Lompat ke isi

Jalan Asia Afrika

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Jalan Asia Afrika nyaéta salah sahiji jalan di Bandung anu ngaran baheulana nyaéta Groote Postweg atawa Jalan Raya Pos. Jalan Asia Afrika di Bandung aya patalina jeung pangwangunan kota Bandung. Basa éta, Gubernur Jénderal Herman Willem Daendels ti Walanda nancepkeun tongkatna, teras tempat éta téh diabadikeun janten tugu Bandung Nol Kilometer.[1]

Cutatan ti Brouwer

Sajarah

[édit | édit sumber]

Saméméh KAA (Konferénsi Asia Afrika) dilaksanakeun, ngaran jalannya téh Groote Postweg atawa Jalan Raya Pos, mangrupa ruas jalan nu diwangun ku Daendels. Lébar jalan éta téh ti Anyer nepi ka Panarukan anu panjangna nepi ka 1.000 km. Dina pangwangunan jalan, aya korban 30.000 jelema anu dipigawe dina proyék pangwangunan jalan.[1] Jalan Raya Pos Anyer-Panarukan diwangun ku sabab aya motif ekonomi, militer jeung komunikasi.[2]

Parobahan ngaran jalan

[édit | édit sumber]

Dina taun 1955, jalanna dirobah ngaranna janten Jalan Asia Afrika kusabab badé dilaksanakeun Konferénsi Asia Afrika anu dilaksanakeun mimiti kaping 18 April nepi ka 24 April 1955. Nepi ka ayeuna Jalan éta kasohor kusabab aya sajarahna ka tukang. Sanajan Perang Dunia kadua tos réngsé, suasana tentrem jeung makmur teu acan kahontal. Dunya janten kabagi dina dua kubu nyaéta Blok Barat anu diwangun ku negara-negara anu pahamna liberal jeung Blok Timur anu diwangun ku negara-negara anu pahamna komunis. Kadua blok éta téh milarian negara-negara sekutu pikeun ngaluaskeun pangaruh pahamna. Sementawis éta, aya sababaraha negara dina Benua Asia jeung Afrika anu can kungsi merdéka ku sabab aya paham kolonialisme jeung imperialisme. Indonésia badé ngawujudkeun kaayaan dunya kanten leuwih sejahtera, makmur sentosa. Ku sabab éta, kudu dilaksanakeun KAA (Konferénsi Asia Afrika) pikeun ngusahakeun kamerdékaan negara-negara anu masih keneh dikuasai ku penjajah. Kegiatan KAA dilaksanakeun di Gedong Merdéka Bandung anu diketuai ku Perdana Menteri Ali Sastroamidjojo sarta dikawitan ku Presiden Soekarno. Aya 30 negara ti kawasan Asia Afrika, namung ngan 29 negara anu hadir ku sabab kondisi politik Afrika Tengah teu acan stabil.[3]

Parobahan ngaran janten Jalan Asia Afrika téh idena Presiden Soekarno anu disambut ku anggota Dewan Kota Bandung. Rapat éta dilaksanakeun di Balai Kota, dipingpin ku E.Z. Muttaqien. Dina rapat éta diputuskeun yén anu kaasup Jalan Asia Afrika téh ujungna dina simpang Jalan Otto Iskandar Dinata nepi ka simpang lima Jalan Ahmad Yani ayeuna. Gedong Schouwburg Concordia dirobah ngaranna janten Gedong Merdéka. Jalan Alun-Alun Barat dirobah ogé ngaranna janten Jalan Mesjid Agung.[2]

Tugu 0 Kilométer

[édit | édit sumber]

Dua taun saangeus pangwangunan Jalan Raya Anyer-Panarukan, dina tahun 1810, Daendels datang ka Bandung saangeus pangwangunan jembatan kali Cikapundung réngsé. Basa éta, Daendels jeung Bupati Bandung RA Wiranatakusumah II leumpang sapanjang Jalan Asia Afrika ayeuna. Daendels basa éta nancepkeun kayu bari ngucapkeun, "Zorg, dat als ik terug kom hier een stad is gebouwd," anu hartina nyaéta kirang leuwih “Lamun urang balik deui kadieu, urang hoyong tempat ieu janten salah sahiji kota,”

Dina kaping 25 September 1810, Bupati Bandung anu ngaranna RA Wiranatakusumah II dipasihan surat anu eusina perkawis pangalihan pamaréntahan kota atawa kabupatén. Surat éta janten sajarah lahirna kota Bandung. Sanajan kitu, lokasi Daendels nancepkeun tongkatna anu dingaranan tugu 0 KM Bandung nembé diresmikeun dina taun 2004 ku Gubernur Jawa Barat Danny Setiawan. Salian ti tugu, diwangun ogé monumen mesin panggilingan kuno jeung batu prasasti sajarah. Tugu éta pikeun jadi ingetan wargi Bandung ku sabab rakyat dina zaman éta gotong royong ngawangun Jalan Raya Anyer Panarukan.[4]

Wangunan di Jalan Asia Afrika

[édit | édit sumber]

Di Jalan Asia Afrika, Bupati basa éta ngawangun pendopo sarta alun-alun. Para saudagar ngawangun hotel anu ayeuna kasohor ku masarakat nyaéta Hotel Savoy Homann jeung Grand Hotel Preanger. Aya deui toko kelontong De Vries di seberang Jalan Braga.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b "Mengenal Sejarah di Balik Jalan Asia-Afrika Bandung". goodnewsfromindonesia.id. Diakses tanggal 17 November 2023. 
  2. a b c Fauzan, Hevi Abu. "Penamaan Jalan Asia Afrika Bandung". Diakses tanggal 17 November 2023.  Archived 19 Januari 2023 di Wayback Machine
  3. PS, Asahat Edi Rediko. "Sejarah Jalan Asia-Afrika Bandung Sebelum Diselenggarakannya Konferensi Internasional Tahun 1955". Pikiran-Rakyat.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  4. Wamad, Sudirman. "Melihat Bandung Tempo Dulu dari Titik 0 KM di Jl Asia-Afrika". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-12-02.