Kasingsat
| Kasingsat | |
|---|---|
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| (unranked): | |
| (unranked): | |
| (unranked): | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Subfamili: | |
| Tribus: | |
| Génus: | Baliospermum |
| Spésiés: | Baliospermum montanum |
| Sinonim | |
|
Jatropha montana, Baliospermum axillare, Baliospermum solanifolium | |
Kasingsat, Baliospermum montanum, nyaéta tutuwuhan ti kulawarga Euphorbiaceae. Sumebar di jaluar sub-Himalaya nepi ka Kasmir, Pakistan, India, Myanmar, Indocina, Cina kidul, Muangtay, Semenanjung Malaysia, Sumatra, jeung Jawa.[1]
Ngaran lokal: srintil, adal-adal (Jawa), akar kara nasi, terap kompong, maharaja lela (Malaysia), natcho (Myanmar), tong taek, thon di, nong pom (Muangtay).
Farmakognosi jeung fitokimia
[édit | édit sumber]Akar dipaké natambaan konstipasi, nyeri beuteung, jeung sababaraha sasalad lianna. Pasta akarna dibalurkeun dina lebah anu nyeri/bareuh. Daunna dipaké natambaan bengék, anapon sikina pikeun natambaan anu dipacok oray [2][3].
Aktifitas antileukemik jeung sitotoksik dihasilkeun ku éster 12-déoksiforbol jeung 12-déoksi-16-hidroksiforbol anu diisolasi ti B. montanum.[4]
Ékstrak alkohol tina ieu tutuwuhan némbongkeun aktivitas hipoténsif dina sato coba. Akar, watang, jeung daunna némbongkeun rupa2 pasipatan anu boga poténsi diala mangpaatna.[5]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Priyadi et al. (2010). Five hundred plant species in Gunung Halimun Salak National Park, West Java: a checklist including Sundanese names, distribution and use. CIFOR, Bogor, Indonésia. ISBN 978-602-8693-22-6
- ↑ Kurup, P. N. V., Ramdas, V. N. K. and Joshi, P.1979. Handbook of Medicinal Plants, New Delhi.
- ↑ Sharma, P. V. 1983. Dravyaguna Vijnana, Varanasi (in Hindi)
- ↑ Kinghorn, A. D. 1979. “Carcinogenic irritant Euphorbiaceae” in Toxic Plants. Ed. A. D. Kinghorn,Columbia University Press, New York. Pp.137-60.
- ↑ Bhakuni, D. S. Dhar, M. L., Dhar, M. M., Dhawan, B. N., Gupta, H and Srimal, R. C.1971. Screening of Indian plants for biological activity. Part III. Indian J. exp. Biol., 2:91.
| Artikel ngeunaan Euphorbiaceae ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |