Lompat ke isi

Ayakan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ayakan
Poto ayakan
Ayakan tina anyaman awi
Asal Tatar Sunda
Bahan Awi
Fungsi Nyaring atawa misahkeun

Ayakan nyaéta parabot anu bisa dipaké ngayak.[1] Ayakan dijieunna tina anyaman awi bisa hinisna atawa dagingna, rékép jeung carangna ayakan gumantung kana pangabutuh.[2][3] Ayakan anu ukuran leuwih gedé ti batan ayakan biasa disebut jodang anu dijieun tina hinis awi.[4][5]

Kagunaan

[édit | édit sumber]

Loba guna jeung mangpaat ayakan saperti paragi nyiuk lauk, keur ngabedahkeun, moé kéré lauk, ranginang, opak, nuhurkeun kacang meunang ngulub, jeung sajabana.[6] Geus ilahar ogé dimangpaatkeun keur wadah bungbu jeung sabangsaning samara.[7] Ayakan remen dipaké keur milihan binih lauk, nunda lauk anu keur diberesihan jeung sajabana.[8] Kagunaan séjén ayakan dipaké pikeun nyieun parab hayam sangkan ngaguruntul (crumbles butiran pecah).[9] Bahan-bahan meunang ngaduk tuluy diseupan sangkan hasilna bisa jadi guruntulan laleutik tur gampang dihakan ku hayam, adonan beunang nyeupan didedetkeun luhureun ayakan sangkan merejel laleutik.[9] Bisa ogé dipaké nandéan parab lauk lélé, sangkan parab henteu teuleum kana dasar cai ogé gampang diangkat deui lamun henteu béak jadi parab moal buruk tur ngaganggu lauk.[10]

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Truman Simanjuntak, Retno Handini, Sugeng Riyanto, Truman (2015). Karawang dalam Lintasan Peradaban: Seri pertama monografi workshop-penelitian 2015. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. ISBN 9786024334260. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
  2. "Berburu kerajinan bambu di Legok (1)". Kontan. 2016-01-20. Diaksés tanggal 2017-07-21.
  3. Luthfiyani, Lulu (2016). JUDUL BUKU. Jakarta: HutaMedia. ISBN 9786026475275.
  4. Drs. Ahmad Hadi, Drs. Ade Wikaya, Drs. Taufik Faturohman (201701-11). "Racing to Know the Rarest of Rhinos, Before It's Too Late". The New York Times. Diaksés tanggal 2017-07-21. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)[tumbu nonaktif]
  5. Sasmita, Mamat (2022). Mengenal Teknologi Tradisional Orang Sunda. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya. hlm. 99. ISBN 9786232218314.
  6. -, Haryanto (2008). Membuat Rempeyek Kacang Tahan. Jakarta: Kanisius. ISBN 9789792120646.
  7. Rachmat Taufiq Hidayat, Rachmat (2008). Peperenian urang Sunda Seri Girimukti. Jakarta: Kiblat Buku Utama. ISBN 9789793631578.
  8. Bambang Gunadi, Dodi Sudenda, Agromedia, Khairuman (2008). Budi Daya Ikan Mas secara Intensif. Jakarta: AgroMedia. ISBN 9789790062054. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
  9. 1 2 "Pakan Ayam Pedaging". jitunews. 2016-06-06. Diaksés tanggal 2017-07-21. Archived 2017-08-04 di Wayback Machine
  10. Darseno, SP (2013). Budi Daya Lele. Jakarta: AgroMedia. ISBN 9789790064553.