Lompat ke isi

Cangkilung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Cangkilung (Cacing Awi)
Hileud awi atanapi cangkilung dina piring
Cangkilung (Omphisa fuscidentalis) anu tos diasakan.
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Omphisa
Spésiés:
O. fuscidentalis
Ngaran binomial
Omphisa fuscidentalis
Hampson, 1896

Cangkilung ; Omphisa fuscidentalis, nyaéta hileud/(larva ngengat) Gegeremet anu hirup dina jero buku-buku tangkal awi. Cangkilung loba dimangpaatkeu pikeun eupan mangsa keur nguseup, maraban sato piaraan saperti lauk arwana, jeung rupa-rupa manuk,[1]. Cangkilung ilaharna dijual di toko pakakas paragi nguseup ogé toko manuk piaraan.

Pedaran

[édit | édit sumber]

Cangkilung mibanda warna awak anu bodas sarta téksturna beyé. Panjang awakna bisa nepi ka 3 dugi ka 4 séntiméter.[2] Ieu hileud téh hirupna ku cara ngahakan serat awi anu masih kénéh ngora dina jero haur atawa awi gombong.[3]

Cangkilung henteu matak ngaganggu kana hirupna tangkal awi, hanjakal éta tangkal awi anu dicicingan ku cangkilung jadi henteu kuat kawas tangkal awi anu séjén. Aya sababaraha spésiés cangkilung anu geus dipikanyaho : utamana di Thailand, O. fuscidentalis, D. hamiltonii, D. strictus, Bambusa nutans, B. blumeana, Gigantochloa albociliata, jeung G. nigrociliata

Asal muasal

[édit | édit sumber]

Cangkilung hirup dina tangkal awi tur mikaresep daérah anu tiis loba kapanggih di Indonesia, Thailand, Laos, jeung Myanmar ogé wewengkon anu deukeut jeung Provinsi Yunnan di Cina. Tayalian ti gegeremet/ngengat anu déwasa hirupna ngan saukur 2 bulan, Juli jeung Agustus. mangrupa asal muasal cangkilung dimimitian ti éta gegeremet bikang ngendog lobana 80-130 siki, éta endog diteundeun dina deukeut pugur awi ngora/iwung, ieu endog megar jadi larva di mana geus umur 12 poé, kelirna semu coklat jeung baruluan. di mana geus megar maranéhna ngaliang kana jero tangkal awi anu dicicingana. tilu poé ti harita ieu larva kelirna robah jadi bodas. Tiwangkid harita aya kana 45 nepika 60 poé ieu hirup dina jero buku tangkal awi. Cangkilung mimiti ngaliang pindah kana buku awi séjéna ieu kaayaan disebutna "diapause".

Cangkilung beunang ngasakan

Mangpaat cangkilung

[édit | édit sumber]

Geus dipiwanoh cangkilung téh dimangpaatkeun pikeun eupan nguseup. Tapi teu saeutik ogé cangkilung anu diparabkeun ka sato piaraan mangrupa (extra fooding), di Cina mah komo cangkilung téh diasakan dijieun kadaharan anu ngeunah tur loba pisan mangpaatna. [4]

Cangkilung kawéntar mibanda kandungan protéin jeung lemak anu luhur pisan, nepi ka di sababaraha nagara mah geus dijadikeun komoditas ékonomi anu pajajauheun hargana.[2] Sajaba ti éta, cangkilung ogé mindeng dipaké ubar tradisional pikeun ningkatkeun stamina awak ku sabab gizi anu dikandungna.[3]

Cara Hirup

[édit | édit sumber]

Pikeun néangan cangkilung, jalma kudu ningali ciri-ciri awi anu rada ruksak atawa aya liang leutik dina ruasna.[5] Mun ceuk kabiasaan urang lembur, néangan cangkilung téh kudu apal kana usum, biasana dina mangsa panén awi atawa usum hujan nalika hileudna nuju lintuh-lintuhna.[6]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Cangkilung téh nyaéta Archived 2016-05-28 di Wayback Machine
  2. 1 2 Yhoung-Aree, J. (2003). Edible insects in Thailand. KUFF Journal.
  3. 1 2 Wongiri, S. (2010). Bamboo Borer Ecology. Thailand Forest Research.
  4. Mangpaat cangkilung Archived 2016-12-18 di Wayback Machine
  5. Salah ngutip: Tanda <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama "Sakagami"
  6. Salah ngutip: Tanda <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama "Michener"

Tutumbu kaluar

[édit | édit sumber]