Campanulaceae
| Kulawarga Kembang torompet | |
|---|---|
| (Campanulaceae) | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | Campanulaceae |
Campanulacéae nyaéta salah sahiji kulawarga tutuwuhan tina kelompok utama Angiospermae (tututwuhan kembangan).[1] Kulawarga ieu dipikawanoh ogé salaku harebell (Kembang torompét).[2] Kulawarga kembang torompét kaasup 88 genus sakuliah dunya, diwangun ku 2.500 spésiés.[2] Di Finlandia, aya 4 genus jeung 15 spésiés, nu paling populér nyaéta genus Campanula nu miboga kembang nyarupaan torompét.[2] Campanulacéae mangrupa tutuwuhan hérba, semak, atawa tangkal leutik (jarang) nu biasana miboga getah susu.[3] Daunna hampir sok alternatif jeung saderhana;[3] teu miboga stipula jeung miboga kembang nu biséksual, bari actinomorfik dina subfamili Campanulacéae tapi zygomorfik dina lobelioidéae.[3] Ieu mangrupa kulawarga kosmopolitan nu miboga kembang nu has, utamana di beulahan bumi kalér, ngan di beulahan bumi kidul kawas Afrika Kidul kulawarga ieu lumayan kaya ogé.[4]
Referensi
[édit | édit sumber]- ↑ (en)Campanulaceae Archived 2017-09-17 di Wayback Machine (diakses 13 Maret 2016)
- 1 2 3 (en)Campanulaceae family (diakses 14 Maret 2016)
- 1 2 3 (en)Campanul (diakses 14 Maret 2016)
- ↑ (en)Campanulac Archived 2016-03-03 di Wayback Machine (diakses 14 Maret 2016)
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |