Lompat ke isi

Colénak

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Colenak

Colenak (Peuyeum anu dibakar)
Nami asli Dicocol énak
Jinis Lalawuh (Snack)
Bahan utama Peuyeum sampeu
Bahan saos Kinca (Gula beureum & kalapa)
Asal Bandung, Jawa Barat
Tokoh kawentar Aki Murdi (1930)

Colenak (singgetan tina basa Sunda: dicocol énak) nyaéta salah sahiji jenis lalawuh has ti Bandung anu dijieun tina peuyeum sampeu. Cara ngolahna nyaéta peuyeum dibakar sarta disajikeun ku cara dicocolkeun kana kuah anu dijieun tina campuran gula beureum sarta parudan kalapa (katelah ku nami kinca). Colénak nyaéta salah sahiji kadaharan has Sunda dijieun tina peuyeum sampeu beunang meuleum.[1] Colénak téh singgetan ti dicocol énak.[2] Kadaharan ieu biasana didagangkeun ku cara maké gorobag surung.[2] Kiwari mah colénak gé miboga rupa-rupa rasa, salah sahijina colénak rasa kadu.[2]

Colénak téh dijieunna tina peuyeum sampeu nu dibeuleum, tuluy dipidangkeun maké gula beureum nu geus leyur dipanaskeun (kinca).[2] Atawa aya ogé nu dipidangkeun maké entén tina kalapa nu diparud.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Kinanthi, Laras (2014). Masakan Sunda Populer. Jakarta: DeMedia. hlm. 57. ISBN 9789790822009.
  2. 1 2 3 4 5 Kaya, Indonesia. "Colenak, Eksotisme Peuyeum Bakar dari Tanah Parahyangan | IndonesiaKaya.com - Eksplorasi Budaya di Zamrud Khatulistiwa". IndonesiaKaya. Diaksés tanggal 2017-10-17.