Lompat ke isi

Mansyur S.

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Mansyur Subhawannur leuwih dipikawanohna mah Mansyur S. (gumelar di Jakarta, 30 November 1948; umur 77 taun) nyaéta saurang panyanyi dangdut légéndaris Indonésia.[1][2] Anjeunna ogé kungsi maén sinétron.[2] Sawatara lagu anu kaceluk sok dihaleuangkeun nyaéta saperti Zubaédah, Khana jeung Rembulan.[2] Album munggaran anu dipedal ku anjeunna nyaéta Pesan Perpisahan taun 1969.[2] Sapanjang taun 1990-an nepi ka taun 2000, anjeunna geus medalkeun tilu album per taun.[2] Anjeunna ogé kungsi medalkeun album aliran musik gambus, Sunda, malah mah album lagu pop.[2] Sanajan kitu, leuwih luyuna mah dina musik dangdut baé.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Profil Mansyur S. Diaksés 12 Juli 2015.
  2. 1 2 3 4 5 6 7 Profil Mansyur S.. Diaksés 12 Juli 2015.