Lapis legit

Lapis legit nyaéta kuéh lokal nu boga pangaruh ti jaman kolonial Walanda di Indonésia.[1][2] Resep kué ieu disaluyukeun jeung bahan-bahan nu aya di Indonésia, kiwari lapis legit geus jadi salah sahiji kabeungharan kadaharan di Indonésia.[1]
Lapis legit disebut ogé spekkoek.[1][2] Kecap spek dina basa Walanda hartina lapisan lemak babi.[1] Tapi bahan kuéh lapis legit teu ngandung babi, ngan saukur sebutan ku sabab saperti lapisan lemak babi nu manglapis-lapis.[1]
Lapis legit nyaéta salah sahiji jenis kuéh manglapis-lapis nu miboga bahan dasar tina tipung tarigu, endog, jeung miboga aroma bungbu nu seungit.[1] Umumna, spekkoek warnana konéng jeung cokelat.[1] Lapis legit ogé biasa dipidangkeun diacara-acara gedé.[1] Lapis legit miboga rasa rempah-rempah nu kuat, ku sabab bahan palengkepna nyaéta cardamon, ki amis, cengkéh, jeung adas amis.[1][2][3] ku sabab éta loba urang Eropa nu resep kana kuéh ieu.[1] Di Walanda, kuéh ieu dipidangkeun sanggeus dahar.[1] Sadengkeun di Indonésia salakku kuéh pikeun camilan.[1] Lapis legit téh kaasup kana salah sahiji kadaharan nu pang ngeunahna di dunia.[3]
Cara nyieunna
[édit | édit sumber]Nyieun kuéh lapis legit téh sadiakeun bahan-bahan kayaning tipung tarigu, kokonéng endog, mantéga, gula bubuk, susu bubuk, bungbu spekkoek, ki amis bubuk, cengkéh bubuk jsb.[4] Pikeun prak-prakanna, kocok atawa mixer kabéh bahan nu geus disadiakeun nepi ka bahan adonan beukah (kira-kira 15 menit).[4] Siapkeun loyang pikeun adonan, tuluy oven salapis-salapis nepi ka asak. Lapis legit siap dipidangkeun.[4]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 "Lapis Legit Yang Dipengaruhi Belanda". Nutrisi Untuk Bangsa (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2017-10-30.[tumbu nonaktif]
- 1 2 3 Media, Kompas Cyber. "Begini Asal-usul Lapis Legit yang Masuk Daftar Kue Terlezat di Dunia - Kompas.com". KOMPAS.com (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2017-10-30.
- 1 2 Indonesia, CNN. "Lapis Legit, Kue Indonesia Terlezat di Dunia". CNN Indonesia (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2017-10-30.
- 1 2 3 "Resep Lapis Legit oleh Melisa Ulan NoVika II". Cookpad (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2017-10-30.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |