Lompat ke isi

Kemang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kemang
Tangkal kemang,
Citayam, Dépok, Dépok, Jawa Kulon
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
M. kemanga
Ngaran binomial
Mangifera kemanga
Blume, 1850

Kemang nyaéta tangkal buah sarupaning manggah kalayan kaambeuna seungit pisan nojos kana irung sarta rasa anu haseum amis.[1]


Gambaran botanis

[édit | édit sumber]

Tangkal sarta buah kemang dina dasarna mibanda ciri-ciri nu sarupa kalawan binjai, jeung sawatara béda.

Kemang ogé dijadikeun ngaran patempatan di sabagian Jawa Kulon jeung Jakarta.

Mangpaat sarta sumebarna

[édit | édit sumber]
Daun sarta pucuk kemang

Kemang utamana dipelak pikeun dipetik buahna, anu ilahar didahar sanggeus buah éta asak atawa dijadikeun campuran és. Buah kemang ogé ilahar dijadikeun sari buah. Buah kemang anu ngora dipikaresep pikeun bahan rujak. Kitu ogé sikina, anu dina kaayaan atah disiksik sarta didahar sanggeus dibumbuan sarta ditambah kecap. Daun kemang anu masih ngora (pucuk) dipaké pikeun lalab sarta mindeng disuguhkeun di rumah-makan Sunda.[2]

Kemang sumebar sacara alami di Sumatra, Kalimantan sarta Malaysia; sarta réa dibudidayakan di Jawa bagian kulon, utamana deukeut Bogor. Tumbuhan ieu utamana sumebar di padataran nu handap di; handapeun 400 m ti beungeut laut (tbl), arang nepi ka 800 m tbl. Jinis ieu tahan ku ci leuncang, sarta remen ogé kapanggih deukeut sisi walungan.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Lim, T.K (2012). Edible Medicinal and Non-Medicinal Plants: Volume 1, Fruits. London: Springer Science & Business Media,. p. 123. ISBN 9789048186617. Diakses tanggal (disungsi) 17 April 2021. 
  2. Verheij, E.W.M. sarta R.E. Coronel (eds.). 1997. Asal Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan anu bisa dimakan. PROSEA – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2. Hal. 261.

Tumbu luar

[édit | édit sumber]