Lompat ke isi

Muhammad Toha

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Muhammad Toha
200px
Foto rekayasa Muhammad Toha
AllegianceIndonésia Indonesia
Service/branchBarisan Rakjat Indonesia
Years of service1945 – 1946
RankKomandan
UnitMilisi Penggempur
Commands heldmilisi perang gerilya
Battles/warsBandung Lautan Api
(Perang Kemerdekaan Indonesia)

Muhammad Toha atanapi Mohammad Toha ( babar di Banceuy, Suniaraja, Bandung tahun 1927 - pupus di Bandung 11 Juli 1946 ) nyaéta mangrupikeun komandan militer ti Barisan Rakjat Indonésia/ABRI, nyaéta Perkumpulan militer anu pernah aktip dina jaman Perang Kamerdekaan Indonésia .

Sabab Pupus[édit | édit sumber]

M Toha tiwas dina seuneu kusabab misi perang, Ngabinasakeun gudang Sekutu Amunisi sareng batur sapagaweanna, ciosna saatos nyungkeun dinamit langsung ti gudang amunisi .

Hidupan[édit | édit sumber]

Mohamad Toha nyaéta pahlawan ti Bandung Kidul salami révolusi kamerdekaan (1945-1950). Lahir di Kota Bandung taun 1927. Indungna mangrupa rakyat biasa anu asalna ti Kedunghalang, Bogor, anapon ramana ngantunkeun nalika Mohamad Toha yuswana 2 taun. Linggih di Jalan Suniaraja, Kota Bandung. Sakola nepi tamat Sakola Désa (3 taun) saterusna diajar montir mobil. Anu matak pernah gawé di bengkél kandaran militer di masa panjajahan Jepang (1942-1945). Ngagabung jeung Barisan Banteng Republik Indonesia (BBRI) nalika aya panggentra ngiluan bajoang mertahankeun Proklamasi Kamerdekaan. Di badan éta téh Mohamad Toha tugasna jadi Komandan Seksi I Bagian Panggempur. Dina kajadian Bandung Lautan Api (24-25 Maret 1946), pasukanna ngilu ninggalkeun Kota Bandung ka arah Kidul markasna di Kulalét, pentas Walungan Citarum di Dayeuhkolot. Salian eta, ngilu ogé tempur ngalawan serdadu Walanda (NICA) jeung sekutu.[1]

Di Dayeuhkolot aya hiji gedung tingkat dua anu dijadijeuk tempat nyimpeun (gudang) sanjata ogé alat-alat listerik anu katelahna gedung listrik. Gedung ieu dijadikeun basis serdadu Walanda pikeun nyerang jeung nembakan daérah perjuangan RI. Kajadian ieu ngabangkitkeun kaambek sarta sumanget Moh. Toha sangkan ngancurkeun gedung sanjata sarta gedung listrik. Dina tanggal 9 Juli 1946, Moh. Toha jeung pasukanna menang paréntah sangkan jadi panyelidik di medan perang, manéhna indit Salasa peting (9 Juli 1946) dibarengan pasukan Hizbullah (anu dipingpin ku Muhamad Ramdan) jeung pasukan Pangéran Papak. Teu lila ti inditna éta pasukan, jol wé musuh ngalungkeun granat. Ku sabab kitu loba pasukan anu tatu aya ogé anu undur diri sedéngkeun Moh. Toha ngaluncat jeung maju sorangan.[1]

Isukna, Rebo, 10 Juli 1946 wanci 12.30, kadengé ledakan dahsyat anu ngareuwaskeun masarakat Kota Bandung, sorana kadengé nepi radius 70 km. Èta sora ledakan téh asalna ti gedung listrik nu jadi gudang sanjata jeung mesiu. Kirang langkung 75% gedung ruksak sarta imah anu disakuriling ogé ngilu ancur. Hasil panungtik MP3 ngungkapkeun ledakan éta mangrupa usaha Moh. Toha jeung Muhamad Ramdan sangkan ngagagalkeun jeung ngancurkeun kakuatan musuh. Ceuk informasi, gedung listerik éta ngamuat 18.000 ton amunisi jeung loba sanjata api. Dumasar laporan Markas Daerah Barisan Banteng Priangan, Moh. Toha jeung Muhamad Ramdan ngilu jadi korban dina kajadian éta. Kajadian ieu geus diabadikeun jadi monumen tugu di Dayeuhkolot, aya ogé film anu judulna "Pahlawan dari Bandung Selatan", sarta ngaran jalan (Moh. Toha jeung Muh. Ramdan) anu ngahubungkeun Kota Bandung jeung Dayeuhkolot.[1]

  1. a b c Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431.