Moro

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Jalma-jalma nu keur moro

Moro nyaéta kagiatan anu dipigawé ku cara néangan, ngudag, sarta maéhan sato jarah.[1] Dina pakasaban urang Sunda tukang moro sato nu maké tumbak téh biasana disebut pamatang.[2] Dina awalna, kagiatan ieu dipigawé manusa pikeun meunangkeun kadaharan. Tapi, moro ngembang jadi hobi sarta saterusna jadi salah sahiji cabang olahraga.[1] Saluyu jeung kamajuan jaman, tujuan moro turut ngalaman parobahan.[1] Jaman baheula, moro mangrupa pakasaban utama.[1] Ayeuna, jelema moro pikeun nyalurkeun hobi.[1] Di Indonésia, moro geus dipigawé para bangsawan saprak abad ka-17 kalayan numpak kuda.[1] Maranéhanana biasana ngabogaan tempat moro husus, contona wewengkon leuweung anu dicicingan ku sato nu loba kawas babi leuweung sarta uncal.[1]

Sato nu di Moro[édit | édit sumber]

Sato anu dimoro teu kawates dina sato darat waé (maung, singa, gajah, babi leuweung, uncal, sarta oray) tapi ogé kaasup sato cai (contona paus, lauk, sarta buaya).[1] Sato nu di moro teu ukur didahar atawa dijadikeun hiasan imah pikeunnu moro waé, tapi ogé ditukeur sarta dijualbeulikeun.[1] Kulit buaya sarta oray bisa dimangpaatkeun minangka bahan beubeur, tali jam leungeun, sarta tas. Kulit maung biasna dijadikeun minangka pakéan.[1] Sedengkeun gading gajah dicokot minangka hiasan.[1]

Pamoroan di Indonésia[édit | édit sumber]

Dumasar aturan Pamaréntah No. 13 Taun 1994, moro dibédakeun jadi tilu macem, nyaéta moro tradisional pikeun kaperluan dahar, moro pikeun keerluan olahraga sarta tropi, sarta moro pikeun kaperluan séjénna.[1] Pamaréntah Indonésia ogé ngatur pas moro jadi sawatara wewengkon, contona taman moro, kebon moro, sarta wewengkon moro. Taman moro nyaéta wewengkon leuweung anu ditetepkeun ku pemrintah minangka tempat moro.[1] Kebon moro nyaéta lahan pikeun moro anu aya di luar taman moro.[1] Sedengkeun wewengkon moro nyaéta tempat moro nu ayana di luar taman moro sarta kebon moro.[1].

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
  2. Hadi, Drs. Ahmad (1991) Peperenian. Bandung; Geger Sunten. Kaca 32
Nulis.jpg