Lompat ke isi

Komodo

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Komodo
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Subordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
V. komodoensis
Ngaran binomial
Varanus komodoensis

Komodo (Varanus komodoensis) mangrupa bangsa kadal badag nu ukur aya di Kapuloan Sunda Alit, Indonésia. Ieu sato téh golongan kadal pangbadagna nu hirup kénéh nepi ka kiwari, panjangna rata-rata 2-3 méter. Di alam liar, nu jalu beuratna kira 70 kg, sedengkeun nu dikandangan (kukutan) bisa leuwih ti éta. Komodo pangbadagna nu kungsi kacatet panjangna 3,13 m, kalawan beurat 166 kilo, kaasup kahakanan dina beuteungna[1]. Komodo kaasup kulawarga bayawak, Varanidae.

Ayana komodo mimiti dilaporkeun ku urang Éropah taun 1910, nu salajengna sumebar ka sakuliah dunya, antukna ngirut Peter Ouwens, pupuhu Musium Zoologi Bogor, Jawa Kulon, medalkeun makalahna taun 1912. Taun 1980, Taman Nasional Komodo diresmikeun pikeun miara populasina.

Kadaharan

[édit | édit sumber]

Komodo mah karnivora. Najan mimindengna mah dahar bangké, hasil panalungtikan nunjukkeun yén komodo ogé sok moro mangsana, ngagunakeunkabisa lumpatna nu bisa nepi ka 20 km/h. Najan teu dianggap sato peurahan, huntu (baham) komodo téh sok pinuh ku rupa-rupa baktéri. Sakali digégél, najan bisa ngejat gé mangsana moal bisa manggapulia, sabab bakal katarajang inféksi nepi ka paéhna dina jangka ukur saminggu. Komodona mah kari nuturkeun tapakna (bau bangkéna).

Mangsa komodo téh rupa-rupa, di antarana bagong, embé, uncal, jeung munding. Di alam liarna mah malah komodo téh boga watek kanibal. Manusa ogé kalaporkeun aya nu kungsi jadi korban komodo.

Komodo nu leutik kénéh boga cakar nu bisa dipaké pikeun naék tangkal, tapi mun geus kolot mah ukur dipaké salaku pakarang.

Populasi

[édit | édit sumber]

Komodo kaasup spésiés nu kaancam punah, sarta kadaptar dina Daptar Beureum IUCN. Kiwari aya kira 6.000 komodo nu hirup, di antarana di pulo Komodo (1.700), Rincah (1.300), Gili Motang (100), jeung Florés (kira 2.000).

Baranahan

[édit | édit sumber]

Usum jalangan komodo lumangsung antara bulan Méi jeung Agustus, disusul ku endogan bulan Séptémber. Komodo bikang neundeun endogna dina taneuh atawa pasésaan kai. Sakali ngendog téh rata-rata 20-an, nu disileungleuman salila 7 bulan. Sanggeus megar, anak komodo lolobana hirup dina tatangkalan pikeun nyingkahan pamangga. Komodo nincak sawawa dina umur 5 taunan, panjangna kira 2 m, nu bisa hirup nepi ka 30 taunan.

Panalungtikan DNA

[édit | édit sumber]

Sababaraha waktu ka tukang, panalungtikan ngagunakeunanalisis DNA jeung téhnik lianna di Universitas Melbourne nunjukkeun yén horéng komodo téh peurahan (atawa boga gén nu ngahasilkeun peurah) sarta kaasup Toxicofera. Hasil ieu penting pikeun anggapan tradisional ngeunaan évolusi Squamata, sabab bukti DNA nunjukkeun yén kadal jeung oray modéren téh tepung dina karuhun 200 taun ka tukang.

Vidéo Varanus komodoensis di Karajaan Sato Disney

Baca ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan jeung tumbu kaluar

[édit | édit sumber]