Masjid Agung Al-Ukhuwwah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Masjid Agung Al-Ukhuwwah
Masjid Agung Al-Ukhuwwah
Informasi umum
LetakBandung, Jawa Barat, Indonesia
Afiliasi agamaIslam
Deskripsi arsitektur
Jenis arsitékturMasjid
Spesifikasi
Kapasitas1.000 jamaah

Masjid Agung Al-Ukhuwwah nyaéta salah sahiji masjid agung nu aya di Kota Bandung. Masjid ieu lokasina teu jauh tina Balai Kota Bandung, tepatna di Jalan Wastukéncana No. 27.

Masjid ieu mangrupa Masjid Agung Kota Bandung. Salian ti éta, ieu masjid ogé jadi kareueus masarakat Bandung. Ngalaporkeun tina kaca Hidayah Islam Departemen Agama Indonésia, Masjid Al Ukhuwah kadaptar kalawan No. ID Masjid 01.2.13.20.19.000037.

Sajarah[édit | édit sumber]

Sajarah pangwangunan masjid ieu kaitung miboga sajarah nu panjang, lantaran lokasi nu ayeuna jadi masjid téh, saméméhna pernah diwangun dua wangunan anu beda. Pas zaman panjajahan bahéula, lokasi masjid ieu pernah anceg wangunan gedong nu dijadikeun tempat pakumpulan kaum nu miboga idéologi Freemason. Tapi sanajan pakumpulan kaum Freemason, gedong ieu kaasup gedong anu sepi jeung geueuman, ku sabab ngan dipaké ti wanci peuting wungkul. Ku kituna ku masarakat satempat mah, gedong ieu di landih "Gedong Loge Sint Jan" nu hartina "Rumah Hantu"[1] . Gedong ieu diwangun taun 1896, kalebet ka loge ka-13 ogé salah sahiji loge anu panggedéna di Hindia Walanda[2]. Gedong ieu mulai digunakeun taun 1901 jeung umumna digunakeun kanggo kagiatan pendidikan saréng sosial[3]

Dina Mangsa kamardékaan, taun 1960 an Gedong Loge Sint Jan dibongkar diratakeun jeung taneuh. Teu aya alesan jelas anu ngadukung pembongkaran ieu, namun aya patali ogé saréng pelarangan organisasi Freemasonry ku Présidén Soekarno[4]. Akhirna gedong Loge Sin Jan nu kurang leuwih anceg salama 60 taun rata jeung taneuh.[1]

Teu lila ti ratana Gedong Loge Sin Jan, di wangun gedong nu katelah Graha Pancasila. Gedong ieu biasa dipaké pikeun tempat ngariung, pameran nepikeun tempat sékretariat Wanadri. Dina arsitektur wangunan Gedong Graha Pancasila ieu mibanda arsitektur nu beda. Dina gedong Loge sin Jan wangunan leuwih ramping tempat parkir kaitung lega, beda jeung wangunan Graha Pancasila nu lebar ka gigir nyebabkeun parkiran leuwih leutik tibatan gedong Loge Sin Jan.[1] Di taun 90an, Graha Pancasila dibongkar kanggo pangwangunan Masjid Al Ukhuwwah.

Proses pangwangunan Masjid Al Ukhuwwah lumangsung dina dua taun, ti taun 1996-1998. Pangwangunan ieu didanaan ngagunakeun anggaran ti Pamaréntah Kota Bandung jeung Pamaréntah Provinsi Jawa Kulon[1].

Wangunan jeung Arsitéktur[édit | édit sumber]

Wangunan[édit | édit sumber]

Masjid Al Ukhuwwah cindekna di Jalan Wastukéncana No. 27 Kota Bandung. Numutkeun data ti Direktorat Urusan Agama dan Pembinaan Syariah Direktorat Jendral Bimas Islam Kementrian Agama Republik Indonesia, masjid ieu ngagaduhan lega 5.000 m² tur bisa nampung 1.000 jamaah[5].

Arsitéktur[édit | édit sumber]

Masjid Al Ukhuwwah ieu dirancang ku arsitek Ir. Keulman. Dinding bagian hareup masjid dihias ku ornamén héjo ayat-ayat Al Qur'an. Di bagian téngah dinding hareup aya mihrab marmér anu dihias ku kaligrafi surat Al Fatihah. Di samping éta, di bagéan langit-langit masjid ngagaduhan lampu gantung badag jeung kaca anu ngabantuan penerangan dina siang hari. Tepat di langit-langit masjid, aya ogé konstruksi besi anu nyangga bagéan atap masjid. Salah sahiji kaunikan Masjid Al Ukhuwwah nyaéta teu ayana penyangga di téngah ruang utama masjid. Tiang penyangga masjid ngan aya di bagian pojok keur nyangga lantai 2 masjid[4].

Téma desain Masjid Agung Al-Ukhuwwah Bandung dipilih minangka solusi pikeun ngarancang tantangan jeung kabutuhan. Fokus utama masjid minangka tempat ibadah, sarta téma desain kudu luyu jeung fungsi, kagiatan jeung fasilitas di jero pikeun nyieun desain optimal.[6]

Téma Tropis dipilih pikeun ngagambarkeun karakter jeung suasana, kalayan merhatikeun pangaruh lingkungan dina jero wangunan. Kusabab ieu masjid ayana di puseur dayeuh Bandung anu iklimna tropis, jadi fasilitas umum anu kacida pentingna pikeun umat Islam pikeun ngalaksanakeun ibadah jeung kagiatan kaagamaan. Pendekatan Tropis dina ngarancang masjid dianggap solusi pikeun ngungkulan kaayaan anu aya. Kaayaan iklim kawas suhu hawa, paparan panonpoé, pola angin, tingkat kalembaban jeung curah hujan mangrupakeun faktor utama dina desain. Ieu dirojong ku pendekatan desain anu ramah lingkungan, kalayan faktor kawas desain surya pasip, éfisiénsi énergi, éfisiénsi cai, kualitas hawa jero rohangan ningkat, dampak lingkungan, rasa tempat jeung desain anu lestari.[6]

Salian ti merhatikeun kaayaan anu geus aya, desain ogé kudu ngagambarkeun visi Masjid Agung Al-Ukhuwwah Bandung. Visi ieu ngébréhkeun kahayang sangkan masjid jadi conto panghadéna anu bisa dijadikeun panutan, sakaligus jadi mitra utama pamaréntah Kota Bandung dina ngahontal visi Jawara Bandung anu religius. Rarancang ieu masjid nyorotkeun jati diri Kota Bandung kalayan merhatikeun mayoritas suku Sunda, anu katémbong dina rarancangna sarta méré rasa anu kuat pikeun nyiptakeun jati diri wangunan masjid éta sorangan.[6]

Harepan éta téma Tropis téh bisa nyiptakeun suasana khusyuk jeung khusyuk dina ibadah, ogé méré pangaruh anu positif pikeun pamaké, sangkan ibadah jeung kagiatan séjénna bisa lancar. Desain ieu dilarapkeun kana élemen interior kalayan fokus kana fungsi unggal rohangan nu dirojong ku fasilitas nu cocog kabutuhan masarakat keur nyuponan kana fasilitas ibadah.[6]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d "Riwayat Masjid Ukhuwah, dari Gedung Freemason hingga Pancasila". SINDOnews.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2019-09-01. 
  2. Suriyanto. "Dulu 'Rumah Setan' Freemasonry Kini Rumah Tuhan". nasional (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-02-18. 
  3. Shafitri, Dony Indra Ramadhan, Reta Amaliyah. "Sejarah Masjid Al Ukhuwah: Dulu Disebut 'Gedung Setan' Freemason". detikTravel (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2020-02-18. 
  4. a b Nidiapraja, Agithyra. "Kisah Gedung Setan di Bandung, Sekarang Jadi Masjid Cantik". detikTravel (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2020-02-18. 
  5. "Sistem Informasi Masjid Seluruh Indonesia | PROFIL MASJID/MUSHALLA". simas.kemenag.go.id. Diakses tanggal 2020-02-18.  Archived 2019-07-29 di Wayback Machine
  6. a b c d Marinda, Rachmi; Firmansyah, Rangga; Hanafiah, Ully Irma Maulina (2018-04-01). "Redesain Interior Masjid Agung Al-ukhuwwah Di Kota Bandung" (dalam bahasa id). eProceedings of Art & Design 5 (1). ISSN 2355-9349. https://openlibrarypublications.telkomuniversity.ac.id/index.php/artdesign/article/view/6002. 
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan