Ciliata

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Ciliata
"Ciliata" ti buku Ernst Haeckel judulna Kunstformen der Natur (1904)
Klasifikasi ilmiah
Domain: Eukaryota
Karajaan: Chromalveolata
Superfilum: Alveolata
Filum: Ciliophora
Doflein, 1901 emend.
Classes

Karyorelictea
Heterotrichea
Spirotrichea
Litostomatea
Phyllopharyngea
Nassophorea
Colpodea
Prostomatea
Oligohymenophorea
Plagiopylea

Ciliata (basa Latin, cilia hartina buuk leutik) atawa Ciliophora (basa Yunani, phora hartina obahan) nu hartina obah maké silia (buuk geter).[1] Ciliata disebut ogé infusoria (basa Latin, infus hartina nyicikeun) sabab sato ieu bisa kapanggih di tempat cai urut pamiceunan atawa kocoran.[1]

Ciri Ciliata[édit | édit sumber]

Paramecium sp. salasahiji conto ti Ciliata.

Silia kapanggih di sakabéh sél atawa ngan di bagéan anu tangtu.[2] Iwal pungsina pikeun gerak, silia ogé disebut minangka alat bantu dahar. Silia mantuan gerak dahareun ka bagéan sitostoma. Kadaharan nu kakumpul du sitostoma bakal diteruskeun ka jero sitofaring (tikoro sél). Lamun geus pinuh, kadaharan bakal asup ka sitoplasma kalawan bentuk vakuola kadaharan.[1]

Sél ciliata mibanda ciri husus nyaéta mibanda dua inti; makronukléus jeung mikronukléus. Makronukléus luyu jeung ngaranna, boga ukuran leuwih gedé batan mikronukléus. Makronukléus boga fungsi végétatif nyaéta pikeun prosés tumuwuhna. Mikronukléus mibanda fungsi réproduktif, nyaéta konjugasi. Ciliata ogé mibanda trikokis anu fungsina pikeun mertahankeun diri tina musuh. Ciliata hirup bébas di daérah lembab leuwih ka baseuh boh cai tawar atawa laut. Ciliata ogé hirup di jero sato séjén sacara simbiosis atawa parasit. Ciliata nu hirup bébas di alam contona Paramecium caudatum, Didinium, Stentor, Balantidium, jeung Vorticella. Rupa séjéna hirup ku cara simbiosis di jero beuteung sato nu ngadahar jukut sarta boga pungsi mantuan nyerna sélulosa anu aya di jukut. Ngan saeutik CIliata anu hirup jadi parasit. salah sahijina nyaéta Balantidium coli. Ciliata ieu hirup dina usus badag sato atawa manusa jeung ngalantarankeun diaré (balantidiosis).[2]

Ciliata réproduksi sacara aséksual jeung séksual. Réproduksi aséksual, ku cara meulah biner membujur "transversal". Réproduksi séksual dilakukan kalawan konjugasi.[1]

Spésiés-spésiés Ciliata[édit | édit sumber]

Spésiés tina Ciliata bisa ditataan saperti ieu di handap:[3]

  1. Sténtor, hirup di cai tawar bentukna siga loncéng sarta mibanda silia di biwirna.
  2. Vorticella, hirup di cai tawar bentukna siga tarompét mibanda silia di biwirna.
  3. Didinium, hirup di cai tawar bentukna siga kékéncéng, mibanda silia di biwirna, boga peran salaku prédator paramécium.
  4. Balantidium Coli, hirup di usus badag manusa, ngalantarankeun panyakit diséntri.
  5. Stylonichia mirip siga paramécium. mibanda silia ngagomplok disebut sirus nu bentukna siga cucuk. Hirup di cai nu loba sampah organik.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d Aryulina, DIan. 2006. Biologi SMA dan MA untuk Kelas X. Jakarta: Penerbit Erlangga
  2. a b Subadri. 2009. Biologi 1 Untuk SMA X. Jakarta: CV. Usaha Makmur
  3. Susilowarno, R. Gunawan. Biologi. Jakarta: Grasindo