Kékés

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Kékés
Kékés
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Filum: Chordata
Kelas: Mammalia
Order: Scandentia
Kulawarga: Tupaiidae
Génus: Tupaia
Bell, 1839
Spésiés: T. javanica
Ngaran binomial
Tupaia javanica
(Horsfield, 1822)

Kékés nyaéta sajenis mamalia leutik nu kaasup kulawarga bajing (familia Tupaiidae). Ngaran ilmiahna mah Tupaia javanica (Horsfield, 1822), jeung ngaran dina basa Inggris mah Horsfield's treeshrew.

Pedaran[édit | édit sumber]

Ari kékés mah bajing nu awakna leutik. Huluna panjang jeung awakna kurang leuwih 15 cm atawa kurang, buntutna kurang leuwih 18 cm (120% sirah jeung awak).

Warna awak bagian luhur mah kawas bajing kalapa (Callosciurus notatus) di wewengkon Sunda. Konéng-coklat kulawu, jeung totol bulu semu hideung. Di sakurilingeun panon jeung dina pundukna aya warna konéng semu bodas. Gigireun beuteung jeung dihandapeun suku semu konéng nepi bodas.

Buntut panjang jeung ngarubak, ngan teu kandel, coklat konéng jeung totol semu hideung.

Kabiasaan[édit | édit sumber]

Hirup di leuweung-leuweung nu nembrak jeung pakebonan, utamana di tempat nu loba tangkal leutik. Kékés aktif ti beurang (diurnal), utamana di antara wanci carangcang tihang nepi ka haneut moyan.

Saliwat mah lalampahanna sarua jeung hésé dibédakeunna jeung bajing kalapa. Komo deuih ieu sato téh duanana miboga ukuran awak nu ampir sarupa jeung relung ékologis (ecological niche) nu patumpang tindih.

Rada éraan, kékés mah resep néangan hakaneun dina tangkal-tangkal leutik atawa perdu nu muka atawa satengah muka. Hakaneunna utamana mah sarupaning gegeremet jeung sarupaning bungbuahan. Meureun ogé sasatoan leutik lianna. Mindeng ogé nyorang tatangkalan paéh, pikeun néangan gegeremet di balik kulit kaina nu garing.

Jenis sadulur jeung sumebaran[édit | édit sumber]

Kékés ( Celemes ) sumebar di pulo Jawa, Bali, Sumatra kulon (Kerinci), jeung Pulo Nias.

Dua jenis lian nu sarua jeung tumpang tindih dina sumebaranna nyaéta:

  • Bajing akar (Tupaia glis). Ukuranna leuwih badag, lobana mah semu beureum, ngan loba turun kana taneuh atawa ngalanglang kai runtuh. Sumebar lega ti mimiti Semenanjung Malaya di kidul Taneuh Genting Kra, Sumatra, Jawa, Bornéo jeung Palawan di Filipina, sarta di pulo-pulo leuwih di sakurilingeunna.
  • Bajing leutik (Tupaia minor). Ukuranna sautik leuwih leutik, buntutna begang jeung panjang, kalawan tungtungna nu leuwih poék ti batan warna awakna. Sumebar di Semenanjung Malaya (kaasup di bagian Thailand), Sumatra, Bornéo jeung sawatara pulo leutik di sabudeureunna.

Jenis nu sarua[édit | édit sumber]

  • Bajing kalapa (Callosciurus notatus) mibanda hulu nu leuwih buleud, jeung aya garis semu bodas di sisi awak handapna antara suku hareup jeung tukang. Dina leungeun, bajing kalapa mibanda huntu seri nu ngohngor panjang; sedengkan gigi bajing mah laleutik sarta nyarungcung kawas huncu cucurut.

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  • Corbet, G. B. jeung J. E. Hill, 1992, Nu Mamalia of the Indomalayan Region: a review sistimatis. Nat. Hist. Mus. Publ. jeung Oxford Univ. Pencet.
  • Payne, J., C. M. Francis, K. Phillipps, jeung S. N. Kartikasari. 2000. Guide widang Mamalia di Kalimantan, Sabah, Sarawak & Brunei Darussalam. Nu Sabah Masarakat, Kaséhatan Konservasi Society-Indonesia Program jeung WWF Malaysia. ISBN 979-95964-0-8

Tutumbu luar[édit | édit sumber]