Lompat ke isi

Burahol

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Burahol
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spesies

Stelechocarpus burahol (Blume) Hook. & Thomson

Burahol (Stelechocarpus burahol) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Annonaceae.[1] Burahol diarah buahna pikeun dikonsumsi, tangkal burahol geus jadi maskot/kokojo tiDaerah Istimewa Yogyakarta.[2][3] Buah burahol baheula dipikaresep ku puteri kraton-kraton di Jawa alatan dipercaya mibanda hasiat ngaleungitkeun bau késang awak sarta cai kahampangan henteu pati hangseur.[4]


Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Tangkalna ajeg kaluhur, jangkungna bisa nepika 25m. Tajukna ngawangun kubah tur méncos kaluhurna (kawas camara) kalayan mibanda dahan anu datar atawa satengah datar. Diaméter tangkalna utamana nepika 40 cm, kelirna coklat-kulawu kolot nepika hideung. Katempo ngajarendul. Daun wujudna lonyod nepika bundar-telur/bentuk lanset, ukuran (12-27)cm × (5-9)cm, kelirna héjo kolot, henteu buluan, merontal ipis; cupat daunna panjang 1,5 cm. [5]


Kembang anu jalu jeung anu bikang papisah, mimiti kelirna héjo tuluy robah ngajadi semu bodas, bijilna tina tangkal palebah anu ngajarendil; kembang jalu bijil tina dahan anu geus kolot, bijil ti palebah luhur, ngumpul kurang leuwih aya 8-16 kuntum, diaméterna 1 cm; kembang bikangna ngan aya dina puhu dahan, diaméterna 3 cm.

Buahna mibanda 1-13 lambar daun buah wangun kawas buah huni (berrylike ripe carpels), panjang cupat buah 8 cm; daun buah anu geus asak wujudna méh buleud, kelirna semu coklat, diameterna 5–6 cm, mibanda sari buah anu bisa dikonsumsi langsung.

Sikina wujudna lonyod, lobana 4-6 siki, panjangna kurang leuwih 3 cm, beurat segar 62-105 g, Bagian anu bisa dikonsumsi 49% jeung sikina 27% tina beurat buah seger.

Mangpaat

[édit | édit sumber]

Buahna diala mangsa geus asak tur bisa langsung dikonsumsi, kelir dagingna kawas gedang gumading mibanda rasa amis tur buahna anu seungit kembang ros ngahasilkeun ekskresi kana awak (seperti ci kahampangan, késang , jeung ambekan napas) jadi henteu bau. Buah Burahol bisa dimangpaatkeun pikeun ubar, daging buahna pikeun ngalancarkeun kahampangan, nyingkahan radang ginjal sarta bisa nyababkeun mandul/banjir (samentara) ka kaum awéwé. Jadi, ieu burahol sok dimangpaatkeun ku para istri gegedén pikeun seuseungitan atawa parfum jeung alat kontrasepsi KB; di Jawa, sacara tradisional pamangpaatanna ngan di Kasultanan Yogyakarta.

Kaina alus pikeun nyieun pakakas rumah tangga, tangkal jeung dahanna anu lempeng bisa dimangpaatekun pikeun bahan bangunan, sarta mibanda kakuatan nu alus cenah bisa tahan nepika 50 taun lamun di keueuman heula saméméhna.

Burahol bisa dimangpaatkeun pikeun tutuwuhan hias anu endah, dauna anu bilil rampak bareng kelirna robah tina beureum ngora jadi beureum semu wungu engkena robah deui jadi héjo méncrang. Tangkalna silindris atawa piramid mibanda loba dahan, dahan lateral anu ngentép sistematik, kalawan sifatna anu kauliflor (cauliflory) nambah kaéndahan tangkal burahol.

Tempat hirup

[édit | édit sumber]

Burahol mikaresep taneuh anu jemlek, loba kapanggih di leuweung sekunder di pulo Jawa. Dibudidayakeun salaku tangkal anu diarah buahna, perenahna dina dadatar anu tonggohna 600 m dpl.

Melak jeung ngabinihkeun

[édit | édit sumber]

Tangkal burahol ilaharna dipelak tina binih sikina, tina buahna anu geus asak geuwat sikina dibungbuan sangkan sirungan. Kungsi nancebkeun binih tina sték jeung cangkokan, tapi henteu hirup.

Binih tina siki buahna anu geus asak kudu diberesihan heula, tuluy tunda ditempat anu iuh tur garing. Saméméh binih dibungbun kudu didiskarifikasi, ku sabab ieu bibit butuh sababaraha bulan pikeu sirungan. Kacambahna hipogeal, akar tunggangna ngagedéan tur henteu bijil daun. Mimitina ieu binih anu dibungbun téh Lila jadina, nincak bijil daun 3-5 lambar. Tuluy dirintahkeun kana pot atawa wadah séjén. Engké di mana jangkungna geus 0,5-1,0 m bibit dirintahkeun atawa dipelakeun, jarak tina tangkal hiji jeung nu séjénna 6-8 méter. Mangsa (vegetative phase, juvenile phase) lilana 6-9 tahun.

Miara tangkalna

[édit | édit sumber]

Hama dan Penyakit

[édit | édit sumber]

Tacan kungsi aya kabéjakeun ngeunaan hama jeung panyakit anu matak bahaya kana tangkal burahol, ngan waé kudu tetep diriksa tangkalna tina gangguan lalay jeung beurit.

Panén buahna

[édit | édit sumber]

Cara nempo buah burahol nu geus asak bisa kijalan dikoét kulitna, Anu geus asak mah katempo jerona konéng atawa coklat ngora(lamun héjo kénéh, hartina masih kénéh ngora). Dimana usum panén geus deukeut kurang leuwih 1-2 bulan deui, buahna dibungkus kubongsang atawa kantong plastik . Buah burahol bisa awét ditunda dina suhu jero imah, 2-3 minggu.

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Haris Mustari, Abdul (2019). Flora dan Fauna Cagar Alam Leuweung SancangHaris Mustari. Jakarta: PT Penerbit IPB Press. p. 98. ISBN 9786024408046.  Disungsi2 Pébruari 2023
  2. "Kepel". Keanekaragaman Hayati DI Yogyakarta. 12 April 2017. Diakses tanggal 11 Juli 2020.  Archived 30 Nopémber 2022 di Wayback Machine
  3. "Kepel". trade winds fruit. Diakses tanggal 11 Juli 2020. 
  4. Damayanti, Dewi; Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra, Novi Widianti, Nina Wulan Dari (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 103. ISBN 9789790061941. 
  5. Lim, T.K (2012). Edible Medicinal and Non-Medicinal Plants: Volume 1, Fruits. London: Springer Science & Business Media,. p. 227. ISBN 9789048186617. Diakses tanggal (disungsi) 17 April 2021. 

Tutumbu ka luar

[édit | édit sumber]
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan