Taman Nasional Komodo

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Taman Nasional Komodo*
Loka Warisan Dunya UNESCO

Komodo
Nagara Bandéra Indonésia Indonésia
Tipeu Alam
Kriteria vii, x
Rujukan 609
Wewengkon Asia Pasifik
Sajarah inskripsi
Inskripsi 1991  (Sési ke-15)
* Ngaran saperti nu diterangkeun dina Daptar Warisan Dunya.
Wewengkon saperti nu diklasifikasikeun ku UNESCO.

Taman Nasional Komodo nyaéta hiji tempat anu pernahna di sagigireun Nusa Tenggara Wétan jeung Nusa Tenggara Kulon. Diwangun ku tilu pulo : Pulo Komodo, Pulo Rinca, Jeung Pulo Padar tur sababaraha pulo leutik séjéna. Legana daratan ieu taman kurang leuwih 603 km² lamun diitung jeung lautna kurang leuwih legana nambah jadi 1817 km² .

Mimiti diwangun taun 1980 maksudna pikeun ngajaga tur ngariksa kalumangsungan hirup komodo jeung habitatnya. Di ieu tempat kurang leuwih hirup 277 spesies sasatoan anu mangrupa campuran sasatoan anu asalna ti Asia jeung Australia, sasatoan anu hirup di ieu taman tayalian ti: 32 spesies mamalia, 128 spesies manuk, jeung 37 spesies réptilia. Sagigireun komodo, sahenteuna aya 25 spesies sato darat jeung manuk anu kaasupkeun kana sato anu hirupna dina panalingaan kalumangsungan hirupna/dilindungi, ku lantaran jumlahna anu ngan saeutik jaba tikitu hirupna ngan wungkul aya di éta wewengkon (endemik).

Taman iéu ogé, mibanda batu karang/terumbu karang. Anugeus katitenan kurang leuwih aya kana 253 spesies karang anu kapanggih di ieu wewengkon, ogé kurang leuwih aya 1.000 spesies lauk. Alam anu éndah, cai laut canémbrang herang, matak méré nah dipaké ngojay jeung teuleum/nyelam ieu mangrupa pangirut pikeun juljolna para wisatawan anu ngadon arulin ka éta daérah.

Pulo-pulo anu aya di dieu mangrupa pulo vulkanis. Pangeusina kurang leuwih 4.000 jiwa. Dina taun1991 ieu taman nasional mangrupa situs warisan dunya anu di tetepkeun ku UNESCO.

Tanggal 11 Nopémber 2011, New 7 Wonders ngabéwarakeun ngeunaan Taman Nasional Komodo mangrupa salah sahiji tina 7 kaahéngan dunya, marengan sababaraha tempat anu aya di nagara séjén tayalian: leuweung Amazon, ''Teluk'' Halong, curug Iguazu, Pulo Jeju, Susukan handapeun taneuh ''Puerto Princesa'', jeung ''Table Mountain''[1]. Taman Nasional Komodo hiji tina 7 kaahéngan dunya[2].

Pernahna Taman Nasional Komodo[édit | édit sumber]

Taman Nasional Komodo pernahna aya di tengah-tengah pulo Sumbawa jeung pulo Flores dina runtuyan pulo-pulo Nagara Indonésia beulah wétan. Dina urusan administratip ieu wewengkon kaasupkeun ka wilayah Kacamatan Komodo, Kabupaten Manggarai Barat, Provinsi Nusa Tenggara Wétan. Ieu wewengkon ditetepkeun Taman Nasional Komodo dina tanggal 6 Maret 1980 ogé mangrupa Cagar Manusia jeung Biosfer ditetepkeun dina taun 1977 ditetepkeun agé mangrupa ''Situs Warisan Dunia'' ku UNESCO dina taun 1991, mangrupa Lambang Nasional ditetepkeun ku Presidén RI dina taun 1992, ditetepkeun ogé mangrupa wewengkon panyalindungan Laut dina taun 2000 tur mangrupa salah sahiji conto Taman Nasional anu aya di Indonesia ditetepkeun dina taun 2006.

Legana Taman Nasional Komodo kurang leuwih 173.300 ha kaasup dijerona daratan jeung lautan kalawan mibanda lima pulo gedé tayalian Pulo Komodo, Pulo Padar, Pulo Rinca, Gili Motang, Nusa Kode katambahan ku sababaraha pulo-pulo leutik. éta pulo-pulo kabéhanana disebut ku Taman nasional anu ditetepkeun pikeun tempat nyalindungna Komodo ku lantaran habitatna nyanghareupan ancaman tina katumpuran. Kaasup dijerona aya pirang-pirang kahirupan anu aya di éta tempat. Taman lautna disayagikeun pikeun ngajaga tur ngariksa sagala rupa-rupa biota laut anu aya disabudeureun éta pulo, malahan ieu taman laut kaasup kana salah sahiji taman anu pepek eusina.

Taman Nasional komodo pernahna dina jajaran garis Wallacea Indonesia. Wewengkon Wallacea mangrupa pasangrokna dua benua anu nimbulkeun pulo-pulo anu beda hiji jeung anu liana tul mibanda gunung-gunung anu aktive, sasatoan pangeusina éta pulo-pulo ogé pacampur asalna ti kadua benua Autralia jeung Asia. Di éta Taman Nasional Komodo Aya kana 254 spesies pepelakan/tatangkalan anu asalna ti Asia jeung Australia. ogé kapanggih 58 rupa sasatoan jeung 128 rupa manuk. Vegetasi campuran anu aya di ieu Taman Nasional Komodo ngajadikeun ieu tempat anu genah tur méré nah pikeun hirup rupa-rupa sasatoan anu aya di éta tempat.

Di jero Taman Nasional Komodo, sahenteuna aya kana opat kampung. Pulo Komodo aya hiji kampung tayalian kampung Komodo; pulo Rinca aya dua kampung tayalian ti Rinca jeung Kerora, tur di pulo Papagarang aya sakampung nyaéta kampung Papagaran. Nepika taun 2010, masyarakat anu nganjrek éta wewengkon aya kana 4.251 urang anu lolobanaa pakasabanna jadi pamayang / Nelayan. Dina ageman méh kabéh ngagem agama Islam.

Sajarah dina ngokolakeun taman[édit | édit sumber]

Satwa Komodo mimiti kasohor dina dunya elmu pengetahuan (pangaweruh) ti mimiti taun 1911 nalika Peter Ouwens, Salah saurang kurator di hiji musieum Museum Zoologi Bogor, narima hiji sato anu dikirim ku saurang Perwira Pamaréntah Hindia Belanda J.K.H. Van Steyn, anu satuluyna dingaraan Varanus komodensis Ouwens dina taun 1912 dina catetanna Pieter Antonie Ouwens anu dibéré judul "On a Large Species from The Island of Komodo". Tiharita mimiti nimbulkeun kasadaran pikeun ngajaga tur ngalestarikeun kalumangsungan hirup éta sato, ieu kasadaran ogé mimiti katempo prakna ku dikaluarkeuna rupa-rupa aturan pamaréntah anu eusina pikeun méré panyalindungan éta sato komodo, di antarana waé :

  • SK. Sultan Bima tahun 1915 ngeunaan panyalindungan Komodo (Verordening van het Sultanat van Bima).
  • SK Pamaréntah Daérah Manggarai tahun 1926 ngeunaan panyalindungan Komodo (Besluit van het Zelfbestuur van het Landschap Manggarai).
  • SK Residén Timor tahun 1927 ngeunaan disahkeun SK Pamaréntah Daérah Manggarai pada butir 2 anu diluhur.

Dina palebah pangwangunan Taman Nasional Komodo aya sabaraha undakan :

  • Zelfbestuur van Manggarai, verordening No. 32/24 September 1938 ngeunaan ngadegkeun Suaka Margasatwa Pulo Padar, Beulah kulon jeung kiduleun Pulo Rinca.
  • Residen van Timor en onder horigheden No. 19/27 Januari 1939 (Disahkeuna paraturan Pamaréntah Daérah dina angka 1)
  • Surat Kaputusan Menteri Kehutanan No.66/Dep.Keh/1965 tanggal 21 Oktober 1965 ngeunaan ditetepkeuna Pulo Komodo pikeun Suaka Margasatwa anu legana 31.000 Ha.
  • Surat Kaputusan Gubernur KDH Tk. I Nusa Tenggara Timur No.32 Tahun 1969 tanggal 24 Juni 1969 ngeunaan panunjukan Pulao Padar, Pulo Rinca jeung Daratan Wae Wuul/Mburak pikeun Leuweung Wisata/ Suaka Alam anu legana 20.500 Ha.
  • Surat Kaputusan Dirjen Kehutanan No.97/Tap/Dit Bina/1970, Ngeunaan ditunjukna Seksi PPA di Labuan Bajo.
  • Pangumuman Menteri Pertanian tanggal 6 Maret 1980 ngeunaan diwanguna Taman Nasional Komodo.
  • Kaputusan Dirjen PHPA No.46/Kpts/VI-Sek/84 tanggal 11 Désémber 1984 ngeunaan ditangtukeuna Wilayah Kerja Taman Nasional Komodo.
  • Kaputusan Menteri Kehutanan No.306/Kpts-II/92 tanggal 29 Februari 1992 ngeunaan robahna Suaka Margasatwa Pulau Komodo, Pulau Rinca, Pulau Padar anulegana 40.728 Ha sarta mernahkeun Laut disabudeureuna anu legana 132.572 Ha pernahna di Kabupaten Dati II Manggarai Provinsi Dati I Nusa Tenggara Timur pikeun Taman Nasional anu dingaranan Taman Nasional Komodo.
  • Taun 1992, Komodo ditetepkeun ku Présidén RI mangrupa Simbol Satwa Nasional ngaliwatan Keppres No. 4 Tahun 1992 tanggal 9 Januari 1992.
  • Taun 1992, Robahna kagunaan Suaka Margasatwa Pulo Komodo, Pulo Rinca jeung pulo Padar anu legana 40.728 Ha ogé netepkeun Laut anu legana 132.572 Ha pikeun dimangpaatkeun pikeun Taman Nasional Komodo.
  • Taun 2000, ngeunaan netepkeun daérah pikeun ngajaga kalanggengan leuweung ku Menteri Kehutanan anu legana 132.572 Ha.
  • Taun 2006, Taman Nasional Komodo mangrupa 21 Taman Nasional Modél anu aya di Indonésia luyu jeung SK Direktur Jenderal PHKA Nomor SK.128/IV-Sek/2006 ngeunaan probahankaputusan Direktur Jenderal PHKA Nomor SK.69/IV-Set/HO/2006 ngeunaan ditunjukna 20 (Dua puluh) Taman Nasional pikeun Taman Nasional Modél.

