Cebus imitator
Monyét Capuchin Panama Beuheung Bodas | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Génus: | Cebus
|
Spésiés: | imitator[1]
|
Cebus imitator leuwih dipikawanoh minangka Monyét Capuchin Panama Beuheung Bodas nu sumebar di leuweung ti Honduras nepi ka Panama.[2][3] Saméméhna ieu spésiés monyét téh asup kana klasifikasi spésiés Cebus capucinus atawa Cebus capucinus imitator.[2][4] Dina panalungtikan Boubli et. al. taun 2012 dituduhkeun yén Cebus imitator jeung Cebus capucinus papisah spésiésna kira-kira 2 juta taun ka tukang.[5] Upama dibandingkeun jeung jinis monyét capuchin séjénna, Cebus imitator téh kawilang anu pangréana ditalungtik.[2]
Dedegan Awak
[édit | édit sumber]Dedegan awakna mah umumna saperti monyét dina génus Cebus baé, ngan anu ngabédakeunna téh bulu-bulu bodas anu ngawarnaan bagian sirah jeung beuheungna.[6] Bulu awakna umumna hideung, ari warna bulu dina beuheung, tikoro, dada, taktak jeung leungeun luhurna bodas nepi ka semu konéng.[7] Warna beungeutna beureum kayas atawa semu bodas jeung sakapeung sok aya tanda husus semu hideung. Bagian bulu dina sirahna nu warna hideung jadi ciri has.[7] Ukuranna awakna kawilang sedeng.[8] Panjang awak bikangna 38,5-40,5 cm, panjang buntutna 43-45 cm, beuratna 2,6-2,7 kg.[9] Ari nu jalu panjang awakna 34,3-42 cm, panjang buntutna 44-46 cm, beuratna 3,7-3,9 kg.[9] Nu jalu leuwih gedé 27 % ti batan bikangna. Bikangna boga bulu jambul nu panjangna kurang leuwih 40 mm, warnana semu coklat, kontras jeung warna bodas dina bulu pipi jeung beuheungna.[9]
Habitat jeung Sumebarna
[édit | édit sumber]Cebus imitator kapanggihna réréana mah di wewengkon Amérika Tengah, kaasup Honduras, Nikaragua, Costa Rica, jeung Panama. Ieu monyét ogé kungsi dilaporkeun kapanggih di wétaneun Guatemala jeung kiduleun Belizem, sanajan laporanna teu kakonfirmasi. Spésiés ieu salah sahiji monyét anu pangmindengna katingali di Taman Nasional Amérika Tengah, misalna di Manuel Antonia National Park, Corcovado National Park, Santa Rosa National Park jeung Soberania National Park.[10] [11]
Upama di Costa Rica jeung Panama mah ieu monyét téh kawilah umum pisan kapanggih, tapi ari di Honduras jeung Nicaragua mah kalahka dibasmi. Réréana capuchin ti Honduras ditéwak jeung dipindahkeun ka pulo Roatan, jeung capuchin ti Nicaragua dipindah-pndahkeun ka pulo Ometepe.[12] Ieu monyét kapanggi di rupa-rupa jinis leuweung, kaasup leuweung gerot geledegan jeung leuweung hasil jieunan, kaasup leuweung abadi, leuweung usum gugur, leuweung garing, leuweung bakau jeung pagunungan.
Di Costa Rica, ieu monyét téh bisa kapanggih deukeut basisir Karibia jeung Pasifik sarta kawilang kaancam punah lantaran leungiteun habitat, diboro, jeung dijual-beulikeun.[3] Kabiasaanana baranghakan rupa-rupa bungbuahan jeung sisikian boga manfaat pikeun régenerasi habitat.[3] Wewengkon anu ditempatanana ogé pacampur jeung jinis monyét séjén saperti Aotus, Saguinus, jeung Saimiri.[13]
Paripolah
[édit | édit sumber]Dina laporan panalungtikan Cebus imitator di Coiba National Park, Cebus imitator kapanggih sok ngagunakeun alat pikeun muka hakaneun anu teuas nu kapanggih di sabudeureun basisir, kaasup siki katapang laut, keuyeup, kéong laut, jeung sajabana.[14][15][16] Ieu monyét téh kapanggih ogé kungsi ngagunakeun daun minangka ceumpal pikeun nyepengan hileud Autometris jeung buah Sloanéa anu matak weureu.[14]
Status Konsérvasi
[édit | édit sumber]Status konsérvasi Cebus imitator téh kaasup "Least Concern" ceuk katerangan ti IUCN.[17] Najan kitu, jumlahna nu liar beuki ngurangan lantaran ieu sato diboro pikeun dipiara atawa dijual-beulikeun.[17] Statusna komo beuki kaancam ku déforéstasi.[17] Cebus imitator mampuh adaptasi kana fragméntasi leuweung leuwih hadé ti batan spésiés séjénna, lantaran kamampuhna pikeun hirup dina rupa-rupa jinis leuweung jeung bisa nyiar rupa-rupa hakaneun dina ambahan anu leuwih lega.[17] Ieu sato téh penting pikeun ékosistem, hususna pikeun nyebarkeun sisikian tina tangkal di leuweung.[17] Iwal ti éta, kabiasaanna ngahakan insék (gegeremet) hama dina sababaraha jinis tangkal, ngabalukarkeun éta tangkal téh bisa tumuwuh leuwih lila jeung ngahaislkeun bungbuahan anu leuwih réa.[17]
Di Jamaica, néwak Cebus imitator ti alam liar pikeun dikoléksi téh kaasup masalah anu daria nu jadi perhatian pamaréntahna, sarta dianggap ancaman langsung pikeun kaséhatan publik lantaran aya poténsi panyakit anu dibawa tina éta sato, pangpangna rabiés.[18]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ "ITIS Standard Report Page: Cebus imitator". www.itis.gov. Diakses tanggal 2020-05-27.
