Lompat ke isi

Kembung jalu

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kembung jalu
Kembung jalu, Rastrelliger kanagurta
ti pasar di Jakarta
Status konservasi
Teu diévaluasi [1]
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Tribus:
Scombrini
Génus:
Spésiés:
R. kanagurta
Ngaran binomial
Rastrelliger kanagurta
(Cuvier, 1817)
Sinonim

Scomber kanagurta Cuvier, 1817[2]
Scomber loo Lesson, 1829;[1]
Scomber canagurta - Cuvier, 1829; [1]
Scomber chrysozonus Rüppell, 1836; [1]
Scomber microlepidotus Rüppell, 1836; [1]
Scomber moluccensis Bleeker, 1856; [1]
Scomber reani Day, 1870; [1]
Scomber lepturus Agassiz, 1874; [1]
Rastrelliger serventyi Whitley, 1944. [1]

Kembung jalu (Rastrelliger kanagurta) nyaéta sajenis lauk laut ti kulawarga Scombridae.[1] Spésiés Indo-Pasipik Kulon ieu kapanggih di Laut Beureum sarta Afrika Wétan nepi ka Indonésia, Kapuloan Ryukyu kalér sarta Cina, Australia kidul, Mélanésia jeung Samoa.[1] Lauk ieu asup ti beulah wétan Laut Méditérania ngaliwatan Terusan Suez (Collette 1970).[1] Dina basa Inggris katelahna Indian mackerel.[1]

Pedaran

[édit | édit sumber]
Hulu jeung Tonggong

Lauk nu awakna leutik nepi ka nu sedeng; wangunna lonjong manjang kalayan sungut méncos; panjang awak FL (fork length) maksimal 35 cm, ilaharna mah nepi ka 25 cm.[3] Jangkung badan dina batas tukang tutup insang (operkulum) 4,3-5,2 kalina sabanding jeung FL.[3] Panjang hulu ngaleuwihan jangkung dina batas operkulum.[3]

Rahang luhur sabagéan katutup ku tulang lakrimal, manjang nepi ka ngahontal sisi tukangeun mata.[3] Sisir saring insang kacida panjang, katingali ti gigir luar lamun sungutna dicalangapkeun; [3] Peujitna 1,4-1,8 kali panjang awak FL.[3]

Sisir saring ditempo ti sisi sungutna

Tonggong kalayan jalur-jalur pita heureut manjang kelirna poék, nu semu kaemasan dina lauk nu anyar ditéwak; hiji bintik hideung aya di sisi awak palebah margin handap cécépét dada.[3] Cécépét tonggong hareup semu konéng kalayan sisina hideung; cécépét buntut jeung cécépét dada semu konéng; cécépét-cécépét nu sejénna semu kulawu.[3] Lima cécépét leutik (finlet) aya dina masing-masing di tukangeun cécépét tonggong kadua sarta cécépét bool.[3]

Kabiasaan

[édit | édit sumber]
cécépét-cécépét leutik dina cécépét buntut

Lauk kembung jalu sumebar di kawasan parairan Indo-Pasifik Kulon, mimiti ti basisir wétan Afrika Selatan, basisir Madagaskar, Laut Beureum, Teluk Persia, India, terus ka arah wétan ka parairan Thailand, Indonésia, sarta Filipina, nepi ka basisir wétan Tiongkok sarta Kapulouan Ryukyu kalér, sarta ka kidul nepi ka parairan Australia kalér, Malanésia, Mikronésia, sarta Samoa.[1][3][4]

Lauk ieu sipatna epipelagik-neritik, ngumbara utamana di laut-laut déét antara 20 metér nepi ka 90 méter kalayan suhu beungeut laut sakurangna 17 °C.[5] Lauk kembung ngarojay dina jumplukan-jumplukan sasuéy jeung ukuran awakna.[3] Kahakanan utama lauk sawawa nyaéta makro-zooplankton, saperti larva udang jeung lauk; sedengkeun anak-anak lauk ngahakan fitoplankton jeung zooplankton nu ukuranna leutik.[3]

