Jalan layang Pasupati
Jalan layang Pasupati nyaéta jalan layang nu ngahubungkeun Jalan Dr. Djundjunan (Terusan Pasteur) beulah kulon jeung Jalan Surapati di tungtung wétan. Sabagéan jalan éta diwangun di luhur Jalan Pasteur, hiji jalan heubeul kalawan pohon palem raja nu beulah kénca jeung katuhuna nu jadi ciri Dayeuh Bandung baheula.[1]
Sajarah
[édit | édit sumber]Jalan layang (flyover) Pasupati mangrupa ngaran jalan layang di dayeuh Bandung. Ngaran Pasupati ieu gaganti ti ngaran sateuacanna Paspati nu dina hartian Sunda mah “nalika pati”. Pasupati téh singgetan ti Jalan Pasteur jeung Jalan Surapati.[2] Jalan layang Pasupati sacara historis geus kacatet dina rarancang Ir. Karsten. Arsitek wilayah nu genial éta, dina taun 1920-an geus nyimpen dasar-dasar rarancang dayeuh Bandung. Nepi ka sapuluh taun salajengna, ti taun 1931, rarancang éta masing angger jadi obsesi sakumaha program Autostrada nu ngahubungkeun missing link Jalan Pasteur (Pasteurweg) jeung Jalan Ir. H. Djuanda (Dagoweg).[3] Jalan layang Pasupati mangrupa jalan layang munggaran di Indonesia nu diwangun kalawang ngamangpaatkeun teknologi redam gempa. Perangkatna nu disebut lock up device (LUD) dijieun di Perancis, sakabéhna jumlahna 76 siki. Jalan sajauh 2,5 km ieu, sacara lumaluruh ngagunakeun 663 unit segmen nu disangga ku 48 tihang. Unggal segmen beuratna 80 ton nepi ka 140 ton. Nu ngirut, jalan layang ieu dilengkepan jambatan cable stayed sapanjang 161 meter nu ngalintang di luhur Cikapundung. Jambatan ieu sakaligus jadi salasahiji land mark dayeuh Bandung. Cable stayed mangrupa jambatan tan suku. Kakuatan jambatan éta disangga ku 19 kabel baja nu kawengku ku 10 kabel beulah kulon jeung 9 dibeulah wétan. Unggal kabel eusina 91 kabel leutik nu sewang-sewanganna kabel leutik éta kawengku ku tujuh kabel nu leuwih leutik deui. Sapuluh kabel nu dipasang dibeulah kulon dijieun papasangan nepi ka lamun ditempo ti sisi katempo ngan lima kabel, sapanjang 55 meter. Rentang kabel séjénna 105 meter dibeulah wétan, dipasang sacara ngaruntuy.[3]
Rentang kabel éta dihubungkeun ku munara jambatan saluhur 37,5 meter. Keur nambah niléy artistik, bagéan luhurna dilapisan ku alumunium oranyeu. Lamun sakapeung urang nyawangna ti jauh, puncak munara saperti seuneu nu ngagedur. Bentuk cable stayed jeung tihang munarana nu aya liangna diibaratkeun ku pasangan waditra (instrumen) musik Sunda kacapi suling. Rentang kabel-kabelna lir ibarat kawat kacapi, sedengkeun tihang munara nu liangan éta lir ibarat suling. Di unggal 10 taun sakali, karet redam gempa kudu diganti. Sedengkeun kabel jambatan kudu diganti unggal 15 taun sakali. Tapi, karet éta can bisa diproduksi di Indonesia.[3]
Catetan
[édit | édit sumber]- ↑ Suganda, Her.2007.Jendela Bandung, Pengalaman Bersama Kompas.Jakarta: Penerbit Buku Kompas.
- ↑ Affandy, Frances B., Andi Abubakar.2003. Potrait of West Java Heritage (Potret Pusaka Jawa Barat) . Bandung: Paguyuban Pelestarian Budaya Bandung, Dinas Kabudayaan jeung Pariwisata Jawa Barat.
- ↑ a b c Hardjasaputra, A. Sobana.2000. Bandung, Sejarah Kota-kota Lama di Jawa Barat.Jatinangor: Alwaprint.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |