Lompat ke isi

Monumén Pahlawan Révolusi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Monumén pahlawan révolusi pancasila téh nyaéta monumen nu dijieun pikeun pikeun miéling kajadian Lubang Buaya dina panghianatan Gerakan 30 September atawa G30S/PKI. Dina kajadian éta geus palastra 7 pahlawan révolusi sanggeus diculik jeung dipaténi kalawan kejem. [1]

Tujuh Pahlawan Monumén Révolusi Pancasila

[édit | édit sumber]

Katujuh pahlawan éta nyaéta:[1]

  1. Jenderal Ahmad Yani
  2. Jenderal S. Parman
  3. Jenderal Suprapto
  4. Jenderal Sutoyo
  5. Jenderal MT Haryono
  6. Jenderal Panjaitan
  7. Kapten P. Tendean.

Tujuhanana diabadikeun dina wangun patung nu nangtung luhureun tutup nu melengkung kalawan rélief nu ngagambarkeun lalakon kajadian ti mimiti prolog nepi ka epilog kajadian jeung numpes G30S/PKI ku ABRI jeung rahayat. [1]

Wangun Monumén

[édit | édit sumber]

Sacara gurat badag ieu monumen ngabogaan wangun saperti tutup sumur tempat para pahlawan revolusi mimiti dikubur. Tugu nu mangrupa batu pépéling pikeun tujuh pahlawan révolusi sarta relief nu  nyaritakeun lalakon G30S/PKI, jeung lapangan upacara.[1]

Nu ngarancanakeun jeung nu tanggungjawab dina ngawangun monumén ieu té nyaéta Saptono.[2] Tim panata nu mangrupa mahasiswa ASRI jurusan Patung, dipupuhuan ku Edhi Sunarso, jeung panata dasarna nyaéta Zeni Angkatan Darat dipupuhuan ku Kolonel II Kamaryani[2]Patung-patung pahlawan révolusi dijieun tina parunggu nu miboga jangkung kurang-leuwih 2,5 meter, rélief nu dijieun jangkungna 1,5 m sapanjang 20 tina bahan batu cor (artificial stone). Ditungtung liang sumur, dina tutup sumur, aya batu tulis nu eusina  tekad para pajoang Pancasila nu eusina: “Cita-cita perjuangan kami untuk rnenegakkan kemumian Pancasila tidak rnungkin dipatahkan hanya dengan rnengubur karni di dalam sumur ini, Lubang Buaya, 1 Oktober 1965." [1].

Taun 1972 mangrupa tahap akhir ngangeuskeun sakabéh komplék wangunan monumén. Monumén ieu diaranan ku Kasad kalayan kasaluyuan ti Presiden diresmikeun salaku "Monumen Pahlawan Revolusi dan Kesaktian Pancasila", kaasup ogé gedung Sasmita Loka Pahlawan Revolusi Ahmad Yani nu teu bisa dipisahkeun tina ieu monumen. [1]

  1. a b c d e f Pancasila Sakti, Monumen Archived 2017-09-29 di Wayback Machine Diaksés ping 29 Séptember 2017.
  2. a b Monumen Pancasila Sakti Archived 2017-09-30 di Wayback Machine Diaksés ping 29 Séptember 2017.