Coét
Coét tina batu | |
| Asal | Tatar Sunda |
|---|---|
| Bahan | Batu, taneuh liat, atawa kai |
| Pasangan | Mutu |
Coét atawa cowét nyaéta parabot dapur nu sok digunakeun keur ngaréndos, ngabubukkeun, ngagerus bungbu-bungbuan, jamu atawa obat. Coét biasana dijieun tina batu, taneuh liat, jeung kayu. Wangunna ogé aya cirina, nyaéta legok di tengahna. Ieu legok téh mangrupa widang nu dipaké keur ngarendos téa. Coét ieu lamun dipaké pasti kudu ngagunakeun paralatan baturna anu disebut mutu. Coét nu paling heubeul geus digunakeun manusa ti saprak 35.000 tahun SM. [1][2]
Bahan jeung Jenis
[édit | édit sumber]Aya sababaraha rupa coét dumasar kana bahan nu dipakéna:
- Coét Batu: Dijieun tina batu gunung atawa batu susukan anu ditihtih. Ieu jenis coét anu pangkuatna sarta paling loba dipaké.
- Coét Taneuh: Dijieun tina taneuh liat anu diduruk. Biasana dipaké pikeun nyieun loték, karedok, atawa rujak sabab ukuranna leuwih gedé.[3]
- Coét Kai: Dijieun tina kai anu teuas, biasana ukuranna leutik sarta hampang.
Cara Ngagunakeun
[édit | édit sumber]Coét dipaké bareng jeung mutu. Bahan nu rék diledakkeun diteundeun dina luhureun coét, tuluy digerus atawa diledakkeun maké mutu ku cara diteken bari diputer.[4]
Budaya Kuliner
[édit | édit sumber]Dina budaya dahur Sunda, coét téh identik/raket pisan jeung sambel. Malah aya istilah "sambel dadak" anu langsung dijieun dina coét sarta disuguhkeun babarengan jeung coétna pisan (sambel coét).
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Wright, K. (1991). "The Origins and development of ground stone assemblages in Late Pleistocene Southwest Asia". Paléorient. 17 (1): 19–45. doi:10.3406/paleo.1991.4537.
- ↑ Sasmita, Mamat (2022). Mengenal Teknologi Tradisional Orang Sunda. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya. hlm. 95. ISBN 9786232218314.
- ↑ Pertiwi, A. C., dkk. (2019). "Kearifan Lokal Peralatan Dapur Tradisional Masyarakat Sunda". Jurnal Budaya Nusantara.
- ↑ Suryani NS, Elis. (2010). Kearifan Budaya Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |