Hutan Raya Juanda
Hutan Raya Juanda mangrupa leuweung anu tempatna aya di Pasir Dago, wilayah Pakar, Bandung Kalér.[1][2] Hutan Raya Juanda ieu mangrupa leuweung anu dijagaan, objék wiasata, ogé mangrupa salah sahiji tempat pikeun ngabudidayakeun pepelakan anu geus langka.[1] Anapon gagasan pikeun ngayakeun jeung ngawétkeun Hutan Raya Juanda ieu geus aya ti taun 1964, tapi karék laksana dina bulan Nopémber taun 1984. Dimimitian ku Kementrian Kehutanan ku ngawangun jeung ngabebenah wewengkon leuweung Dago luhur di pasir Bandung Kalér dijadikeun cagar alam "Hutan Raya Juanda" anu jadi tempat pikeun ngabudidayakeun pepelakan anu geus langka, jeung jadi tujuan keur wisata.[2]
Nurutkeun kana cutatan sajarah, dina tahun 1917 geus aya urang deungeun anu miboga rencana yén wilayah Bandung Kalér téh rék dijadikeun Soenda Openlucht Museum (Museum Alam Kabuka Sunda) ninggali kana kayaan alam sunda anu pinuh ku mangpirang-pirang pepelakan jeung sasatoan anu geus langka, ogé kapanggihna situs budaya Bababakan Mégalitik anu mangrupa sésa kabudayaan manusa Bandung purba.[1] Anapon deungeun-deungeun anu miboga gagasanna téh nyaéta a.l Dr. W. Docters Van Leuwen, K.A.R Bosscha, F.W.R. Diemont, P. Holten, jeung W.H Hoogland anu kagabung dina dina komiteu Bandoengsche Comitte Tot Natuurbescherming (Komiteu Kasalametan Kalumangsungan Alam Bandung).[2]
Leuweung kawasan Bandung Kalér ieu tadina rék disalametkeun ku komiteu lantaran loba masarakat anu nyawah di daérah éta, ogé ku ayana kawijakan Gemeente Bandoeng kaping 1 April 1906. Usaha pikeun nyalametkeun leuweung Bandung Kalér beunang ku gagal nalika pembangkit hidroéléktrik dijieun di hulu walungan Cikapundung tahun 1921.[1] Ku ayana pembangkit hidroéléktrik éta ngamimitian jul jol ayana warga anu ngababakan di daérah éta, jeung anu nyésa ngan tinggal Theehuis urut pertemuan Komiteu Kasalametan Kalumangsungan Alam Bandung.[2]
Dr. W. Docters van Luewen di tahun 1915 ngedalkeun yén di Bandung tepatna di Curug Dago aya hiji kembang anggrék anu jenisna ngan ukur aya di Bandung. Kembang aggrék éta dingaranan anggrék Nervillea Aragona jeung Microostylis Bandongensis anu tangkalna ngan 20 cm jeung miboga sipat sengit, éndah, unik, tur jarang kapanggih. Leuweung Juanda ngabogaan leuwih ti 100 rupa pepelakan, jeung tatangkalan kurang leuwih 2500 kaasup Camara Laut (suarina equisetifolia), Camara Gunung (Casuariana Junghuhniana), Bayur Sulawesi (Pterosperum Celebium), Kayu Putih (Euclayptus Alba), jeung sajabana. Aya ogé jenis tatangkalan anu asalahna ti Luar Indonésia, saperti Tangkal Sosis ( Kigelia Aethiopica), anu asalna ti Hawaii, Pines Méksiko, Cengal Pasir ti Burma. Aya ogé mangpirang manuk, kayaning kepodang (Orolus Chinessis), cangkurileung (Pycononotus Caferugaster), cangéhgar (Gallus Bankiva), ogé sato anu letik saperti mencek (Parado ciurus notatus), jeung bajing (Callos ciurus notatus).[2][1]
Daptar Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e Fanika, Dra; Asep happidin, Ssi (20063). Pembelajaran Tematis. Jakarta: PT Grafindo Media Pratama. p. 109. ISBN 9789797584689.
- ↑ a b c d e Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |