Lompat ke isi

Formula Hiji

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Formula 1)
Formula Hiji
KategoriOpen-wheel single-seater Formula auto racing
NagaraInternasional
Usum munggaran1950
Supir20
Tim10
GilindingPirelli
Jawara pembalapWalanda Max Verstappen (Red Bull)
Jawara konstruktorJérman Mercedes
Ramatlokaformula1.com
Usum ayeuna

Formula 1 (Formula Hiji, F1, Formula One, atawa Formula Hiji), atawa lengkepna Kajuaraan Dunya FIA Formula Hiji (dina basa Inggris: The FIA Formula One World Championship) mangrupa salah sahiji kajuaraan balap mobil paling bergengsi di dunya. Kajuaraan ieu tos dimimitian ti taun 1950. F1 mangrupa hiji-hijina olahraga balap anu nami besarna tiasa nyaingan maenbal di sababaraha nagara di dunya. Mobil-mobil anu milu kompetisi dina F1 mangrupa mobil-mobil balap husus anu gancangna leuwih ti 300 km/j.

Sajarah awal

[édit | édit sumber]

Lahirna F1 sareng dominasi Italia

[édit | édit sumber]

Balap F1 sabenerna tos dimimitian ti taun 1945, tepatna satutas Perang Dunia II. Ngan kakara dina taun 1947 Paniten anu ngurusna diadegkeun. Ngarana nyaéta Federation Internationale de l'Automobile (FIA), nu saterasna dipecenghulkeun nami Formula 1 ku ayana saran ti Enzo Ferrari.

Balap F1 resmi anu munggaran diayakeun nyaéta GP Eropa di sirkuit Silverstone, Inggris. Teras saacana ogé digelar di Monaco, Swiss, Belgia, Prancis, sareng Italia. Awalna tim Alfa Romeo janten raja di ajang F1 ku ayana tilu pembalapna, Nino Farina, Juan Manuel Fangio sareng Luigi Fagioli. Gelar dunya munggaran éta ahirna kacekel ku leungeun Giuseppe Farina. Taun 1951 Fangio hasil ngarebut titel ti batur satimna. Tapi di ahir usum balapan, tim Alfa Roméo malah ngundurkeun diri ti F1, padahal di taun 1950-51 tim éta téh kacida ngarajana pisan.

Taun 1952-53 gelar dunya ragrag ka leungeun tim Ferrari ku pembalapna, Alberto Ascari. Teras di 1954, ku datangna deui tim Mercedes-Benz, Juan Manuel Fangio naek deui ka puncak tahta. Fangio keukeuh ojoy prestasina di taun 1955 (Mercedes), 1956 (Ferrari), jeung 1957 (Maserati).

Dominasi Inggris

[édit | édit sumber]

Mimiti 1958 tim-tim Inggris mimiti nunjukkeun kaparigelanana di F1. Mike Hawthorn sacara teu di sangka-sanka jadi juara dunia 1958. Di taun eta, Hawthorn ngagabung jeung tim Ferrari. Sainganna nyaéta sasami pembalap Inggris, Stirling Moss ti tim Vanwall.

Tim Cooper ogé nambahan kakuatan pasukan balap Inggris. Cooper mangrupa tim mimiti nu nyieun mobilna tina rangka blok mesin di beulah tukang. Sabenerna rancangan éta téh geus aya ti mangsa Dr. Ferdinand Porsche ngarancangna dua puluh taun katukang. Tapi euweuh tim anu hayang maké rancangan eta. Tina asalna nyoba-nyoba, tim Cooper malah mampu bisa jadi juara dunia dina 1959-1960 ku pembalap Australia, Jack Brabham.

