Guratmangsa sajarah Islam abad ka-10
Pidangan
(dialihkeun ti Gariswanci sajarah Islam abad ka-10)
Gariswanci sajarah Islam: abad ka-6 | 7 | 8 | 9 | 10 | 11 | 12 | 13 | 14 | 15 | 16 | 17 | 18 | 19 | 20 | 21 |
Gariswanci sajarah Islam abad ka-10 (900 - 999) (288 SH - 391 H)
[édit | édit sumber]- 902: Pupusna khalifah Abbasiyah al-Mu'tadid; al-Muktafi janten khalifah. Pupusna pamingpin Saffariyah Amr bin Laith.
- 903: Tiwasna pamingpin Qarmatian Abu Said Qarmatian; diangkatna Abu Tahir.
- 905: Abdullah bin Hamdan ngadegkeun pamaréntahan Hamdaniyah di Mosul jeung Jazira. Pungkasannana pamaréntahan Tuluniyah rdi Mesir.
- 908: Pupusna khalifah Abbasiyah Muktafi; diangkatna al-Muqtadir. Ahir pamaréntahan Saffariyah, sabagian wilayahn dicomot ku Samaniyah.
- 909: Sa'id ibn Husayn, kalayan bantuan komandan da'iyah pupuhu Abdullah ibn Husayn Al-Shi'i ngagulingkeun Aghlabiyah srta ngadegkeun pamaréntahan Fatimiyah di Afrika Kalér nu mana anjeunna ngarobih pangkatna janten Imam Ubayd Allah al-Mahdi Billah. Aghlabiyah Ziyadat Allah salajengna kaluar ti wewengkon éta, sarta sareng anjeunna sésa kaom Suni Islam di Afrika Kalér.
- 912: Pupusna Umayyah Abdallah ibn Muhammad di Spanyol, digentos ku Abd-ar-rahman III.
- 913: Tiwasna pupuhu Samaniyah Ahmad II, digentos ku Nasr II.
- 928: Mardawij bin Ziyar ngadegkeun pamaréntahan Ziyariah di Tabaristan.
- 929: Qarmatian nyerang Mekah sarta nyandak Batu Hideung ti Ka'bah. Di Spanyol, Abd-ar-rahman III ngumumkeun nyalira minangka khalifah Cordoba.
- 931: Léngsér sarta pulihna khalifah Abbasiyah al-Muqtadir. Pupusna pupuhu Qarmatian Abu Tahir; digentos ku Abu Mansur.
- 932: Pupusna khalifah Abbasiyah Muqtadir; digentos ku al-Qahir.
- 934: Léngsérna khalifah Abbasiyah al-Qahir; digentos ku ar-Radi. Pupusna khalifah Fatimiyah Ubaidullah; digentos ku al Qaim; Emad o-dowleh Abol Hasan ngadegkeun kakawasaan buwayhiyah di Fars.
- 935: Rokn o-dowleh meunangkeun Rey sarta ngadegkeun pamaréntahan rey Buwayhiyah. Tiwasna pupuhu Ziyariyah Mardawij; digentos ku Washimgir. Pupusna pupuhu Hamdaniyah Abdullah bin Hamdan digentos ku Nasir ud Daula.
- 936: Ngalangungan kudéta, Ibn Raiq janten Amir ul Umara dina khalifah Abbasiyah ar-Radi.
- 938: Ku alatan kudéta sanésna, kakawasaan di Baghdad dikéngingkeun ku Bajkam.
- 940: Pupusna khalifah Abbasiyah Ar-Radi, digentos ku al-Muttaqi.
- 941: Tiwasna Bajkam, ngéngingkeun kakawasaan ku Kurtakin.
- 942: Ibn Raiq ngarebut deui kakawasaan di Baghdad.
- 943: Al Baeidi ngarebut kakawasaan. Khalifah Abbasiyah al-Muttaqi kapaksa ngungsi jeung Hamdaniyah. Sail ud Daula ngarebut kakuatan di Baghdad sarta khalifah mulih deui ka Baghdad. Kakawasaan direbut ku Tuzun sareng Sail ud Daula lirén ka Mosul. Pupusna pupuhu Samaniyah Nasr II, digentos ku Hamid Nuh I.
