Kuis
Kuis (basa Inggris: quiz), nyaéta paduan kecap atawa sinonim pikeun kaulinan teka-teki, anu biasana aya hadiahan. Umumna, kuis dipikawanoh liwat acara tipi anu dipintonkeun sacara rutin boh unggal minggu boh unggal poé.
Daptar acara kuis lisénsi internasional
[édit | édit sumber]| Judul | Nagara asal | Taun awal pinton | Nu nyekel lisensi kiwari |
|---|---|---|---|
| 1 vs. 100 | Walanda |
2000 | Endemol |
| Are You Smarter Than a 5th Grader? | Amérika Sarikat |
2007 | Mark Burnett Production |
| Deal or No Deal | Walanda |
2000 | Endemol |
| Family Feud | Amérika Sarikat |
1976 | FremantleMedia |
| It's Your Chance of a Lifetime | Amérika Serikat |
2000 | Fox Broadcasting Company |
| Let's Make a Deal | Amérika Sarikat |
1963 | FremantleMedia |
| Russian Roulette | Rusia |
2002 | Becker Entertainment |
| The $1,000,000 Chance of a Lifetime | Australia |
1999 | Seven Network |
| The Price is Right | Amérika Sarikat |
1972 | FremantleMedia |
| Wheel of Fortune | Amérika Sarikat |
1975 | Sony Pictures Television |
| Who Wants to Be a Millionaire? | Inggris |
1998 | Celador Internasional Becker Entertainment |
Kiwari kuis hadiahan teu ngan saukur dipintonkeun di tipi wungkul, tapi geus nyaluyukeun jeung téknologi nu mingkin canggih, nyaéta liwat fasilitas internét, dina platform sosial média kayaning twitter, facebook, google+ jeung sajabana.
Kuisna diayakeun ku akun-akun sosial média official ti hiji pausahaan kasohor di dunya. Mimiti ti anu hadiahna pulsa, duit, mobil, motor, gadgét, nepi ka imah haratis tanpa dipénta biaya nanaon.