Di 1961 aturan balap robah deui. Ukuran mesin diturunkeun tina asalna 2500 cc jadi 1500 cc wungkul. Mobil anu aya akhirna dirobah jadi leuwih leutik jeung leuwih laun. Di fase periode ieu, tim Inggris mulai ngababat seep tim-tim sareng pembalap ti Italia. Ku ayana bantuan BRM, Graham Hill janten juara dunia 1962, teras di 1963 giliran Lotus anu juara. Lotus teras janten pelopor sasis monokok ngagentoskeun sasis heubeul anu beurat sareng berbahaya. Pembalap Lotus, Jim Clark nyumbangkeun juara dunia di taun 1963 jeung 1965. Ferrari kungsi naek ka tahta juara di 1964, tapi éta ogé ku ayana pembalap Inggris, John Surtess, anu samemehna, Surtess téh mantan juara dunia MotoGP. Tepi ka kiwari di abad ka-21, John Surtess mangrupa hiji-hijina jalmi anu tiasa juara dunia di roda dua sareng roda opat.

Evolusi teknik

[édit | édit sumber]

Mesin (1966-1977)

[édit | édit sumber]

Di era ieu, kapasitas mesin robih deui. Tina asalna 1500 cc dinaekkeun janten 3000 cc. Tapi ieu téh malah janten masalah, sabab teu sadaya tim siap ku aturan eta. Tapi seperti biasa, aya waé anu cobi-cobi inovasi dina era tersebut. Jack Brabham, mantan juara dunia 1959-1960 nu ayeuna tos gaduh tim balap nyalira tiasa manfaatkeun éta peraturan. Kalayan bantuan pasokan mesin tin Repco Engine Australia, Brabham janten juara dunia deui di taun 1966. Taun satuluyna, Denny Hulme, rerencangan satim Brabham naek ka singgasana.

Perkembangan mesin beuki réa ku ayana mesin DFV terbaru ti Ford. Awalna éta mesin téh ngan dipaké ku tim Lotus. Tapi ku sabab ferformana alus sareng hargana anu mirah, mesin éta téh dipaké ku sadaya tim F1 (kajaba Ferrari). Jadi intina mah kaleuwihan tim di zaman DFV ditangtukeun ku kahebatan pembalap sareng mekanik dina ngolah mesin sareng rancangan mobil.

Di 1968 Graham Hill kaluar deui janten juara dunia. Di taun ieu, sisi aerodinamika mulai janten perhatian utama. Tur keur munggaranana, mobil balap mulai ngagunakeun jangjang anu fungsina pikeun ngikis hambatan angin. Di taun éta oge, ban slick (botak tanpa garis) mulai dikembangkeun. Hasil tina inovasi eta, mobil beuki ka dieu beuki ramping jeung hampang.

Kajayaan mesin DFV anu ngadominasi F1 di akhir 1960-an mulai meunang panantang serius di awal 1970-an. Ferrari mulai bangkit deui. Niki Lauda janten juara dunia di taun 1975 dan 1977. Pembalap Ferrari séjéna, Jody Schekter naek ka podium juara dunia di taun 1979.

Teknik (1977-1989)

[édit | édit sumber]

Di akhir 1970-an, pengembangan tehnologi ngajadikeun rupa mobil F1 janten leuwih handap tur ampir paantel jeung taneuh (aspal). Di 1977-78, Lotus ngawanohkeun mobil kalayan konsep ground effect. Ceuk sang penciptana, Colin Chapman, aliran udara di handap mobil nalika mobil maju bisa ngabantu fungsi jangjang dina ningkatkeun kacepatan.

Bentuk rupa mobil anu leuwih rumit kemudian muncul. Saterasna muncul istilah sliding skirt, nyaéta plat panutup tambahan antara body mobil jeung aspal. Skirt téh fungsina pikeun aliran angin di handap mobil sangkan teu berhamburan ka mana-mana tapi langsung ka pengker mobil. Ku kituna, mobil narima daya tekan anu disebat downforce. Ku lantaran ayana downforce, mobil moal langsung ngalayang sanajan majuna kacida gancangna oge.

Konsep éta buahan manis taun 1978. Mario Andretti ti Amérika janten juara dunia pikeun tim Lotus. Dua taun saatosna, Williams F1 berhasil nyampurnakeun konsep ground effect tur hasilna Alan Jones janten juara dunia 1980.

Mesin Turbo (1977-1989)

[édit | édit sumber]

Konsep mesin turbo sabenerna tos aya di F1 ti Juli 1977 nalika tim Renault ngawanohkeun mesin turbo 1500 cc, anu di luar dugaan tiasa ngimbangan mesin normal 3000 cc milik DFV Ford. Sayangna tim-tim anu aya (kaasup Ferrari) masih percaya kana mesin konvensional. Sanajan mesin turbo tiasa meunang hiji balapan di taun 1978, euweuh tim sanes anu serius kana mesin ieu tepi ka taun 1983. Di taun eta, BMW nyobian mesin turbo anu dipasok ka tim Brabham, tur ahirna sukses, di mana di akhir musim Nelson Piquet akhirna naek janten juara dunia.

Saatos kaberhasilan Brabham sareng BMW, sababaraha pabrikan mulai ngalirik mesin turbo. Misalna TAG-Porsche anu kerjasama sareng McLaren atawa Honda sareng tim Williams. Mesin turbo teras ngadominasi era 1980-an. Ukur Ferrari anu teu milu sibuk ku mesin Turbo. Prestasi Ferrari di era 1980-an ogé nyirorot pisan, ngadadak janten awon.

Sayangna, mesin turbo anu gancang téh sering nyababkeun kacilakaan. Akhirna dina tungtung taun 1989, FIA ngalarang digunakeunana mesin turbo. Tapi ragam téhnik di F1 teu eureun. McLaren teras nimukeun sasis bahan carbon, tur Ferrari nimukeun girboks semi otomatis sareng tuas transmisi anu nempel di setir.

Di musim 1989, kapasitas mesin naek janten 3500 cc. Tapi lima taun saatosna, kapasitas mesin turun deui janten 3000 cc. Panyababna nyaéta kacilakaan tragis anu nyababkeun Ayrton Senna sareng Roland Ratzenberger pupus di sirkuit Imola. Antara 1989-1995, tim bebas ngembangkeun mesin sadaekna. Aya nu nganggo V8, V10, sareng V12. Tapi ku sabab hayang nyeragemkeun konfigurasi, akhirna FIA mutuskeun mulai 1996 sadaya tim anu turun di F1 wajib ngagunakeun mesin V10 3000 cc. Kameunangan terakhir mesin V12 nyaéta di GP Kanada 1995 nalika Ferrari Jean Alesi finish kahiji. Sabenerna, usulan panggunaan mesin V10 téh datang ti tim Ferrari anu prestasina di era 1990-an téh masih sami sapertos era 1980-an.

Komputerisasi (1990-an)

[édit | édit sumber]

Era 1990-an ditandai ku ayana perkembangan komputer. Di F1 di era 1990-an perkembangan téhnik anu ujungna kana alat elektronik berkembang pesat. Tina asalna mekanis manual janten otomatis komputer. Konsep drive-by-wire muncul. Jadina nyupiran mobil F1-teh rada sami jeung maen vidéo game di PlayStation.

Ku sabab kitu, daek teu daek biaya anu dikaluarkeun pikeun riset ngaageungan. Akhirna sababaraha tim kolaps, anu tungtungna bangkrut. di antarana anu bangkrut téh tim Brabham sareng Lotus.

Abad 21

[édit | édit sumber]

Dominasi Ferrari

[édit | édit sumber]

Awal dominasi Ferrari di abad 21 tos dimimiti saprak tim beureum éta janten juara konstruktor taun 1999 ngaliwatan Eddie Irvine sareng Mika Salo. Teras di taun 2000 tepi ka 2004 tim éta teras-terasan janten juara dunia lewat Michael Schumacher. Kimi Raikkonen, Fernando Alonso, sareng Juan Pablo Montoya sempet masihan perlawanan ketat di 2003, tapi di akhir, Schumi janten juara dunia deui.