- 944: al-Muttaqi dilolongan sarta diléngsérkeun, digentos ku al-Mustakfi.
- 945: Pupusna Tuzun. Shirzad janten Amir ul Umra. Mo'ez o-dowleh ngarebut sarta ngadegkeun Buwayhiyah di Irak. Léngsérna khalifah Abbasiyah al-Mustakfi.
- 946: Pupusna khalifah Fatimiyah A1 Qaim. Digentos ku Mansur. Pupusna pupuhu Ikhshiyah Muhammad bin Tughj, digentos ku Abul' Qasim Ungur.
- 949: Pupusna shah Buwahiyah Fars, Emad o-dowleh Abol Hasan. Digentos ku Azod o-dowleh .
- 951: Qarnaatiana mulangkeun Batu Hideung ka Ka'bah.
- 954: Pupusna pupuhu Samaniyah Hamid Nuh I, digentos ku Abdul Malik I.
- 961: Pupusna pupuhu Samaniyah Abdul Malik I, digentos ku Mansur I. Alptgin ngadegkeun pamaréntahan Ghazanaviyah. Pupusna khalifah Umayyah Abdul Rahman III di Spanyol; digentos ku al-Hakam II. Pupusna pupuhu Ikhshiyah Ungur, digentos ku Abul Hasan Ali.
- 965: Pupusna pupuhu Qarmatian Abu Mansur; digentos ku Hasan Azam. Dipaténina pupuhu Ikhshiya Abul Hasan Ali; kakawasaan direbut ku Malik Kafur.
- 967: Pupusna Sultan Buwayhiyah Muiz ud Daula, digentos ku Azad o-dowleh Bakhtiar. Pupusna pupuhu Hamdaniyah Sail ud Daula.
- 968: Byzantium nempatan Aleppo. Pupusna pupuhu Ikhshiyah Malik Kafur; digentos ku Abul Fawaris.
- 969: Fatimiyah ngéngingkeun Mesir.
- 972: Buluggin bin Ziri ngadegkeun pamaréntahan Ziriyah di Algeria.
- 973: Kakacoan Si'ah Sunni di Baghdad; kakawasaan direbut di Baghdad ku Jéndral Turki Subuktgin.
- 974: Abdication khalifah Abbasiyah Al-Muti; digentos ku at-Ta'i.
- 975: Pupusna Jéndral Turki Subuktgin. Pupusna khalifah Fatimiyah al-Muizz.
- 976: Sultan Buwayhiyah Izz ud Daula ngarebut deui kakawasaan kalayan bantuan sepupu-na Azud ud Daula. Pupusna pupuhu Samaniyah Mansur I, digentos ku Nuh II. Di Spanyol pupusna khalifah Umayyah al-Hakam II, digentos ku Hisham II.
- 978: Pupusna Sultan Buwayhiyah Azad o-dowleh Bakhtiar, kakawasaan direbut ku Azud ud Daula nu maréntah saméméhna di Fars. Hamdaniyah diléngsérkeun ku Buwayhiyah.
- 979: Subkutgin janten Amir Ghazni.
- 981: Pungkasannana pamaréntahan Qarmatian di Bahrain.
- 982: Pupusna Sultan Buwayhiyah Azud ud Daula; digentos ku Samsam o-dowleh.
- 984: Pupusna pupuhu Ziriyah Buluggin, digentos ku Mansur Ziriyah.
- 986: Sultan Buwyhiyah Samsara ud Daula diléngsérkeun ku Sharaf ud Daula.
- 989: Pupusna Sultan Buwayhiyah Sharaf ud Daula, digentos ku Baha ud Daula.
- 991: Léngsérna khalifah Abbasiyah at-Ta'i, digentos ku al-Qadir.
- 996: Pupusna pupuhu Ziriyah Mansur, digentos ku Nasir ud Daula Badis.
- 997: Pupusna pupuhu Samaniyah Nuh II, digentos ku Mansur II.
- 998: Pupusna pupuhu Samaniyah II, digentos ku Abdul Malik II. Mahmud ti Ghaznaviyah jantem Amir Ghazni.
- 999: Pungkasannana Samaniyah.