Kijing
Kijing (Pilsbryoconcha exilis) nyaéta sabangsaning kekerangan anu aya dina cai tawar.[1] Kijing téh haremis tapina nu geus gedé, hirupna sok di walungan.[1] Kijing mah resepna cicing dina jero leutak, nyumput, sakapeung sok dina nyecebkeun manéh kana jero keusik walungan nu suhuna tiis pisan.[1] Ari kulit cangkangna warna konéng, aya ogé bagéan anu warna bulao kahideung-hideungan.[1] Cangkangna teuas jiga marmer, tapi teu buluan.[1] Mun dibuka téh ngagoréhél bagéan jerona jiga jeroan kepah atawa kupang.[1]
Kandungan kijing
[édit | édit sumber]Ari kijing ieu ngandung asam lemak teu jenuh eicosapentaenoic acid (EPA) jeung docosahexaenoic acid (DHA) sarta ngandung protéin hewani nu euyeub ku asam amino.[2] Susunan kandungan asam amino bisa nangtukeun kualitas protéin.[2] Kerang umumna mah dikonsumsi ku cara diolah sacara tradisional.[2] Pangolahan panas bisa ngahasilkeun produk dahareun kalawan watek-watek nu dipikahayang atawa sabalikna, nyaéta keleungitan zat-zat gizi, jeung parobahan watek sénsori ka arah parobahan nu kurang dipikaresep jeug kurang katampa.[2]métodeupangolahan nu ilahar dilakukeun di rumah tangga nyaéta panyeupanan.[2] Kijing miboga niléy réndemen nu pangluhurna dina cangkangna.[2] Niléy panurunan kijing salila prosés pangukusan gedéna 29,73 %.[2] Komposisi kimia kijing dumasar basis garing kawengku tina kadar cai 441,71%, kadar lebu 16,68%, kadar lemak 5,85%, kadar protéin 48,21% jeung karbohidrat 29,26%.[2] Kandungan protéin leyur uyah dina kijing leuwih luhur tibatan protéin leyur cai.[2] Protéin daging kijing nu ngawengku tina 17 asam amino, nyaéta 9 asam amino ésénsial jeung 8 asam amino non-ésénsial.[2] Kandungan asam amino pangluhurna nyaéta asam glutamat.[2] Kijing lokal miboga kandungan taurin gedéna 0,087%.[2] Komposisi kimia dina kijing rata-rata ngalaman panurunan sanggeus prosés pangukusan.[2]
Mangpaat kijing
[édit | édit sumber]Ieu kijing téh miboga mangpaat anu hadé pisan, nyaéta bisa nyageurkeun panyakit konéngeun.[1] Ieu kijing téh dikulub sagelas unggal peuting, disusul isukna ku nginum timulawak dicampur gula kawung.[1] Dina mangsa gancangna 3 poé bakal katempo parobahanna.[1] Angen teu pati seueul deui sarta panon jeung kulit teu pati konéng deui.[1] Dina sabulan mah geus bisa cageur salawasna.[1] Lian di inum, kijing ogé sok diolahkeun salaku deungeun sangu anu ngeunah.[1]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e f g h i j k l Kompasiana. Kijing Atau Haremis; Obat Sakit Kuning yang Mujarab dan Lezat. Ditempona tanggal 23 Mei 2017.
- ↑ a b c d e f g h i j k l m Repository IPB. Karakteristik Protein dan Asam Amino Kijing Lokal (Pilsbryoconcha exilis) dari Situ Gede, Bogor Akibat Proses Pengukusan. Ditempona tanggal 23 Mei 2017.