Di beulahan bumi kalér, saperti di sakira-kira India, lauk kembung jalu mijah antara bulan Maret nepi ka Séptémber.[1] Sedengkan di Kapulaoan Seychelles, nu lokasina di beulahan kidul, lauk ieu mijah antara Séptémber nepi ka Maret.[6] Di parairan Filipina lauk kembung jalu ngahontal umur sawawa panjang awak FL kira-kira 23 cm, sarta bisa hirup nepi ka umur 4 taun.[3]

Mangpaat

[édit | édit sumber]
Lauk nu geus diberesihan sarta dipiceun hulu sarta buntutnaa

Lauk kembung (Rastrelliger spp.) mangrupa lauk nu penting di kawasan Indo-Pasifik Kulon.[7] Angka beubeunangan taunan dunia Rastrelliger spp., sakumaha dilaporkeun ka FAO, saprak 1984 salawasna di luhur 300.000 ton.[7] Samentara angka beubeunangan taunan R. kanagurta fluktuasi antara 96.000 ton dina taun 1975, kalayan puncak lobana 351.193 ton dina 1994.[7] Catetan ti parairan Indo-Pasifik kulon (1995) beubeunangan R. kanagurta lobana 104.000 ton, R. brachysoma lobana 26.000 ton, sarta nu teu dibédakeun (sabagé Rastrelliger spp.) lobana 252.000 ton.[7]

Kembung jalu biasana ditéwak kalayan pukat cingcin, jaring insang, bagan apung, atawa belat.[1] Lauk ieu dijual segar di pasar atawa diolah heula: diasinkeun, diseupan, dikaléngkan, dibekukeun, atawa dijadikeun saos lauk.[4]

Sajumpluk lauk kembung jalu keur ngojay di laut

Ngaran kembung bikang jeung kembung jalu di dieu euweuh hubunganna kalayan jenis kalamin.[8] Ngaran-ngaran éta ngan saukur ngaran lokal (vernacular name), sarta tiap-tiap jenis éta aya lauk-lauk jalu jeung bikang di populasina masing-masing.[8]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l m n o p "Rastrelliger kanagurta". iucnredlist.org (iucnredlist.org). http://www.iucnredlist.org/details/170328/0. Diakses pada 05 Juni 2017 
  2. Cuvier, G. 1817. Le régne animal distribué d'aprés son organisation : pour servir de base a l'histoire naturelle des animaux et d'introduction a l'anatomie comparée. 2:313 (footnotes: based on Russell’s pl. 136, India). A Paris :Chez Déterville.
  3. a b c d e f g h i j k l m Collette, B.B. and C.E. Nauen. 1983. FAO Species Catalogue. Vol. 2. Scombrids of the world. An annotated and illustrated catalogue of tunas, mackerels, bonitos and related species known to date. FAO Fish. Synop. , (125) Vol.. 2: 48-49
  4. a b Carpenter, Kent E. & Volker H. Niem. 2001. FAO Species Identification Guide: The Living Marine Resources of The Western Pacific. Vol. 6: 3739. Food and Agriculture Organization, Rome. ISBN 92-5-104589-5
  5. "Rastrelliger kanagurta (Cuvier, 1816)". fishbase.org (fishbase.org). http://www.fishbase.org/summary/111. Diakses pada 05 Juni 2017 
  6. "Spawning information on FishBase". Diakses tanggal 05 Juni 2017. 
  7. a b c d "FAO fact sheet". Diakses tanggal 05 Juni 2017. 
  8. a b "Rastrelliger kanagurta". fishbase.org (fishbase.org). http://www.fishbase.org/ComNames/CommonNamesList.php?ID=111&GenusName=Rastrelliger&SpeciesName=kanagurta&StockCode=125. Diakses pada 05 Juni 2017 

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan