Lompat ke isi

Herman Willem Daendels

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Herman Willem Daendels

Herman Willem Daendels lahir di Hattem, Gelderland tanggal 21 Oktober 1762 tilar di St. George d'Elmina (Dutch Gold Coast, ayeuna bagian ti Ghana), 2 Méi 1818) nyaéta saurang politikus Walanda anu ngajabat jadi Gubernur Jéndral Hindia-Walanda-Wétan ka-36 antara taun 1808 jeung 1811.[1]

Mangsa Awal Hirup

[édit | édit sumber]

Lahir di Hattern, Walanda tanggal 21 Oktober 1762, anak ti Burchard Johan Daendels, saurang sekretaris mayor jeung Josina Christina Tulleken. Anjeunna diajar élmu hukum di Universitas Hardewijk, nyangking gelar doktor tanggal 10 April 1783.

Mangsa Sawawa

[édit | édit sumber]

Dina taun1780 jeung1787 anjeunna milu pakumpulan pemberontak di Walanda jeung tuluy lumpat nyalingker ka Perancis. Di dinya anjeunna ningali ti kadeukeutan Révolusi Perancis tuluy ngagabungkeun manéh jeung pasukan Batavia anu républikan. Ahirna anjeunna meunang pangkat jéndral jeung dina taun 1795 anjeunna asup ka Walanda tuluy asup ka tentara républik batavia kalawan pangkatna Létnan-Jéndral. Minagnka kaum Unitars, anjeunna miluan ngurus pikeun disusunna Undang-undang Dasar Walanda nu mimiti. Ogé anjeunna ngainvéntarisir sacara militér dua kali. Tapi invasi urang Inggris jeung Rusia di provinsi Noord-Holland téh akibatna goréng keur anjeunna mah. Anjeunna dianggap kurang tanggap jeung diserang ku sababaraha-pihak . Ahirna anjeunna kuciwa jeung ngundurkeun manéh ti tentara dina taun 1800. Anjeunna mutuskeun pindah ka Heerde, Gelderland.

Dina taun 1806 anjeunna dipanggil ku Raja Walanda, Raja Louis (Koning Lodewijk) pikeun ngabakti deui di tentara Walanda. Anjeunna dibéré tugas pikeun ngajagaan provonsi Friesland jeung Groningen tina serangan Prusia. Tuluy sabada suksés, dina tanggal 28 Januari 1807 dumasar saran Kaisar Napoléon Bonaparté, anjeunna dikirim ka Hindia-Walanda minangka Gubernur Jéndral.

Gubernur Jḗndral di Hindia-Walanda

[édit | édit sumber]

Daendels nepi di Batavia dina tanggal 5 Januari 1808 pikeun ngaganti Gubernur Jéndral Albertus Wiese. Daendels dipapancénan tugas utamana pikeun jadi panyalindung pulo Jawa tina serangan tentara Inggris. Jawa téh mangrupa hii-hijina wewengkon koloni Walanda-Perancis anu can ragrag kana kakawasaan Ingris sabada Isle de France jeung Mauritius dina taun 1807. Tapi sanajan kitu sababaraha kali armada Inggris téh geus muncul di wilayah kalér laut Jawa, ogé di deukeut Batavia. Dina taun 1800, armada Inggris geus ngablokir Batavia jeung ngancurkeun pangkalan kapal walanda di Pulo Onrust nepika teu pungsi deui. Dina taun 1806, armada leutik Inggris dina kapamingpinan laksamana Pellew muncul di Gresik.

Sabada blokade singget, pupuhu militér Walanda, Von Franquemont mutuskeun pikeun embung ngéléhan ka Pellew. Ultimatum Pellew pikeun badarat di Surabaya téh teu kalakonan, tapi saméméh ninggalkeun Jawa, Pellew nungtut ka Walanda sanggak ngabongkar sakabéh pertahanan mariem di Gresik jeung ahirna dikabulkeun. Nalika ngadéngé ieu hal téh, Daendels sadar yén kakuatan Perancis-Walanda anu aya di jawa téh moal mampuh nyanghareupan kakuatan armada Inggris. Nu antukna anjeunna ngalaksanakeun tugasna kalawan buru-buru. Tentara Walanda téh ku anjeunna dieusian ku para pribumi, anjeunna ngawangun rumah sakit jeung tangsi-tangsi militér anyar. Di Surabaya anjeunna ngawangun hiji pabrik senjata, di Semarang anjeunna ngawangun pabrik mariem jeung di Batavia anjeunna ngawangun sakola militér. Kastil nu di Batavia diancurkeun ku anjeunna tuluy diganti ku bénténg di Meester Cornelis (kiwari Jatinegara). Di Surabaya diwangun Bénténg Lodewijk. Proyék utama anjeunna nyaéta Jalan Raya Pos, sabenerna mah diwangun ogé pikeun mangpaat militérna, nyaéta pikeun ngusahakeun tentara-tentarana sangkan bisa gerak kalawan gancang.

Ka raja-raja di Jawa, anjeunna boga sikep keras, tapi kurang stratégis nu antukna para-raja téh nyimpen dendam ka anjeunna. Dina sawangan Daendels, sakumna raja pribumi kudu ngaku ka raja Walanda minangka jungjunganna jeung ménta panyalindungan ka anjeunna. Dumasar kana konsép ieu, Daendels ngarobah jabatan pajabat Walanda di karaton Solo jeug karaton Yogya tina résiden jadi minister. Minister teu ngan boga kalungguhan minangka pajabat Walanda wungkul, tapi minangka wakil raja Walanda jeung juga wakil anjeunna di karaton Jawa. Alatan kitu Daendels nyieun aturan geunaan tata-titi raja-raja Jawa ka para minister di karatonna.

Lamun dina zaman VOC mah para residen Walanda téh dianggap sarua saperti pangawasa wewengkon anu séba ka raja-raja Jawa kalawan dieuk di handap jeung méré seureuh minangka tanda ngahormat raja Jawa, ari minister mah teu pantes pikeun dianggap jeung diperlakukeun saperti kitu. Minister mah boga hak pikeun diuk sajajar jeug raja, maké payung saperti raja, teu perlu muka topi atawa méré seureuh ka raja, jeung kudu disambut ku raja kalawan ku cara nangtung tina tahtana saupama ministri datang ka karaton. Nalika papanggih di tengah jalan jeung raja, minister teu kudu turun tina karéta tapi cukup ku muka jandéla karéta jeung meunang pasalingsingan jeung karéta raja. Sanajan di Surakarta Sunan Pakubuwono IV narima éta katangtuan, di Yogyakarta Sultan Hamengku Buwono II nampik éta hal. Daendels kudu rada maksa sangkan Sultan Yogya bisa ngalaksanakeun éta aturan. Tapi dina haté leutikna mah raja téh tetep teu narima kana kalakuan Daendels. Jadi nalika urang Ingrris daratang, tuluy maranéhna babarengan jeung para raja “ngahianat” urang Walanda.

Jalan Raya Pos di pulo Jawa

Béda jeung dipercaya ku jalma réa salila ieu, Daendels salila mangsa pamaréntahanana mémang maréntahkeun pangwangunan jalan di Jawa tapi teu dilakukeun ti Anyer nepika Panarukan. Jalan antara Anyer jeung Batavia mah geus aya ti saméméh Daéndels datang. Alatan kitu numutkeun het Plakaatboek van Nederlandsch Indie jilid 14 mah, Daendels téh mimiti ngawangun jalan ti Buitenzorg ka Cisarua jeung satuluyna nepika Sumedang. Pangwangunan dimimitian bulan Mei 1808. Di Sumedang, proyék pangwangunan jalan ieu téh kabentur kana kaayaan alam anu bangga ku sabab réa nyampak batu cadas, akibatna para pagawé nolak pikeun ngalakukeun éta proyék jeung ahirna pangwangunan jalan téh macét. Ahirna Pangéran Kornél turun jeung langsung nyanghareupan Daendels pikeun ménta pangarti kana panolakan para pagawé. Nalika mikanyaho ieu hal, Daendels maréntahkeun komandak pasukan zeni Brigadir Jendral von Lutzow pikeun ngungkulanana. Alatan témbakan artiléri, ahirna pasir cadas téh bisa diratakeun jeung pangwangunan diteruskeun nepika Karangsambung. Nepi di Karangasambung, éta proyék pangawangunan téh dilakukeun kalawan meunang upah. Para bupati pribumi diparéntahkeun pikeun nyiapkeun tanaga gawé dina jumlah nu ditangtukeun jeung masing-masing pagawé téh unggal poéna dibayar 10 sén saurang jeung ditambahan ku béas sarta jatah uyah unggal minggu.

Sabada nepi di Karangsambung dina bulan Juni 1808, waragad tilu puluh rébu gulden anu disadiakeun Daendels pikeun mayar para pagawé téh béak di luar itunganana, euweuh deui waragad pikeun mayar éta proyék pangwangunan jalan téh. Nalika Daendels nganjang ka Semarang dina tengah bulan Juli 1808, anjeunna ngundang sakumna bupati di basisir kalér Jawa. Dina éta lawungan téh Daendels nepikeun yén proyék pangwangunan jalan kudu terus dituluykeun ku sabab kapentingan pikeun ksajahteraan rahayat (H.W. Daendels, Staat van Nederlandsch Indische Bezittingen onder bestuur van Gouverneur Generaal en Marschalk H.W. Daendels 1808-1811, 's Gravenhage, 1814. Para bupati diparéntahkeun pikeun nyadiakeun pagawé kalawan konsékuénsina éta para pagawé téh dibébaskeun tina kawajiban gawé ka para bupati tapi kudu mikeun tanagana keur pangwangunan jalan. Sawatara éta, para bupati kudu nyadiakeun kabutuhan pangan keur maranéhna. Sakumna ieu proyék téh baris diawas ku para prefect nu mangrupa kepala daérah nu ngaganti résiden VOC. Tina hasil kamupakatan éta téh , proyék pangwangunan jalan diteruskeun ti Karangsambung ka Cirebon. Dina bulan Agustus 1808 éta jalan téh geus nepi ka Pekalongan. Sabenerna jalan anu ngahubungkeun Pekalongan nepi ka Surabaya mah geus nyampak, sabab dina taun 1806 Gubernur Jéndral Timur Laut Jawa Nicolaas Engehard geus maké éta jalan pikeun mawa pasukan Madura dina raraga numpes pemberontak Bagus Rangin di Cirebon (Indische Tijdschrift, 1850). Jadi Daendels mah ngan saukur ngalegaan ieu jalan. Tapi mémang maréntahkeun pikeun muka jalan ti Surabaya nepika Panarukan minangka palabuan ékspor paling tugtung di Jawa Wétan harita.

Tumbu Luar

[édit | édit sumber]
  • (Inggris) Encyclopaedia Britannica, Herman Willem Daendels
  • (Inggris) Herman Willem Daendels - Rijksmuséum, Amsterdam

Catetan

[édit | édit sumber]
  1. The only complete biography of Daendels is the now rather dated publication by Paul van 't Veer,Daendels, maarschalk van Hollan (Zeist/Antwerpen: De Haan-Standaard Boekhandel 1963)