- ↑ a b c "Capuchin Monkey Research Priorities and Urgent Issues". American Journal of Primatology. 2014. http://socgen.ucla.edu/wp-content/uploads/2014/04/Capuchin-Monkey-Research-Priorities-and-Urgent-Issues.pdf. Diakses pada 27/5/2020. Archived 2017-08-10 di Wayback Machine
- ↑ a b c "Hematology and Serum Biochemistry Values of Healthy Free-Ranging Panamanian White-Faced Capuchins (Cebus imitator) in Costa Rica". Wildlife Disease Association (dalam en-US). doi:10.7589/2018-07-179. Diakses tanggal 2020-05-27.
- ↑ "Mammal Species of the World - Browse: Cebus". www.departments.bucknell.edu. Diakses tanggal 2020-05-27.
- ↑ Boubli, Jean P.; Rylands, Anthony B.; Farias, Izeni P.; Alfaro, Michael E.; Alfaro, Jessica Lynch (2012). "Cebus Phylogenetic Relationships: A Preliminary Reassessment of the Diversity of the Untufted Capuchin Monkeys" (dalam bahasa en). American Journal of Primatology 74 (4): 381–393. doi:10.1002/ajp.21998. ISSN 1098-2345. https://onlinelibrary.wiley.com/doi/abs/10.1002/ajp.21998.
- ↑ "Midwest Capuchins Franciscans Vocation Office - Frequently Asked Questions". web.archive.org. Diakses tanggal 2020-05-27.
- ↑ a b Emmons, Louise. (1997). Neotropical rainforest mammals : a field guide (2nd ed ed.). Chicago: University of Chicago Press. ISBN 0-226-20719-6. OCLC 35686100.
- ↑ "Panamanian White-headed Capuchin". NatureRules1 Wiki. Diakses tanggal 2020-05-27.
- ↑ a b c EAZA Best Practice Guidelines for capuchin monkeys (PDF). 2019. Archived 2020-04-06 di Wayback Machine
- ↑ Wilson, Don E.,; Mittermeier, Russell A.,; Cavallini, Paolo,. Handbook of the mammals of the world. Barcelona. ISBN 978-84-96553-49-1. OCLC 304148757.
- ↑ Hunter, Luke. (2002). Watching wildlife : Central America (1st ed ed.). Footscray, Vic.: Lonely Planet Publications. ISBN 1-86450-034-4. OCLC 155880174.
- ↑ "Ometepe Island Info - Volcán Maderas". ometepeislandinfo.com. Diakses tanggal 2020-05-27.
- ↑ Kalbitzer, Urs; Jack, Katharine M. (2018-10-29). Primate Life Histories, Sex Roles, and Adaptability: Essays in Honour of Linda M. Fedigan. Springer. ISBN 978-3-319-98285-4.
- ↑ a b Barrett, Brendan J.; Monteza-Moreno, Claudio M.; Dogandžić, Tamara; Zwyns, Nicolas; Ibáñez, Alicia; Crofoot, Margaret C.. "Habitual stone-tool-aided extractive foraging in white-faced capuchins, Cebus capucinus". Royal Society Open Science 5 (8): 181002. doi:10.1098/rsos.181002. PMC PMC6124021. PMID 30225086. https://royalsocietypublishing.org/doi/10.1098/rsos.181002.
- ↑ GonzalezJH. "Behavioral evolution". Smithsonian Tropical Research Institute. Diakses tanggal 2020-05-27.
- ↑ Monteza-Moreno, Claudio M.; Dogandžić, Tamara; McLean, Kevin A.; Castillo-Caballero, Pedro L.; Mijango-Ramos, Zarluis; Del Rosario-Vargas, Evelyn; Crofoot, Margaret C.; Barrett, Brendan J. (2020-05-22). "White-Faced Capuchin, Cebus capucinus imitator, Hammerstone and Anvil Tool Use in Riparian Habitats on Coiba Island, Panama" (dalam bahasa en). International Journal of Primatology. doi:10.1007/s10764-020-00156-5. ISSN 1573-8604. https://doi.org/10.1007/s10764-020-00156-5.
- ↑ a b c d e f Wainwright, Mark. (2007). The mammals of Costa Rica : a natural history and field guide. Ithaca, N.Y.: Comstock. ISBN 978-0-8014-4589-7. OCLC 123798506.
- ↑ "Dangerous monkey business - Experts warn of possible fatal infections from trade in non-native species after creature captured in St Andrew". jamaica-gleaner.com. Diakses tanggal 2020-05-27.