Haremis

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Haremis
Haremis/Corbicula leana
Cangkang haremis/ Corbicula fluminea
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Subkelas:
Ordo:
Superfamili:
Kulawarga:
Génus:
Corbicula

Haremis (Corbicula leana) nyaéta sato anu hirup di cai, Invertebrata leutik anu mibanda cangkang teuas wanguna kawas citakan/bivalve (bisa nutup jeung muka)[1], kelirna konéng aya ogé anu semu coklat, hirupna di walungan nyumput dina jero keusik atawa leutak di dasar susukan. [2]

Pedaran[édit | édit sumber]

Urang Jérman nyebut kana haremis téh muschel,[3] dina basa Inggris disebutna barnacles. [4] Haremis bisa nyeceb/ngerelep kana leutak atawa keusik ngagunakeun organ dina awakna anu nolol kaluar tina cangkangna (sukuna) [5] Numutkeun kana Kamus Sains, haremis téh asup kana kelas Lamellibranchia anu hartina ngambekan/bernafas ngaliwatan insang anu diwangun ku éntépan lamad/lambaran-lambaran anu ipis dina awakna.[6] Ngala haremis mah kudu kuat ku tiris, ku lantaran kudu ancrub ka cai susukan bari ngoréh-ngoréh keusik tempat haremis nyumput bisa maké ayakan atawa sair[7]. Di kota Banjar hususna susukan Citanduy dina mangsa usum halodo/orot cai mangrupa tempat anu kasohor loba ngahasilkeun haremis.[7]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Haremis mibanda sapasang cangkang teuas anu sarua wangun jeung ukuran (simetris).[1] Henteu mibanda jaringan otak alatan henteu mibada sirah/hulu.[5] Mangsa pindah tempat atawa ngalelep kana keusik ngagunakeun organ ipis (sukuna) anu kaluar tina sela-sela cangkangna.[5] Hirupna dina handapeun keusik/lempung di susukan.[7] Kelir cangkangna konéng ngora nepikeun ka konéng kolot semu coklat.[2]

Mangpaat jeung kagunaan[édit | édit sumber]

  • Haremis bisa dikulub sangkan cangkangna maruka, tur gampil nyokélan dagingna, ilaharna diasakan pikeun diolah jadi sambel haremis atawa kumaha pangaresep,[8]
  • Haremis sagigireun murah tur loba kapanggih dipasar ogé mibanda mangpaat pikeun ngubaran panyakit konéng (liver)[9]. Carana kawilang gampang, haremis beunang meresihan dikulub nepi ka ngagolak caina, di mana geus tiis caina diuyup ieu kudu leukeun unggal poé nepi ka miang-miang cageur.[9]
  • Haremis ogé bisa dijieun bahan lauk pauk/deungeun sangu pikeun ngaronjatkeun gizi, diolah gumantung kana pangaresep naha di goréng, semur, pais, atawa dikulub wungkul.[9]
  • Haremis ogé dimangpaatkeun pikeun campuran ubar herbal anu hasiatna bisa ngubaran hepatitis ku jalan dicampur jeung temulawak/konéng gedé sagedé indung leungeun, daun séndok/kiurat jeung antanan sakeupeul-sakeupeul, tuluy digodog.[3] Cai godoganna ditiiskeun tuluy dileukeunan diinum sapoé tilu kali.[3] dina basa Inggrisna barnacles.[4]
  • Kandungan kalsiumna ,[10] kalori jeung protéin bisa digunakeun pikeun nambahan nutrisi parab ingon-ingon ku jalan dicampurkeun/konsentrat kana parabna,[11] bisa ogé dimangpaatkeun pikeun bahan dasar pangawét jeung bahan dasar rupa-rupa karajinan.[11] pikeun nyumponan kabutuhan nutrisi kalsium jeung fosfor.[12] Utamana kana ingon-ingon saperti hayam, meri, éntog, jeun Kalium.[12]

Bahaya[édit | édit sumber]

Sanajan haremis kadaharan anu sehat pikeun dikonsumsi tur bisa nyéhatkeun, tapi angger ngonsumsi haremis tetep kudu ditalingakeun ku lantaran upama dikonsumsi dina jumlah anu loba tur mindeng ieu baris ngabalukarkeun ngaronjatna resiko kaserang hiperurisemia anu ilahar disebut asam urat.[13] Ogé bisa ngaronjatkeun resiko kaserang Hiperkolestrerolemia taya lian anu bakal ngabalukarkeun kasakit kolesterol, jantung koronél, jeung stroke. [14]

Species[édit | édit sumber]

Species anu kaasup kana genus Corbicula  :[15]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b "Apa yang dimaksud teknik bevalve". brainly.co.id. 2017. Diakses tanggal 2017-05-16. 
  2. a b JonathanRigg (1862). "A Dictionary of the Sunda Language of Java". Sunda Language of Java. Batavia: Lange & Co. p. 146. 
  3. a b c Kamus Pocket Jerman-Indonesia, Indonesia-Jerman. Jakarta: Indonesia. 2010. ISBN 979-775-123-6. 
  4. a b Kamus Inggris Terlengkap & Ter-Update. Jakarta: IndonesiaTera. 2015. ISBN 978-979-775-265-1. 
  5. a b c Setiowati, Tetty; Deswaty Furqonita (2007). BIOLOGI Interaktif Kls.X IPA. Jakarta: Azka Press. ISBN 979-1211-23-X. 
  6. Wahyu Untara (2014). "Lamellibranchia". Di Nunggal Seralati H, Novidewi Ayusari. Kamus Sains. Yogyakarta: Indonesia Tera. pp. 46–49. ISBN 979-775-222-4. 
  7. a b c NURHANDOKO WIYOSO (2014-10-08). "Cari 'Haremis" untuk Beli Beras". pikiran-rakyat.com. http://www.pikiran-rakyat.com/jawa-barat/2014/10/08/300036/cari-haremis-untuk-beli-beras. Diakses pada 2017-05-17 [tumbu nonaktif]
  8. t. Erwin, Lilly; Intarina Hardiman (2011), Gemar Makan Ikan: 25 Cita Rasa Kerang, PT Gramedia Pustaka Utama, ISBN 078-979-22-6841-6 Check |isbn= value (bantuan) 
  9. a b c Abdorrakhman Gintings (2015-06-26). "Kijing Atau Haremis; Obat Sakit Kuning yang Mujarab dan Lezat". kompasiana.com. http://www.kompasiana.com/abdor/kijing-atau-haremis-obat-sakit-kuning-yang-mujarab-dan-lezat_54ff93efa33311194d510665. Diakses pada 2017-05-18 
  10. M. Sara Rosenthal, Ph.D (2009). Pedoman untuk Wanita Revolusi Terapi Hormon. Jakarta: Bentang Pustaka. ISBN 978-979-24-3836-9. 
  11. a b Agribisnis Kreatif: Pilar Wirausaha Masa Depan, Kekuatan Dunia Baru Menuju Kemakmuran Hijau. Jakarta: Penebar Swadaya Grup. 2012. ISBN 979-002-528-9. 
  12. a b Mito & Johan, ST (2011). Usaha Penetasan Telur Itik. Jakarta: AgroMedia Pustaka. ISBN 979-006-357-1. 
  13. Khasiat & manfaat temulawak: rimpang penyembuh aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. 2003. ISBN 979-3357-36-3. 
  14. Miracle Juices Penggempur Kolesterol, Penyakit Jantung Koroner, dan Stroke. Jakarta: FMedia. 2014. ISBN 979-006-535-3. 
  15. BioLib.cz: genus Corbicula

Daftar Pustaka[édit | édit sumber]