Hangeul

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Hangul (한글) atawa
Chosŏn'gŭl (조선글)[1]
Tipeu: Alpabét
Basa: Koréa
Dijieun*ku Raja Sejong
Mangsa: ~1444 nepi ka kiwari
Sistim Tulis indung: artificial script
Hangul (한글) atawa
Chosŏn'gŭl (조선글)[1]
Hangulpedia.svg
Hangeul
Kecap Han-geul ditulis ku aksara Hangeul
Kecap Han-geul ditulis ku aksara Hangeul
Ngaran Koréa
Hangul 한글 (di Koréa Kidul)
조선글 (di Koréa Kalér)
Alih Aksara anu Disampurnakeun Hangeul (di Koréa Kidul)
Joséon-geul (di Koréa Kalér)
McCune-Reischauer Han'gŭl (di Koréa Kidul)
Chosŏn'gŭl (di Koréa Kalér)

Hangeul (Basa Koréa: 한글, hangeul atawa hangǔl), atawa Joseon-geul/Chosŏn'gŭl (조선글) di Koréa Kalér nyaéta alpabét asli basa Koréa (dibandingkeun jeung sistim Hanja nu diinjeum ti Tiongkok.[2]

Sanajan tulisan Hangul katempo saperti tulisan idiografik (tulisan dina wangun 'simbul', misalna basa Tiongkok), Hangul sabenerna mangrupakeun aksara fonétik. Unggal blok Hangul kawengku ku sakurang-kurangna dua diantara 24 hurup (jamo)— 14 hurup paéh (konsonan) jeung 10 hurup hirup (vokal). Numutkeun sajarah, alpabet Hangul sabenerna masih miboga 3 konsonan jeung 1 hurup vokal, ngan dileungitkeun lantaran geus teu dipaké deui.

Hangeul diciptakeun ku Raja Sejong nu Agung ti Joséon taun 1435. Formula abjad ieu disebut 훈민정음 (Hunminjeongeum, hartina Sora nu hadé anu diajarkeun pikeun rahayat). Raja Séjong nyieun formula abjad anu luyu jeung basa Koréa lantaran Hanja (karakter anu diinjeum ti Tiongkok) henteu luyu jeung basa Koréa. Sanajan kitu, kaum yangban (bangsawan) keukeuh maké Hanja lantaran manéhna nganggap Hanja teu bisa digenti ku aksara nu séjén.

Ngaran Hurup Vokal[édit | édit sumber]

Jamo Cara nyebut Jamo Cara nyebut
a (아) ae (애)
ya (야) yae (얘)
eo (어) e (에)
yeo (여) ye (예)
o (오) oe (외)
yo (요) wae (왜)
u (우) wa (와)
yu (유) wi (위)
eu (으) wo (워)
i (이) ui (의)
we (웨)

Ngaran Hurup Konsonan[édit | édit sumber]

Jamo Ngaran (di Koréa Kidul) Ngaran (di Korea Kalér) Romaji (di awal) Romaji (di ahir) Jamo Ngaran (di Koréa Kidul) Ngaran (di Koréa Kalér) Romaji (di awal) Romaji (di ahir)
giyeok (기역) kiŭk (기윽) G K nieun (니은) niŭn (니은) N N
digeut (디귿) tiŭt (디읃) D T rieul (리을) riŭl (리을) R L
mieum (미음) miŭm (미음) M M bieup (비읍) piŭp (비읍) B P
siot (시옷) siŭt (시읏) S T ieung (이응) iŭng (이응) tambahan pikeun vokal anu aya di awal NG
jieut (지읒) chiŭt (지읒) J T chieut (치읓) ch'iŭt (치읓) C T
kieuk (키읔) k'iŭk (키읔) K K tieut (티읕) t'iŭt (티읕) T T
pieup (피읖) p'iŭp (피읖) P P hieut (히읗) hiŭt (히읗) H T
ssangjieut (쌍지읒) toen'chiŭt (된지읒) CC T ssangsiot (쌍시옷) toen'siŭt (된시읏) SS T
ssangbieup (쌍비읍) toen'biŭp (된비읍) PP T ssangdigeut (쌍디귿) toen'tiŭt (된디읃) TT T
ssanggiyeok (쌍기역) toen'kiŭk (된기욱) KK K

Catetan suku[édit | édit sumber]

Nulis.jpg