Nagasari (tutuwuhan)

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Acacia farnesiana
Acaciafarnesiana1web.jpg
Nagasari
Status konservasi

Secure (NatureServe)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
[[]]
Génus:
Spésiés:
V. farnesiana
Ngaran binomial
Vachellia farnesiana
Roxb. (1799)[1]
Acacia-farnesiana-range-map.png

Nagasari; Acacia farnesiana; nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga fabaceae.[2] Tangkalna ngarungkun tur carucukan, loba kapanggih hirup ditegalan jeung taneuh anu teu kaurus. Utamana di Australia, AS, Kapuloan Pasifik, Karibia, ieu tutuwuhan digolongkeun kana gulma.[2]

Habitat[édit | édit sumber]

Tangkal nagasari hirup di daérah anu perenahna nepika 1500 mdpl, kalawan suhu sabudeureun 5 ~ 40. Hujan dina satauna 150 - 4000.[3]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Nagasari mangrupa rungkun anu teu pati katempo jangkung, paling jangkung 2-7 méter dahanna laleutik. Dauna baruluan lemes kelirna hejo, tangkal rada keusrak kelirna coklat aya ogé semu kulawu. Cucukna panjang, seukeut, dahan henteu cucukan, kelirna wungu nepi ka kulawu, daun laleutik menyirip dua, mibanda kelenjar dina cupat daun, pinnae 2-8 pasang, sajajar 10-12 pasang, panjang 2-7 mm, rubak 0,75-1,75 mm. [3]

Kembang leutik, konéng, seungit, bijil mangsa usum tiis bijil culcel/sporadis tapi sabenerna ieu tutuwuhan kembangan sapanjang taun. Buahna ngawujud polong henteu beulah/meleték, panjang 4-7,5 cm, rubakna 1,5 cm, lemes jeung heuras, coklat kolot nepika semu hideung, teu buluan. Sikina coklat kastanye, aya dina jero polongna anu disimbutan ku bahan kawas busa. Panjang 7-8 mm, rubak 5,5 mm, lemes, lonyod, kandel. [4]

Mangpaat Jeung Kagunaan[édit | édit sumber]

A. farnesiana mangrupakeun tutuwuhan sarwa guna, méh sakabéh bagéan tangkal ieu tutuwuhan bisa dimangpaatkeun. Minyak de ésensial floral tina A. farnesiana dimangpaatkeun pikeun nyieur ubar seungit; permen karet gaganti pikeun geutah Arab. Kulit kai jeung tangkalna dimangpaatkeun pikeun nyelep kaén jeung samak; buah polong jeung daunna bisa dimangpaatkeun pikeun parab ingon-ingon; sari pati tina kulit kai, daun, kembang jeung polong héjo digunakeun pikeun ubar tradisional. kaina bisa dimangpaatkeun pikeun suluh, tihang, gagang pakakas, ogé bahan nyieun furnitur atawa parabot séjénna. Di India. Polong anu ngorana (héjo), lamun beula dimangpaatkeun pikeun nyieun Lém. Tutuwuhan ieu ogé bisa ngahaja dipelak pikeun nyingkahan bahaya érosi ogé ngajaga nitrogén dina taneuh. [4]


Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Roxburgh, W. 1799. Pl. Corom. 2: 7, t. 113.
  2. a b Karl Hasskarl, Justus (1845). Aanteekeningen over het nut, door de bewoners van Java aan eenige planten van dat eiland toegeschreven. Universitas Oxford: J. Müller. p. 80.  Disungsi 27 April 2021
  3. a b "Acacia farnesiana (huisache)". CAB International. 2021-04-25. Diakses tanggal 2021-04-21. 
  4. a b K. HEYNE (1913). "DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË". Di Fulconis, R. TEVENS SYNTHETISCHE CATALOGUS DER VERZAMELINGEN VAN HET MUSEUM VOOR TECHNISCHE- EN HANDELSBOTANIE TE BUITENZORG. Newyork: Library new york botanical garden. p. 36. 
Emoji u1f604.svg