Lompat ke isi

Carangka

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Carangka
Carangka anu dipaké nanggung jukut (parab sato).
JinisWadah tradisional
BahanAwi (Awi Tali)
AsalSélér Sunda, Jawa Kulon

Carangka nyaéta wadah anu dijieun tina awi beunang nyasap (nganyam).[1][2] Wangunna kawas tolombong, pédah baé sasapan leuwing carang tur ilaharna dijieun tina kulit awi (hinis) nu rada kandel.[2] Dina wujudna, carangka mah leuwih basajan sasapan awi leuwih karandel jeung carang.[3] Carangka dimangpaatkeun pikeun wadah mangsa ngala jukut atawa ngarit, ngunjalan hasil tatanén, ngawadahan runtah, panundaan parabot anu teu dipaké, jeung sajabana.[3][4] Carangka dijieun tina awi tali nu kermeujeuhna lumiat, sagigireun gampang mangsa neukteukan ogé awi tali mah henteu rangu atawa gampang pites.[2] Kiwari tukang nyieun carangka henteu loba kawas baheula, kalindih ku parabot nudijieun tina plastik.[3]

Wangun jeung Téknik Nyieun

[édit | édit sumber]

Bahan dasar carangka nyaéta hinis awi. Jinis awi anu paling hadé dipaké nyaéta Awi Tali (Gigantochloa apus) ku sabab seratna anu panjang sarta kuat. Proses nyieun carangka dimimitian ku cara meulahan awi jadi lambaran ipis, tuluy dianyam ku pola silang anu miboga liang-liang (carang). Bagian luhur carangka biasana dikuatkeun ku wengku, nyaéta beungkeutan awi anu leuwih kandel sangkan carangka teu gampang robah wangunna. [5]


Tutumbu kaluar

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen.
  2. 1 2 3 Kamus genggam basa sunda. Frasa Lingua. 2016. hlm. 18. ISBN 9786026475275. ;
  3. 1 2 3 Ensiklopedi Sunda: alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi. Michigan University: pustaka jaya. 2000. ISBN 9789794192597. ;
  4. Kiat Sukses Budidaya Cabai Keriting. 2017. ISBN 9786026475350. ; ;
  5. Sumardjo, Jakob. (2011). Sunda: Pola Rasionalitas Budaya. Bandung: Kelir. ISBN 978-979-9771-46-3. Google Books. Diaksés tanggal 31 Désémber 2025.