Lompat ke isi

Iwung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Iwung

Setunas rebung.
Ngaran Tionghoa
Hanzi tradisional:
Hanzi basajan:
Ngaran Jepang
Kanji: 竹の子 or 筍
Kana: タケノコ
Nama Korea
Hangul: 죽순, 대나무싹
Ngaran Nepali
Nepali: तामा (Tama)

Iwung kaasup sélér awi, bitung, gombong jsté, anu kakara nongtot tina taneuh.[1] Tumuwuhna iwung dibagian rungkun awi jeung biasana dipinuhan ku glugut anu matak ateul.[2] Iwung bentukna kurucut, unggal sisina miboga bagian saperti congo daun awi tapi warna coklat.[2] Di musim hujan mangrupa panéna iwung, antara bulan Désémber nepi ka Pébruari.[2] Biasana iwung dipanén nalika jangkungna geus 20 cm tina permukaan taneuh, dengan diameter batang sekitar 7 cm.[2] Lamun elat panén dina 2 nepi ka 4 bulan, iwung bakal jadi tangkal awi.[2] Biasana iwung anu dialak téh nyaéta iwung anu ngora (awi ngorana).[2] Henteu sakabéh iwung anu jadi bisa jadi awi.[2] Ilaharna iwung anu karék saminggu jadina osok teu tumuwuh deui nu tungtuna maot.[2]

Rupa-rupa Iwung

[édit | édit sumber]

Teu sakabéh jinis iwung ngeunah didahar.[2] Aya sababaraha jinis iwung anu rasana pait, jeung teu sakabéh iwung bisa diolah jadi pasakeun.[2] Awi jinis apus mangrupa salah sahiji jinis awi anu teu bisa diolah jadi pasakeun, alatan rasana pait.[2] Jinis iwung anu ngeunah rasana nyaéta iwung konéng, rampal atawa suling, ori, jeung ater.[2] Iwung bitung miboga rasa anu paling ngeunah.[2] Iwung ieu warnana coklat jeung subang (sisina kelopak) dina congona warna bungur.[2]

Kandungan giji dina Iwung

[édit | édit sumber]
Iwung didagangkeun di toko

Senyawa utama di jero iwung nyaéta cai, kira-kira 91 persén.[3] Salain ti éta iwung ogé miboga kandungan protéin, karbohidrat, lemak, vitamin A, thiamin, riboflavin, vitamin C, sarta mineral séjéna saperti kalsium, fosfor, beusi, jeung kalium.[3] lamun dibandingkeun jeung sayuran nu laina kandungan protéin, lemak, jeung karbohidrat dina iwung henteu jauh béda.[3] Iwung miboga kandungan kalium anu loba.[3] Kadar kalium per 100 gram iwung nyaéta 533 mg.[3] Kadaharan anu sarat Makanan kalium, nyaéta minimal 400 mg, bisa nyingkahan résiko ''stroke''.[3] Kandungan serat pangan dina iwung nyaéta 2,56 persen, leuwih loba ti batan sayuran seperti kadelé (1,27 persen), pécay (1,58 persen), bonténg (0,61 persen), jeung sawi (1,01 persen).[2] Serat pangan (dietary fiber) osok dibongbolérkeun pikeun paktor penting dina giji manusa ku sabab henteu ngahasilkeun énérgi.[2] Salain ti éta, kakurangan serat moal ngabalukarkeun spesifik, saperti kakurangan zat-zat giji.[2]

Iwung mangrupikeun bahan katuangan anu miboga kandungan gizi anu saé, utamana serat sarta mineral, nanging miboga kadar lemak sarta kalori anu handap. Dumasar kana panalungtikan, dina unggal 100 gram iwung seger, aya sababaraha kandungan gizi utama:[4]

  • Serat Pangan: Iwung euyeub ku serat anu mangpaat pikeun ngalancarkeun sistem pencernaan sarta ngajaga kadar koléstérol.[5]
  • Protéin: Ngandung asam amino ésénsial anu penting pikeun ngoméan sél-sél awak.
  • Kalium (Potassium): Kandungan kalium anu luhur dina iwung mangpaat pikeun ngajaga tekanan darah supados tetep stabil.
  • Vitamin sarta Mineral: Ngandung Vitamin A, B6, E, sarta mineral penting sapertos kalsium, magnésium, sarta zat beusi.[6]
  • Antioksidan: Ngandung sanyawa fénolik anu tiasa ngalawan radikal bébas dina awak.
Kandungan Gizi Iwung (per 100g)
Unsur GiziJumlah
Energi27 kkal
Protéin2,6 g
Lemak0,3 g
Karbohidrat5,2 g
Serat2,2 g
Kalium533 mg

Catetan

[édit | édit sumber]
  1. [Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
  2. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 Sejuta MANFAAT REBUNG Archived 2011-11-01 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 16 November 2011)
  3. 1 2 3 4 5 6 Kandungan Giji Rebung Bambu (Dicutat tanggal 16 November 2011)
  4. Nirmala, C., et al. Bamboo Shoots: A Novel Source of Nutrition and Medicine. Critical Reviews in Food Science and Nutrition.
  5. Badan Pangan Nasional. Tabel Komposisi Pangan Indonesia.
  6. Chongtham, N., et al. Nutritional Properties of Bamboo Shoots: Potential and Prospects for Utilization as a Health Food. Food Research International.