Rupa-rupa kahirupan din Taman Nasional Komodo[édit | édit sumber]

Poténsi Flora[édit | édit sumber]

Ekosistem Taman Nasional Komodo dipangaruhan ku iklim anu ngahasilkaeun halodo leuwih panjang, hawana nyongkab panas jeung arang langka turu hujan. Sagigireun ti éta Taman Nasional Komodo nempatan zonasi transisi di mana flora jeung fauna asalna ti Asia jeung Australia. Ekosistem cai dipangaruhan ku iklim El-Nino/La Nina, anu ngabalukarkeun cai laut di éta wewengkon leuwih haneut anu mindeng kajadian ngalirna cai laut anu kawilang kuat. Rupa-rupa vegetasi anu aya Taman Nasional Komodo ;

Tegalan jukut jeung leuweung Savana di dieu tegalan jukut jeung leuweung Savana legana nepika 70% tina legana Taman Nasional Komodo. Rupa-rupa jukut jadi kalawan subur saperti ; Setaria adhaerens, Chloris barbata, Heteropogon contortus, Themeda gigantea jeung Themeda gradiosa anu paselang jeung tangkal lontar (Borassus flobellifer) anu memang ieu tangkal asli di ieu wewengkon.

'Leuweung ' Tropis anu pernahna di 500 m dpl) Kurang leuwih 25% tina legana ieu wewengkon Komodo mangrupa vegetasi leuweung tropis tatangkalan anu jadi dieiu daérah kayaning : kesambi (Schleichera oléosa), asem (Tamarindus indica), kepuh (Sterculia foetida), jeung anu séjéna.

leuweung anu pernahna disaluhureun 500 m dpl tempat anu pernahna saluhureun 500 m dpl. Diluhureun pasir-pasir/gunung leutik, vegetasinya kayaning ; Collophyllum spectobile, Colona kostermansiana, Glycosmis pentaphylla, Ficus urupaceae, Mischarpus sundaicus, Podocarpus netrifolia, Teminalia zollingeri, Uvaria ruva, rotan (Callamus sp.), bambu (Bambusa sp.), aya ogé dina tempat anu kaiuhan/hieum kapanggih ogé sababaraha lumut anu napel hirup dina batu-batu.

Potensi Fauna[édit | édit sumber]

Sababaraha rupa Fauna/sasatoan anu kapanggih hirup di Taman Nasional Komodo saperti ;

Komodo (Varanus komodoensis)

Kiwari aya nana 2,793 komodo anu hirup di wewengkon Nasional Komodo. 1,288 aya di pulo Komodo, 1,336 deui di pulo Rinca, 83 di Gili Motang jeung 86 di Nusa Kode. Sedengkeun di pulo Padar komodo komodo téh geus teu kapanggih deui kawasna tumpur. Kapanggih hirup di tegalan jukut, leuweung savana, jeung di sisi basisir.

Komodo kahakanana daging karnivora. Komodo anu masihkeneh leutik ngahakan sabangsaning serangga, cakcak jeung manuk. Anak Komodo hirup dina tatangkalan nepi ka umur dua taun, maksudna nyingkahan gangguan jeung dihakan ku komodo anu leuwih gede atawabagong. di mana geus gedé Komodo bisa ngahakan uncal,mencek bagong, kuda, jeung munding cai. Komodo ogé ngahakan bangké, naon waé anu kapanggih.

