Ki sampang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Evodia latifolia
Ki sampang
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Plantae
Divisi:
Tracheophyta
Kelas:
Magnoliopsida
Ordo:
Sapindales
Kulawarga:
Rutaceae
Génus:
Esenbeckia
Sinonim

Euodia minahassae

Ki sampang; Evodia latifolia nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Rutaceae .[1][2] Ngaran populér ki sampang di unggal daérah kayaning : di Jawa disebutna sampang, di Bali disebutna empag.

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Tangkal ki sampang, jangkungna dugi ka 25 méter. Kitu deui buleudan tangkalna 45 cm. Daun dina sagagang bijil 3 lambar, panjang tur méncos katungtung.[3] Daun pelebah luhurna glabrescent atawa glabrous, sakapeung jadi glabrescent mun geus kolot; panjangna 5 nepika ka 9 cm , rubak 2-5 ka 4: 5 di. (anu tengah remen jadi pang gedé na). [3]

Di Jawa utamina ieu tuwuh hirup di daérah anu perenahna 1000 nepika 1500 méter luhureun beungeut cai laut. Rumphius anjeunna ngajelaskeun (II, kc. 186) dina nami Ampa cus latifolius salaku rungkun ageung, nepika sakapeung ngawujud tangkal. Kaina hipu sareng henteu gaduh niléy ékonomi.

Guna jeung mangpaat[édit | édit sumber]

Tina tangkalna, lamun diturih baris ngaluarkeun geutah / résin, kelirna konéng pias, sakapeung konéng kolot ogé konéng walirang. Di Bali digunakeun pikeun ngalereskeun keris anu lesot tina gagangna, sabab sabada ieu résin garing, tiasa nahan barang logam anu dipasang jadi leuwih pageuh (Rumph.). Laporan Jasper & Pirngadie (Vlechtwerk, kc. 67), yén di Lombok ti den bělo, nami anu ogé tiasa dipendakan di De Clercq, ngamangpaatkeun ieu resin pikeun kagunaan anu sarua. Résin ieu, didéang dina seuneu teras dicampur sareng minyak kalapa, dianggo pikeun meresihan awi, anu diwarnaan ku cai lisah sareng cai lém. Lacquer ieu gancang garing sareng di mana tos bérésna katembong rada ngagurilap.

Daunna, numutkeun ka Rumphius, di Minahasa sok dipaké kokosok kana awak mangsa keur mandi. [2]


Dicutat tuna[édit | édit sumber]

  1. GBIF. 2021-05-5 https://www.gbif.org/species/search?q=Evodia%20latifolia&rank=SPECIES&status=DOUBTFUL. Diakses tanggal 2021-07-05. 
  2. a b HEYNE, K. (1913). DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË. Linrary New York Botanical Garden: Ruygrok & Co BATVIA. p. 2.  Disungsi26 April 2021
  3. a b Society of Bengal, Asiatic (1893). Journal of the Asiatic Society of Bengal, Volume 62,Bagian 2-3. Princeton University: Bishop's College Press. p. 207. ISBN 9788125003014.  Disungsi7 Mei 2021