Muay Thai

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Muay Thai atawa Tinju Thai (Basa Thai: มวยไทย, IPA: [muɛ̄j tʰɑ̄j]) nyaéta seni béla diri ti Karajaan Thai. Muay Thai méh sarua jeung gaya béla diri ti Indocina, kawas pradal serey ti daérah Kamboja, Tomoi ti daérah Malaysia, lethwei ti daérah Myanmar jeung Muay Lao ti daérah Laos. Muay Thai nyaéta olahraga nasional Karajaan Thai anu turun tinurun ti béla diri kuno Muay Boran. Muay Thai jeung Kickboxing téh miboga téhnik gelut anu sarua.

Étimologi[édit | édit sumber]

Kata Muay asalna tina basa Sanskerta "mavya" ("tinju béla diri") jeung Thai asalna tina kecap "Tai" ("suku Thai"). Muay Thai ogé kawentar ku sesebutan "seni dalapan tungkai" atawa "élmu dalapan tungkai", ku sabab téhnikna dominan téh neunggeul, nyépak, nyiku, nyerang tuur, matak dipaké dalapan "titik kontak" anu béda jeung téhnik "dua poin" (tinju) dina tinju gaya wétan jeung "opat poin" (leungeun jeung suku) anu dipaké dina seni béla diri nu oriéntasina olahraga. Salah saurang praktisi Muay Thai anu kawentar salaku nak Muay, ari praktisi wétan atawa non-Asia Tenggara kadang-kadang disebut nak Muay farang, anu hartina "tukang tinju asing (luar nagri)".

Asal usul[édit | édit sumber]

Atlét Muay Thai ngadu'a saacan tarung.

Saacan wangunna kickboxing kungsi lila aya di Asia Tenggara. Dumasar adumanisna seni béla diri Cina jeung India,[1] praktisi Muay Thai nganggap yén Muay Thai salila 2000 taun nu geus kalarung. Di Karajaan Thai, Muay Thai tina seni béla diri Muay Boran ("tinju kuna"), hiji métodeu tarung leungen kosong anu geus dipaké ku tangtara bangsa Siam sanggeus leungitna sanjata dina peperangan. Militér bangsa Siam kuno nyieun Muay Thai tina seni nu didadasaran ku sanjata Krabi krabong, tapi aya ogé nu nganggap yén éta dua seni téh mekarna babarengan. Krabi Krabong tetep miboga pangaruh penting kana Muay Thai anu bisa ditilik tina sababaraha téhnik nyépak, miting, jeung gerakan-gerakan dina wai khru anu asalna tina tarung nu maké sanjata.[2]

Muay Boran anu saterusna disebut Muay Thai, mimitina disebut "dhoi muay" atawa "Muay". jadi salah sahiji olahraga hiburan dina ring ilaharna tinju. Kontés "Muay" ti taun ka taun jadi bagian integral tina féstival lokal nagri Siam, husuna nu dilaksanakeun ku kuil ibadah Hindu-Buddha. "Muay" ogé dianggap hiburan keur raja-raja Siam. Ahirna, atlét nu tadina teu maké alat aman dina leungeunna ngagunakeun tali rami panjang. Abenan ieu téh disebut muay kaad cheuk (Aksara Thai: มวยคาดเชือก).[3]

"Muay" ogé lila-lila mah mekar malah beuki dihargaan ku praktisi seni "Muay". Karajaan ngondang atlét anu parigel jeung loba pangalaman keur ngajarkeun "Muay" ka pagawékarajaan, prajurit, anak raja, jeung tukang ngawal raja. Ieu "Muay karajaan" téh disebut muay luang (มวยหลวง). Sababaraha periode Karajaan Ayutthaya, sapeleton pangawal karajaan diadegkeun, pancénna keur ngajaga raja jeung nagara. Maranéhanana kawentar ku sesebutan "Grom Nak Muay" (Résimén Petarung Muay). Tradisi "Muay" tuluy lumangsung nepi ka pamarétahan Raja Rama V (1868 – 1910) jeung Rama VII (1925 – 1935).[3]

Téhnik[édit | édit sumber]

Téhnik formal Muay Thai dibagi jadi dua kelompok, "Mae Mai" atawa "téhnik utama" jeung "Luk Mai" ataw "téhnik minor". Muay Thai téh seni tempur kontak penuh, lawan silih teunggeul jeung silih sépak sacara bébas. Ieu hal téh dumasar kana gaya tradisional di Karajaan Thai, tapi mangrupa wangun béla diri yang kurang kawentar dina béla diri kontemporér dunya mah, sabab neunggeul jiga téhnik Thai téh dianggap teu nguntungkeun. Méh sakabéh téhnik dina Muay Thai maké gerakan awak.[4]

Neunggeul (Chok)[édit | édit sumber]

Abenan Muay Thai di Bangkok, Karajaan Thai.
Istilah Indonesia Thai Transliterasi IPA
Jab Neunggeul pondok หมัดตรง Mud Trong mɑd troŋ
Hook Neunggeul bélok หมัดเหวี่ยงสั้น Mud Wiang San mɑd wɪɑŋ sɑn
Swing Neunggeul ayun หมัดเหวี่ยงยาว Mud Wiang Yao mɑd wɪɑŋ jɑːo
Spinning Backfist Neunggeul ka tukang หมัดเหวี่ยงกลับ Mud Wiang Glub mɑd wɪɑŋ ɡlɑb
Uppercut Neunggeul ka luhur หมัดเสย ( หมัดสอยดาว ) Mud Seuy mɑd sɣɪ
Cobra Neunggeul téhnik kobra กระโดดชก Kra-dod Chok ɡrɑ doːd tʃoɡ

Nyiku (Tee sok)[édit | édit sumber]

Istilah Indonesia Thai Transliterasi IPA
Elbow Slash Banting siku ศอกตี Sok Tee sɔ̀ːk tīː
Horizontal Elbow Siku horisontal ศอกตัด Sok Tud sɔ̀ːk tàd̥
Uppercut Elbow Siku ka luhur ศอกงัด Sok Ngud sɔ̀ːk ŋád̥
Forward Elbow Thrust nyurungkeun siku ka hareup ศอกพุ่ง Sok Poong sɔ̀ːk pʰûŋ
Reverse Horizontal Elbow Siku horisontal ka tukang ศอกเหวี่ยงกลับ Sok Wiang Glub sɔ̀ːk wìːaŋ klàb̥
Spinning Elbow Siku muter ศอกกลับ Sok Glub sɔ̀ːk klàb̥
Elbow Chop Neunggeula-siku ศอกสับ Sok Sub sɔ̀ːk sàb̥
Double Elbow Chop Neunggeul- siku mindo ศอกกลับคู่ Sok Glub Koo
Mid-Air Elbow Strike Nyerang ku siku กระโดดศอก Gra-dode Sok

Nyépak (Tae)[édit | édit sumber]

Istilah Indonesia Thai Transliterasi
Straight Kick Nyépak lempeng เตะตรง Tae Trong
Roundhouse Kick Nyépak muter เตะตัด Tae Tud
Diagonal Kick Nyépak ka sisi เตะเฉียง Tae Chiang
Half-Shin, Half-Knee Kick Nyépak bincurang เตะครึ่งแข้งครึ่งเข่า Tae Krueng Kheng Krueng Kao
Spinning Heel Kick Nyépak tungtung dampal suku เตะกลับหลัง Tae Glub Lang
Down Roundhouse Kick Nyépak muter ka handap เตะกด Tae Kod
Axe Heel Kick Nyépak kapak tungtung dampal suku เตะเข่า Tae Khao
Jump Kick Nyépak bari luncat กระโดดเตะ Gra-dode Tae
Step-Up Kick Nyépak naék เขยิบเตะ KhaYiep Tae

Tuur (Tee kao)[édit | édit sumber]

Istilah Indonesia Thai Transliterasi
Straight Knee Strike Nyerang salempengan tuur เข่าตรง Kao Trong
Diagonal Knee Strike Nyerang tuur sacara diagonal เข่าเฉียง Kao Chiang
Curving Knee Strike Nyerang sisi tuur nu melengkung เข่าโค้ง Kao Kong
Horizontal Knee Strike Nyerang tuur sacara horisontal เข่าตัด Kao Tud
Knee Slap Tepak tuur เข่าตบ Kao Tob
Knee Bomb Bom tuur เข่ายาว Kao Youwn
Jumping Knee Luncat tuur เข่าลอย Kao Loi
Step-Up Knee Strike Nyerang tuur naék เข่าเหยียบ Kao Yiep

Nyurung ku suku (teep)[édit | édit sumber]

Istilah Indonesia Thai Transliterasi IPA
Straight Foot-Thrust Nyurung-suku lempeng ถีบตรง Teep Trong tʰìːb̥ tròŋ
Sideways Foot-Thrust Nyurung-suku lempeng ถีบข้าง Teep Kang tʰìːb̥ kʰâːŋ
Reverse Foot-Thrust Nyuruk-suku malik ถีบกลับหลัง Teep Glub Lang tʰìːb̥ klàb̥ làŋ
Slapping Foot-Thrust Nyurung-suku gancang ถีบตบ Teep Tob
Jumping Foot-Thrust Nyurung-luncat กระโดดถีบ Gra-dode Teep kràʔ dòːd̥ tʰìːb̥

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Donn F. Draeger and Robert W. Smith (1981). Comprehensive Asian Fighting Arts. Kodansha International. 
  2. "Senjata Muay Thai" Archived 2013-12-02 di Wayback Machine
  3. a b "Sejarah Muay Thai di Dunia - Guru Penjaskes" (dalam bahasa id-ID). Guru Penjaskes. 2017-02-05. http://gurupenjaskes.com/sejarah-muay-thai. Diakses pada 2017-11-26 
  4. "7 Teknik Dasar Muay Thai beserta Gambarnya - OlahragaPedia.com" (dalam bahasa en-US). OlahragaPedia.com. 2017-08-31. http://olahragapedia.com/teknik-dasar-muay-thai. Diakses pada 2017-11-26