Komodo létahna ulal-elol kaluar kajéro maksudna pikeun ngangseu kahakanan anu aya di sabudeureuna, komodo bisa ngangseu buruana anu anggangna nepika lima (5 km). Ciduh ( air liur) komodo ngandung bakteri anu bisa ngabalukarkeun korban nyawa. kurang leuwih aya kana 60 rupa bakteri anu aya dina ciduk éta komodo salah sahijina bisa ngabalukarkeun gedih karacunan. Buruan/Mangsa anu digegel ku komodo bisa paéh dina waktu sapoé nepika sababaraha minggu ku alatan ketihna karacunan.

Mamalia Kayaning , Uncal (Cervus timorensis), ajag (Cuon alpinus), bagong (Sus scrofa), Lutung (Macaca fascicularis), kuda liar (Equus caballus) jeung munding liar (Bubalus bubalis), careuh (Paradoxurus hermaphroditus), beurit gedé Rinca] (Ratus ritjanus), jeung kalong buah (Cynopterus brachyotis jeung Pteropsis sp.)

'Manuk Aya kana 111 rupa manuk , kayaning ; manuk gosong (Megapodius reinwardt), kakatua (Cacatua sulphuréa), tikukur (Géopelia streptriata), puter (Streptopelia chinensis), pergam hijau (Ducula aenéa), Philemon buceroides, manuk raja udang (Halcyon chloris), jaung manuk kacamata laut (Zosterops chloris).

“Reptil” Aya kana 34 rupa Reptil. Sagigireun reptil Komodo, kayaning ; Oray kobra (Naja naja), oray russel (Viperia russeli), oray hejo (Trimeresurus albolabris), oray sanca (Python sp.), oray laut (Laticauda colubrina), kadal (Scinidae, Dibamidae, jeung Varanidae), toke (Gekko sp.), penyu sisik (Eretmochelys imbricata), dan penyu hijau (Chelonia mydas).

Zonasi[édit | édit sumber]

Tipe-tipe Zonasi di Taman Nasional Komodo;

  • Zona Inti, ieu zona legana 34.311 Ha anu mangrupa zona larangan atawa aya dina panyalindungan, di dieu teu meunang aya parobahan ku alatan ayana kagiatan manusa, kajaba aya patula patalina jeung panalungtikan pikeun kamekaran élmu jeung pendidikan.
  • Zona Rimba, ieu zona legana 66.921,08 Ha anu mangrupa zona larangan atawa aya dina panyalindungan, di dieu teu meunang aya parobahan ku alatan ayana kagiatan manusa, kajaba aktivitas wisata.
  • Zona Perlindungan Bahari,ieu zona legana 36.308 Ha nyaéta daérah anu pernahna 500 m ti sisi basisir kaluareun garis isodepth 20 m sakuriling batu karang, kajaba dina zona pamangpaatan tradisional bahari. Dina ieu zona teu meunang ngala lauk jeung hasil laut séjéna, kajaba kagiatan wisata alam anu geus ditangtukeun.
  • Zona Pemanfaatan Wisata Daratan, zona ieu legana 824 Ha ngan dipaké kalayan intensif pikeun wisata alam daratan.
  • Zona Pemanfatan Wisata Bahari, zona ieu legana 1.584 Ha ngan dipaké kalawan intensif pikeun wisata alam perairan.
  • Zona Pemanfaatan Tradisional Daratan, zona ieu legana 879 Ha, zona ieu bisa dipaké masarakat sabudeureun pikeun nyumponan kabutuhan sapopoé anu ijina dicepeng ku Kepala Balai TN. Komodo.
  • Zona Pemanfaatan Tradisional Bahari, zona ieu legana 17.308 Ha, zona ieu bisa dipaké masarakat sabudeureun pikeun nyumponan kabutuhan sapopoé anu ijina dicepeng ku Kepala Balai TN. Komodo. Di ieu zona ngala lauk jeung hasil laut séjéna bisa dilakukeun dina katangtuan pakakas jeung parabot paranti ngalalauk henteu ngaruksak habitat laut saperti (nguseup, bagan, huhate, jeung payang) ogé kagianan wisata atawa rékréasi.
  • Zona Khusus Permukiman, zona ieu legana 298 Ha, zona paragi ngababakan/bermukim ngan pikkeun masarakat asli kalawan aturan anu geus ditangtukeun ku kepala Balai TN. Komodo gawé bareng jeung pamaréntah daérah satempat.
  • Zona Khusus Pelagis, zona ieu legana 59.601 hektare. Di ieu zona ngala lauk jeung hasil laut séjéna bisa dilakukeun dina katangtuan pakakas jeung parabot paranti ngalalauk henteu ngaruksak habitat laut saperti (nguseup, bagan, huhate, jeung payang) ogé kagianan wisata atawa rekreasi.

Galeri[édit | édit sumber]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]