Ki mangkok
Micromelum pubescent | |
---|---|
Ki mangkok | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | Plantae
|
Divisi: | Aurantioideae
|
Kelas: | Clauseneae
|
Kulawarga: | Rutaceae
|
Génus: | Micromelum
|
Spésiés: | Micromelum pubescens
|
Sinonim | |
Micromelum minutum Micromelum integerrimum |
Ki mangkok; mamangkokan; Micromelum pubescent nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Rutaceae.[1] Loba kapanggih hirup di kapuloan Andaman, Sri Lanka , Malaysia jeung Indonesia .[2] Di pulo jawa loba kapanggih hirup di daérah anu perenahna sahandapeun 1000 Mdpl.
Ngaran séjén
[édit | édit sumber]Kimangkok mibanda sebutan anu béda-béda diunggal wewengkon, saperti : Di Malaysia : Semeru, Cemamar, Cemumar, Semeru; Sri Lanka : Wal-karapincha (Singhalese); Kakaipalai (Tamil); Sunda : Ki bétjëtah, Kt madja, Ki mangkok, Mamangkokan; Jawa : Mentanén, Sén-tanén, Télawas.[1]
Ciri Mandiri
[édit | édit sumber]Rungkun atawa tangkal, jangkung nepi ka 12 Méter. Buleudan tangkalna 0,15 M.[1][3]
Ki mangkok kagolongkeun tangkal leutik malah bisa disebutkeun rungkun, daunna imparipinnate, ukuranna panjang 20-25 cm. Aya 9-15 lambar daun, bijil paingareup-singareup, cupatna pondok, wujudna buleud endog. semu lonyod, tungtung daun rata kalawa, kelenjar dauna katempo, daun palebah luhurna lemes. Kembangna mibanda cupat anu pendek, ngentep dina ranggeuyana bijil tina kélék daun, mangkak, dikotomis, cymes corymbose, bracts leutik, pasingareup-singareup dina cagakna. Lobus kelopak ubak, nyikutilu, kelopak lonyod rata, angkak. Ovariumna lonyod , buluna kandel Wujudna rada panjang arta kandel. Stigma capitates jeung buahna paranjang 5mm, wujudna lonyod, buleud endog, méncos, mibanda kelenjar.[4][3]
Kandungan Kimia
[édit | édit sumber]Ki mangkok mibanda sababaraha rupa kimia anu aya dina tangkal jeung akarna, tayalian : Mictomelum pubescen Blume dina daunna mibanda coumarins, micropubescin sarta phebalosin. Dina kulitna phebalosin, dina akarna mibanda micromelumin, phobalosin, imperatorin, angelical, scopoletin minumicrolin jeung murransa.[3]
Guna jeung mangpaat
[édit | édit sumber]Di Sumatra Kidul, akarna anu pait disiksikan digodog pikeun ngubaran nyeri dada. Bisa waé akarna di seupah jeung daun seureuh pikeun ngubaran batuk. [1][5]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d HEYNE, K. (1913). Linrary New York Botanical Garden: Ruygrok & Co BATVIA. p. 125 https://archive.org/details/denuttigeplanten03heyn/page/11/mode/1up?view=theater. Disungsi26 April 2021
- ↑ Khare, C.P; World Conservation Monitoring Centre, International Union for Conservation of Nature and Natural Resources. Species Survival Commission (1997). Indian Medicinal Plant. London: Springer. p. 413. ISBN 9780387706375.
- ↑ a b c Global Plants. 2021-05-5 https://plants.jstor.org/stable/10.5555/al.ap.specimen.l0821011. Diakses tanggal 2021-05-05.
- ↑ Glob in made. 2021-05-5 https://globinmed.com/index.php?option=com_content&view=article&id=84862:micromelum-pubescens&catid=199&Itemid=118. Diakses tanggal 2021-05-05.
- ↑ INPN. 2021-05-5 https://inpn.mnhn.fr/espece/cd_nom/674081/tab/taxo?lg=en. Diakses tanggal 2021-05-05.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |