Guludug
Guludug nyaéta kilatan listrik di hawa anu dibarengan ku sada ngaguruh alatan paamprokna awan anu boga muatan listrik positif (+) sarta négatif (–).[1] Guludug biasana dikaitkeun kalayan awan cumulonimbus (awan), tapi ogé lumangsung di awan stratiform, dina badai salju sarta badai lebu, sarta sakapeung dina lebu sarta gas anu dipancarkeun ku gunung merapi nu bitu.[2] Lamun awan anu kaleuwihan éléktron nu aya di luhur hateup hiji gedong ngabalukarkeun gedong kainduksi jadi muatan positif.[3] Luncatan éléktron lumangsung ti awan ka hateup gedong alatan ayana gaya pabetot-betot duanana.[3] Hal ieu ngabalukarkeun gedong kasamber guludug.[3] Cara pikeun nyingkahan samberan guludug mangka hateup gedong dilengkepan panangkal guludug.[3] Prinsip gawé panangkal guludug nyaéta ngamangpaatkeun sipat-sipat muatan listrik anu kakumpul dina bagian anu léncop.[3] Pangkal guludug biasana mangrupa tihang anu dipasang paku-paku seukeut.[3] Paku-paku ieu dijieun tina tambaga anu disimpen di bagéan hateup gedong sarta salah sahiji tungtungna disambungkeun kalayan lémpéngan logam anu di teundeun di jero taneuh.[3] Cara panangkal guludug nangtayungan gedong ti samberan guludug nyaéta:
- Luncatan éléktron ti awan nyérélék ngaliwatan guludug sarta asup di jero taneuh.[3] Urang kudu inget yén bumi bisa nandéan éléktron dina jumlah teu kawates.[3]
- Lamun molékul-molékul hawa bermuatan listrik positif ngariung dina tungtung panangkal guludug baris nyérélék kaluar ku kituna muatan listrik induksi dina hateup ngurangan sarta sawaréh muatan négatif dina awan jadi nétral, ku kituna kamungkinan samberan guludug leuwih leutik.[3]
Rujukan
[édit | édit sumber]Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |