Lompat ke isi

Ki hujan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ki hujan
Kembang jeung daun ki hujan
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
T. peruviana
Ngaran binomial
Thevetia peruviana
(Pers.) K. Schum.
Sinonim
  • T. neriifolia juss. ex studd.
  • Cerbera peruviana Pers.
  • C. thevetia Lin.

Ki hujan (Thevetia peruviana) nyaéta hiji tangkal nu asalna tina kulawarga Apocynaceae.[1] Asalna ti nagara Meksiko kidul jeung Amerika Tengah, loba kapanggih hirup di sisi jalan atawa dijieun pager hirup.[1] Ki hujan kagolongkeun tangkal nu mibanda racun glikosida, bisa ngabalukarkeun digitalis (obat pikeun nguatkeut jantung).[1][2]

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Tangkal ki hujan hirup ngarungkun, jangkung bisa nepika 5 méter.[1] Dahan dina tangkalna loba ngarangkadak, mibanda geutah nu racunan kelirna bodas kawas susu.[1] Dauna lanset panjang méncos katungtungnakeun 8 - 15 cm, rubakna ngan 0,6 - 1,8 cm. Cupat daunna pondok, kelirna héjo kolot sedengkeun beulah handapna leuwih ngora.[1] Tangkalna buleud kelirna héjo kolot semu hawuk, ngajarendil urut régang daun jeung dahan nu geus lésot.[1] Kembangna konéng kawas tarompét, bijil tina tungtung dahan atawa handapeun cupat daun.[1] Buahna teuas wanguna kawas segi tilu, kelirna héjo ngagurilap, mun geus kolot atawa asak kelirna robah jadi hideung, geutahan, ukuranna kurang leuwih 5 cm, sikina ngan hiji gedé kelirna abu-abu.[1]

Racun jeung kimia

[édit | édit sumber]

Dina daun, kembang, jeung sikina mibanda kimia nu disebut cardiac glycosides.[1] Sikina mibanda 7 cardiac glycosides, tayalian thevetin (neriperdise) A, thevetin B, pruveside, neriifolin, ruvoside (theveneriine), perusitin jeung cerberin.[1]

Kulitna mibanda kimia nu disebut peruvoside, neriifolin, lupeol acetate, jeung theviridoside.[1] Dina dahan jeung daun ngora mibanda kimia L - (+) bornesetol.[1] Akarna mibanda kimia neriifolon, thevelene, jeung neriperside.[1]

Ieu tangkal mibandi kimia nu disebut glikosida, bisa ngabalukarkeun digitalis (obat nguatkeun jantung).[1] Numutkeun catetan nu aya, di pulo Oahu ieu tangkal nu mindeng ngabalukarkeun karacunan parna pikeun manusa.[1]

Kagunaan séjén

[édit | édit sumber]

Tangkal ki hujan bisa di mangpaatkeun pikeun ngubaran hileudeun, atawa ngubaran kulit nu keuna ku koréngan. [1] Geutahna bisa dimangpaatkeun pikeun ngaracun lauk, tangkal na dibebek nepika ancur tuluy diabruskeun ka cai nu aya laukna.[3]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q Dalimartha, Setiawan. Atlas tumbuhan obat Indonesia: menguak kekayaan tumbuhan obat Indonesia, Volume 5. Jakarta1999: Niaga Swadaya. ISBN 9789791480185. Diakses tanggal 23 Nopember 2019. 
  2. Damayanti, Dewi; dr Prapti utami, Novi Widianti, Nina Wulandari, Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 63. ISBN 9789790061941. 
  3. http://www.mobot.org/gardeninghelp/plantfinder/Plant.asp?code=A551 Archived 2004-12-09 di Wayback Machine Kemper Center: Plant's Culture and Characteristics

Tempo ogé

[édit | édit sumber]