Lompat ke isi

Comring

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Comring
Comring, jajanan rangu tina sampeu
Comring, jajanan rangu tina sampeu
Nami séjén Comro garing
Asal Jawa Kulon (Sunda)
Bahan utama Sampeu (Singkong)
Rasa Gurih, lada, aroma daun bawang

Comring nyaéta téh wancahan tina combro garing.[1] Comring téh kaasup salah sahiji kadaharan tradisional Jawa Kulon nu di dipigandrung ku sakumna strata sosial masarakat. Bahan utama nyieun comring téh nyaéta aci atawa sampeu nu diparud jeung oncom keur nambahan rasa has. [1] Wangun ieu kadaharan téh buleud, leutik, ipis, jeung garing, sabab saacan digoréng téh dipoé heula. [2] Rasana gurih jeung ngurukuk, malah beuki dieu sangkan beuki dipikaresep comring téh loba variasi rasana, saperti kéju, amis lada, balado, jeung sajabana.[2]

Bahan sarta Bumbu

[édit | édit sumber]

Bahan utama pikeun nyieun comring nyaéta sampeu anu diparud. Pikeun nambah rasa gurih sarta aroma anu has, adonan comring biasana dicampur ku sababaraha bumbu:

Cara Ngadamel

[édit | édit sumber]

Prosés nyieun comring kawilang merlukeun katapisna leungeun supados hasilna ipis sarta rangu:

  1. Nyiapkeun Sampeu: Sampeu dipesék, dikumbah, tuluy diparud. Cai parudan sampeuna sakedik diperes supados adonanna teu beyé teuing.
  2. Nyangray Bumbu: Campurkeun parudan sampeu jeung bumbu-bumbu anu tos disiapkeun nepi ka rata.
  3. Ngabentuk: Adonan dicandak sakedik-sakedik, tuluy ditémpélkeun sarta dipéléngpéndo (diipiskeun) dina luhureun palastik atawa daun cau nepi ka ngawangun bunderan ipis.[3]
  4. Nggoréng: Comring digoréng dina minyak panas nepi ka warnana konéng kacoklatan sarta téksturna rangu.[4]

Sumebarna

[édit | édit sumber]

Comring seueur diproduksi di sababaraha daérah di Jawa Kulon, salah sahijina anu kakoncara nyaéta comring ti wewengkon Kabupatén Bandung Kulon sarta Kabupatén Garut. Ieu jajanan sering dijadikeun oléh-oléh has Sunda margi awét disimpen dina waktos anu lila.

Rujukan

[édit | édit sumber]


  1. 1 2 "Comring Khas Bandung". Informasi Resep Masakan Indonesia (Dina basa Indonesia). 2017-10-20. Diaksés tanggal 2017-12-04. Archived 2018-01-23 di Wayback Machine
  2. 1 2 "Comring: Home Industry Desa Linggapura | Desa Linggapura, Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis". kknm.unpad.ac.id (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2017-12-04. Archived 2017-01-04 di Wayback Machine
  3. Dinas Ketahanan Pangan Jawa Barat. "Olahan Singkong Tradisional". Diaksés tanggal 18 Pébruari 2026.
  4. Resep Nusantara. "Sajarah sarta Resep Comring"[tumbu nonaktif]. Diaksés tanggal 18 Pébruari 2026.