Lompat ke isi

Ibnu Rusyd

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ibnu Rusyd
Patung Ibnu Rusyd di Cordoba, Spanyol
Gumelargumelar di Cordoba, 14 April 1126 – maot 10 Désémber 1198 dina umur 72 taun[1]
JamanAbad pertengahan (Mangsa kajayaan Islam)[1]

Abu Al-Walid Muhammad bin Ahmad bin Rusyd atawa nu leuwih dipikawanoh ku ngaran Ibnu Rusyd nyaéta salah saurang filsuf muslim ti abad pertengahan.[2] Sedengkeun ku bangsa Eropa leuwih sering disebut Averroes.[2] Gumelar di Cordoba, Spanyol, ti kulawarga muslim Cordoba nu kasohor nu miboga jabatan sarta pangaruh nu kuat salila kurang leuwih dua générasi.[1] Ibnu Rusyd kaasup filsuf sarta pamikir kasohor dina sajarah umat manusa.[2] Pamikiran-pamikiranana geus loba mangaruhan kana kabébasan jeung kabangkitan bangsa Eropa.[2] Nu jadi salah sahiji buktina nyaéta Universitas Padua di Itali nu jadi puseur sumebarna pamikiran-pamikiran Ibnu Rusyd.[2]

Ibnu Rusyd nyuprih élmu di kota kalahiranana, nu di mana harita mangrupa puseur atikan jeung paélmuan di Eropa.[1] Ibnu Rusyd diajar hadis ka Abul Qasim, jeung Abu Abdullah Marzi.[1] Diajar fiqih ka Hafiz Abu Muhammad Ibnu Rizq.[1] Sarta diajar élmu kadokteran ka Abu Jafar, nepi ka Ibnu Rusyd meunang gelar kasarjanaan tinggi dina widang sastra, hukum, filsafat jeung kadokteran.[1]

Ibnu Rusyd kungsi nulis buku ngeunaan kadokteran saloba dua puluh buku.[2] Buku nu paling kasohor nyaéta nu judulna Al-Kulliyat fi Ath-Thib, buku énsiklopedi kadokteran nu jumlahna tujuh jilid.[2] Dina sababaraha bukuna, Ibnu Rusyd ngajelaskeun susunan panon.[2] Manéhna ogé anu nyebutkeun yén manusa katarajang ku panyakit cacar ngan sakali saumur hirupna.[2] Ibnu Rusyd ogé kungsi ngoméntaran pasualan anatomi, yén saha waé nu neuleuman élmu anatomi, kaimananna ka Allah bakal naék.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g "Seratus Muslim Terkemuka" kaca 192. Jakarta: Pustaka Firdaus, 2003
  2. a b c d e f g h i j "147 Ilmuwan Terkemuka Dalam Sejarah Islam" kaca 484. Jakarta: Pustaka Al-Kautsar