok (IPA: [tɕóːk])
Ngaran Viétnam
Viétnam: cháo
Ngaran Lao
Lao: ເຂົ້າປຽກ khào piak (Citakan:IPA-lo)
Ngaran Khmer
Khmer: បបរ bâbâr (Citakan:IPA-km)
Ngaran Burmese
Burmese: ဆန်ပြုတ် hsan byok Citakan:IPA-my
Ngaran Javanese
Javanese: bubur
Ngaran Bengali
Bengali: জাউ jau (IPA: [dʒaw])
Ngaran Malayalam
Malayalam: കഞ്ഞി kanji
Ngaran Oriya
Oriya: କାଞ୍ଜି kaanji
Ngaran Telugu
Telugu: గంజి ganji
Ngaran Kannada
Kannada: ಗಂಜಿ ganji
Ngaran Sinhala
Sinhala: කැඳ kanda
Ngaran Tulu
Tulu: ganji

Budaya Sunda

[édit | édit sumber]

Di wewengkon Pasundaan, aya istilah "ngabubur beureum jeung ngabubur bodas" anu mangrupa adat istiadat nu masih dimumulé ku masarakat Sunda minangkana mah tradisi.[7] Ieu bubur téh mangrupa bubur bodas anu diwadahan kana pisin nu dipasikeun, nu sapasi deuina pikeun ngawadahan bubur beureum. Jadi sapisin téh ngawadahan dua rupa bubur.[7]

Bubur beureum bubur bodas bisa kapanggih dina acara-acara tinangtu, kayaning dina acara méré ngaran orok atawa ngaganti ngaran hiji jalma. Ku kituna, nyangkaruk patanyaan dina hirup kumbuh urang Sunda "Geus ngabubur beureum ngabubur acan?" ieu patanyaan téh umumna mah bijil nalika nanyakeun ngaran budak nu kakara bral ka alam dunya nu umurna kakara babaraha poé atawa dikedalkeun ka jalma nu ngaganti ngaranna. Kulawarga si orok, umumna mah kolotna, ngabagikeun ieu dua jenis bubur pikeun némbongkeun yén orok téh geus dibéré ngaran.[7]

Nyangkaruk makna simbolis kana ayana ieu dua jenis bubur. Duanana ngalambangkeun wawanén jeung kasucian, Beureum minangkana mah simbul tina wawanén jeung bodas minangkana mah simbul kasucian. Dina tradisi méré ngaran, ieu dua bubur téh mangrupa simbul tina harepan kulawarga sangkan jaganing géto si orok téh mibanda kasaimbangan antara watek wanén jeung suci nu hartina mihak kana kawani.[7]

Dina acara miéling 10 Muharam atawa nu dipikawanoh ku Asyuro, bubur beureum jeung bubur bodas gé dijieun, sakapeung mah sok disebut bubur suro. Ieu bubur umumna mah dibagikeun isuk-isuk sanggeus poé miéling Suro jeung dibagikeun ku jalma nu beunghar, utamana mah para ajengan, pingpinan pondok pasantrén, atawa marbot, imam masjid. Ajén tina ieu dua jenis bubur dihartikeun minangka bentuk napak tilas kana kajadian Syuhadana Sayyidina Huséin (incu Kangjeng Nabi Muhammad SAW.) di Padang Karbala ku pasukan Yazid. ieu bubur minangka simbul wawanén jeung getih syuhada ti Sayyidina Husein. Sedengkeun bubur bodas minangka simbul kasucian nu dibéla ku Sayyidina Huséin.[7]

Tempo ogé

[édit | édit sumber]
Portal Portal Portal Portal

Catetan

[édit | édit sumber]
  1. "This dish is sometimes referred to as rice porridge and in the Philippines it is usually called lugaw or lugao (from Tagalog)."[5]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "Bubur Bodas-Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat". www.disparbud.jabarprov.go.id. Diakses tanggal 2017-11-10.  Archived 2017-07-04 di Wayback Machine
  2. "Bubur Beas-Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat". www.disparbud.jabarprov.go.id. Diakses tanggal 2017-11-10.  Archived 2017-07-05 di Wayback Machine
  3. Congee - Special Porridge (Chinese Edition). 1 April 2006. ISBN 9868213630. 
  4. Robert Saunders (1789) "Boutan & Thibet", Philosophical Transactions of the Royal Society Vol. 79, p. 101
  5. Moore, B.; Centre, Australian National Dictionary (2001). Who's centric now?: the present state of post-colonial Englishes. Oxford University Press. p. 178. ISBN 978-0-19-551450-6. Diakses tanggal August 11, 2017. 
  6. Philippines Country Study Guide Volume 1 Strategic Information and Developments. Philippines Country Study Guide. International Business Publications, USA. 2012. p. 111. ISBN 978-1-4387-7532-6. Diakses tanggal August 11, 2017. 
  7. a b c d e Billyardi, Ramdhan (2017-7-3). "Tumbak Sewu Dan Beberapa Adat Sunda Yang Hampir Punah". Rampak Serantau. http://eprints.ummi.ac.id/89/. Diakses pada 2017-11-11.  Archived 2019-11-14 di Wayback Machine