Jalak
| Jalak | |
|---|---|
| Jalak Jawa | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Filum: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | Sturnidae |
Jalak mangrupa manuk ti suku Sturnidae nyaéta ngaran sakelompok manuk nu miboga sora alus, umumna ukuran awakna sedeng (kira-kira 20–25 cm), gagah jeung pamatuk nu kuat, seukeut sarta lempeng.[1] Sukuna panjang sabanding jeung awakna, sorana ribut jeung tarik, kadang-kadang bisa nurutan sora manuk séjénna.[1] Di alam, manuk ieu lolobana miboga sayang diliang-liang tangkal.[1] Manuk jalak umumna babari pisan lindeukna, dina jero kandan, manuk ieu teu daék cicinng, resepna hihiberan jeung disada.[1] ku sabab éta, ngukut manuk ieu biasana miboga tujuan pikeun ngalatih manuk séjéna disada kawas manuk Jalak.[2]
Kadaharan
[édit | édit sumber]Ngadahar ampir sakabéh jenis kadaharan, utamana mangrupa voer, cau, kroto, jeung jangkrik.[1][2]
Wanda jinis
[édit | édit sumber]Hésé pisan ngabedakeun nu mana jalu jeung bikang, tapi biasana mah dilakukeun pamariksaan daérah kloaka.[1] Jalak nu jalu biasana miboga bagian kloaka nu leuwih gedé.[1]
Jenis Jalak
[édit | édit sumber]Aya leuwih ti 25 spesies jalak, nyaéta perlingjeung beo, di sakuliah Indonesia.[1] Sababaraha jenis jalak nu ilahar dikukut ku manusa, nyaéta:[1][2]
- Jalak suren (Sturnus contra)[1]
- Jalak bodas (S. melanopterus)[1]
- Jalak bali (Leucopsar rothschildi)[1]
- Jalak munding atau Kerak kerbau (Acridotheres javanicus).[1]
Rujukan
[édit | édit sumber]| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |