Méga kumulonimbus

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Mega kumolonimbus

Méga kumolonimbus nyaéta méga anu kandel, jangkung pisan, padet, mirip gunung atawa munara, nu kawangun akibat ayana uap cai nu dibawa ku arus udara nu kacida kuatna ka luhur.[1] [2][3]Méga ieu ngahasilkeun guludug jeung cuaca goréng nu bahaya pisan saperti tornado.[1] [2]Ti kajauhan ieu méga warnana bodas tapi lamun ditingali ti handap mah warnana hideung. [2]

Kecap Kumolonimbus asalna tina basa latin nyaéta, Cumulis nu hartina akumulasi jeung nimbus nu hartina hujan.[1] Méga kumulonimbus kawangun dina kaluhuran anu henteu jangkung pisan. [1]Biasana tumuwuh sacara vertikal (ka luhur) nepi ka rupana mirip suung.[1] Dasar tina méga ieu miboga lébar nepi ka sababaraha kilométer, bagian dasar méga umumna kawangun dina kaluhuran 500-13.000 kaki (200-4000 m), sedengkeun bagéan luhur/puncakna bisa ngahontal kaluhuran 20000-75000 kaki (6000-23000 m).[1] Méga kumolonimbus loba kapanggih di daérah tropis saperti di Indonésia jeung biasana mah kawangun waktu usum ngijih.[1]

Aya sababaraha jenis méga kumolonimbus anu kasohor nyaéta cumulonimbus calvus, cumulonimbus arcus, cumulonimbus capillatus, cumulonimbus incus, cumulonimbus mammatus, plannus, pileus, praecipitatio, tuba, velum jeung virga. [1]

Bahaya Méga Cumulonimbus keur Panerbangan[édit | édit sumber]

Poténsi méga kumolonimbus bisa nyababkeun badai jeung guludug nepi ka méga éta téh kudu dihindari ku dunya panerbangan.[1] Méga kumolonimbus dianggap minangka musuh dina penerbangan. [1]Kapal udara teu meunang ngapung sarta asup ka jero méga kumolonimbus. [1]Lamun kapal udara asup ka jero méga ieu, maka kapal udara bisa ngalaman turbulénsi hébat (kapal udara bakal ngalaman guncangan hébat, kabantingkeun ka luhur jeung ka handap).[1][4] [3]Méga kumolonimbus ngandung badai, guludug (listrik), és jeung suhu di jerona téh kacida tiis pisan nepi ka bisa nyababkeun mesin kapal udara paéh, alat/instrumén kapal udara jadi kaganggu jeung teu bisa dipaké. [1][4]Rupa-rupa fénoména alam saperti hujan badag, guludug, angin nu kuat, hujan és, tepi ka tornado mindeng diasosiasikeun ka méga kumolonimbus. [1]Ku lantaran éta, méga kumolonimbus kaasup kana méga nu diwaspadaan ku para pilot.[1]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o "Apa Itu Awan Cumulonimbus? Benarkah Berbahaya bagi Pesawat?" (dalam bahasa id-ID). informasitips. 2014-12-28. http://informasitips.com/apa-itu-awan-cumulonimbus-benarkah-berbahaya-bagi-pesawat. Diakses pada 2017-11-10 
  2. a b c Marbun, M.A (2004). Ensiklopedia Geografi. Bogor: Yudhistira. p. 43. ISBN 979-746-308-7. 
  3. a b Medistiara, Yulida. "Jika Pesawat Masuk Awan Cumolonimbus Apa yang Dirasakan Penumpang". detik.com. Diakses tanggal 10 November 2017. 
  4. a b Visca, Dona. "Bahaya Awan Cumolonimbus". Faktakah.com. Diakses tanggal 10 November 2017.