Sayangna gambaran juara dunia Ferrari téh kadang-kadang malah dibungbuan ku tampilan anu kirang sedap. salah sahijina di GP Austria 2001 nalika Schumi naek ka P2, di mana Rubens Barrichello ngelehan akibat téam order. Paling parah di musim 2002, di balapan anu sami, Rubens Barrichello anu harusna meunang ngelehan deui ka Schumacher. Schumacher memang meunang GP Austria 2002, tapi manéhna ogé kudu narima denda 1 juta dollar ku FIA.

Evolusi mobil

[édit | édit sumber]

Taun 2005, Ferrari akhirna eleh oge. Salasahiji sababna nyaéta panggunaan ban anu teu meunang leuwih ti dua set salila balapan. Gelar di 2005 jatuh ka tangan Fernando Alonso. Alonso teras nyetak sejarah, di antarana juara dunia termuda, juara balapan termuda, sareng pamegang pole termuda.

Di musim 2006 kapasitas mesin turun janten 2400 cc konfigurasi V8. Alasanna mesin V10 beuki ka dieu beuki gancang tur ngabahyakeun. Di 1995 kakuatan mesin V10 nyaéta 750 bhp, tapi di 2005 kakuatanna ampir tepi ka angka 1000 bhp.

Minangka juara dunia pertama di era V8 2400 cc nyaéta Fernando Alonso. Teras di musim 2007 Ferrari naek deui ka luhur. Kimi Raikkonen janten juara dunia anyar. Sateuacanna, dua kandidat kuat juara musim 2007, Fernando Alonso sareng Lewis Hamilton anu ngagabung di tim McLaren malah saling perang sodara. Kajadian ieu tangtu nguntungkeun tim Ferrari.

Komersialisasi

[édit | édit sumber]

Awalna F1 téh sawates ajang nyalurkeun hobi babalapan urang Eropa. Tipayun, di era 1950-an anu janten pembalap F1 téh seulobana mah nu baleunghar. Tapi kondisi éta mulai robih di awal 1970-an di mana sababaraha sponsor mulai asup ka F1. Ku sabab kitu, di zaman éta teh, janten pembalap F1 teu kedah nu beunghar wae. Jalma biasa ogé gaduh kasempetan, asal aya sponsor.

Tungtutan sponsor mulai ngadominasi F1 di pertengahan 1970-an. di antarana nyaéta nyebarkeun informasi F1 ka sakuliah dunya. Laun-laun F1 janten ajang balapan kasohor di dunia. Nincak ka 1990-an, nami F1 tos sajajar sareng Piala Dunia Maenbal atau Olimpiade. Tapi kedah dicatet, Piala Dunia sareng Olimpiade digelar opat taun sakali. Sedengkeun F1 digelar unggal taun dina 17 (atawa 18) lomba babalapan di sakuliah dunia ieu.

Zaman ayeuna, janten pagawe atau pembalap di F1 tiasa ngandelkeun dompet anjeun sadaya ku lantaran perputaran duit di F1 tina hasil promosi ka seluruh dunia sareng hak siar TV. F1 téh disiarkeun sacara langsung atawa tunda di 210 nagara lewat TV sareng radio.

Kahebatan promosi F1 ieu téh mangrupa salasa hiji jasa ti Mr. Bernie Ecclestone. Di tangan manéhna, F1 nu asalna olahraga biasa disulap janten olahraga menarik. Memang sapopoena Mr. Ecclestone téh sifatna tangan beusi. Tapi berkat jasana, F1 tiasa ekspansi ka sakuliah dunia. Sanajan ayeuna aya ajang-ajang balapan lain sapertos IndyCar, A1GP, atawa Superleague Formula, tapi teu tiasa dibantah yén fans F1 masih leuwih seeur dibanding ajang-ajang balapan anu sanes.

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]
Official sites
News and reference
History
  • AutocourseGPA.com — historical results and statistics and images since 1950
  • F1DB — Results, statistics
  • 4mula1 — Results and statistics since 1950