Géndol
| Géndol/Impun | |
|---|---|
| Géndol jalu (kénca), géndol bikang (katuhu) | |
| Status konservasi | |
Secure | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Filum: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | P. reticulata |
| Ngaran binomial | |
| Poecilia reticulata Peters, 1859 | |
| Sinonim | |
|
Acanthocephalus guppii | |
Géndol;impun (Poecilia reticulata) nyaéta sebutan pikeun lauk laleutik nu asalna tina kulawarga poeciliidae.[1] Ilahar hirup di susukan, kulah, rawa, ogé lauk laut laleutik nu hirup dimuara sok disebut géndol atawa impun.[1] Géndol bisa hirup dina cai kiruh, hérang, malahan cai nu kakeunaan ku polusi ogé géndolmah masih kénéh bisa hirup.[2][3][4] Géndol sok dimangpaatkeun pikeun nyieun goréngan/péyék, lauk hias, deungeun sangu, parab lauk, jeung sajabana.[4]

Di daérah nu mibanda usaha tambak mah, géndol;impun téh kagolongkeun hama lantaran jadi vektor nu mawa wabah panyakit ka pangeusi tambak.[5]
Mijahkeun
[édit | édit sumber]Sanajan géndol loba kapanggih di kamalir-kamalir nu aya caian atawa kulah, géndol ogé bisa di pijahkeun, carana :[2]
- Sayagikeun bak atawa wadah tina témbokan atawa fiber glass kurang leuwih saméter ka saméter
- Eusian cai kurang lewih jerona 25-40 cm
- Pilih impun piindungeun nu gendut sarta buntet pangawakana, sangkan endogna loba
- Jaluna dipilih nu lempay sarta lincah tur gesit dina ngojayna
- Teundeun wadah pamijahan dinu iuh ulah kasorot panonpoé langsung, dina suhu cai 24-29 darajat C.
- Abruskeun géndol nu rek dipijahkeun kana wadah, badinganna 1 indung géndol 2 jaluna
- Dina sawadah pamijahan bisa diasupkeun 15 siki
- Nincak kana 4-6 poé lauk bikangna geus mimiti éndogan, 5-7 poé ti ngendog bakal megar jadi larva nu loba jumlahna
- Geuwat pisahkeun indung jeung bapana tina larva nu kakara megar, mun henteu sok dihakanan deui ku manéhna
- Paraban ku bakatul atawa huut lembut
- Ieu larva bakal jadi impun dina umur 1-6 bulan, sarta bisa dipanén.[2]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- 1 2 Indah, Putra. Ragam Jenis Ikan Hias Air Tawar Populer: Aneka jenis ikan air tawar hias yang populer di masyarakat. Jakarta2014: Putra Ayu. ISBN '-. Diaksés tanggal 9 Nopember 2019. ; Pemeliharaan CS1: Lokasi (link) Salah ngutip: Parameter dalam tag
<ref>tidak sah; - 1 2 3 Bachtiar & Tim Lentera, Ir. Yusuf. Menghasilkan Pakan Alami untuk Ikan Hias. Jakarta2014: AgroMedia. ISBN 9789793357683. Diaksés tanggal 9 Nopember 2019. Pemeliharaan CS1: Lokasi (link) Salah ngutip: Parameter dalam tag
<ref>tidak sah; - ↑ Baik, Pidi. Drunken Mama. Jakarta2009: DAR! Mizan. ISBN 9789797529529. Diaksés tanggal 9 Nopember 2019. Pemeliharaan CS1: Lokasi (link)
- 1 2 Pelestarian, Balai. jurnal penelitian sejarah dan budaya. Bandung2014: Balai Pelestarian Sejarah dan Nilai Tradisional Bandung, Departemen Kebudayaan dan Pariwisata. ISBN '-. Diaksés tanggal 9 Nopember 2019. ; Pemeliharaan CS1: Lokasi (link)
- ↑ Heryadi Sutisna, MS. & Ratno Sutarmanto, Ir. Dedy. Pembenihan Ikan Air Tawar. Jakarta2014: Kanisius. ISBN 9789794973523. Diaksés tanggal 9 Nopember 2019. Pemeliharaan CS1: Lokasi (link)
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
- Kotak takso nu merlukeun paraméter sistim status
- Articles containing non-English-language text
- Artikel anu maké mikropormat 'spésiés'
- Artikel taxobox leungit taxonbar
- Galat CS1: tanggal
- Galat CS1: ISBN
- Pemeliharaan CS1: Lokasi
- Pranala Commons ditentukan secara lokal
- Ékologi akuatik
- Lauk darat
- Sasatoan
- Sasatoan Sunda
- Sasatoan Indonésia
- Halaman dengan kesalahan referensi