Lompat ke isi

Nepenthes glabrata

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Nepenthes glabrata
Kantong paranti néwak mangsa bagian luhur Nepenthes glabrata
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah edit
Karajaan: Plantae
Klad: Angiospermae
Klad: Eudicotidae
Ordo: Caryophyllales
Kulawarga: Nepenthaceae
Génus: Nepenthes
Spésiés:
N. glabrata
Ngaran binomial
Nepenthes glabrata
Sinonim

Nehenthes glabarata nyaéta tutuwuhan tropik jinis kantong semar éndemik ti Sulawesi[4][5]. Ieu tutuwuhan téh kawilang khas upama dibandingkeun jeung jinis kantong semar séjénna. Ngaran Latin glaber haritna "teu buluan", nu katémbong tina sakum awakna nu mémang taya buluan.[6] Ieu henteu saperti jinis kantung semar séjénna dina génus nu sarua. Nu matak ieu tutuwuhan téh disebut ogé minangka kantong semar gundul.[7]

Ngaran ilmiah pikeun ieu spésiés dijieun ku dua pihak dina waktu anu ampir babarengan, nyaéta ku Shigéo Kurata nu méré ngaran Nepenthes rubromaculata dina tahun 1984 (6 Februari)[8], sarta ku R. Turnbull jeung Annet T. Middleton minangla Nepenthes glabratus taun 1984 (10 Februari).[9] Ngaran anu diajukeun ku Kurata téh mangrupa sasaruaan ngaran pikeun hibrida (hasil silang), nu matak dianggap teu sah.[10] Ku kituna ngaran Nepenthes glabrata dipaké minangka ngaran anu leuwih merenah.[11]   

Ieu spésiés téh asup kana Red List IUCN[12]. Di Indonésia, Nepenthes glabrata kaasup tutuwuhan anu dilindung.[7][13] Nepenthes glabarata asup kana kelompok Nepenthes tentaculata, atawa hamata jeung lima spésiés séjénna ti Kalimantan jeung Sulawesi, nyaéta: N. hamata, N. muluensis, N. murudensis, N. nigra, jeung N. tentaculata.[14]

Morfologi

[édit | édit sumber]

Spésimén anu kapanggih némbongkeun kamampuhna pikeun ngareuy nepi ka 10 - 13 méter ka luhur, nepi ka tungtung areuyna ngaleuwihan pucuk tangkal.[6][15] Ukuran tangkal anu geus dewasa bisa nepi ka 4 inci.[16] Saliwat mah wangunna méh sarua jeung Nepenthes pitopangii tapi bisa dibédakeun tina wangun kantong jebak lebah luhurna.[17] Kantongna katémbong béda ti jinis kantong semar séjénna, nyaéta lantaran boga dua jangjang nu manjang di lebah hareupna. Iwal ti éta, kantong jebakna téh ipis nu matak mindeng katingali saperti transparan. Rupana beuki camperenik ku warna belang bodas atawa konéng pastél nu diseling ku tutul-tutul beureum atawa gandaria.[18]

Kantong jebak handa (kénca) jeung kantong jebak luhur (katuhu)

Dina unggal tungtung daunna aya areuy anu dina congona aya kantong husus pikeun ngajebak mangsa sabangsaning arthropoda.[6] Sato anu asup kana ieu kantong gunana pikeun nambahan nutrisi penting nu ngajadikeun ieu tutuwuhan bisa hirup dina tempat anu ékstrim, lantaran kurangna rupa-rupa mineral.[6] Wangun kantong jebakna semu élips, panjangna nepi ka 7 cm jeung rubakna 3,5 cm. Bébédaanna bisa katémbang tina lebah hareup jebakanna. Warna kantongna éndah, kalawan konsistén aya kelir bodas atawa pias semu konéng tutul-tutul beureum, atawa ungu manjang.[6] Kantong jebak bakal robah warna luyu jeung umurna waktu sawawa.[19] Ukuran kantong jebak palebah handap leuwih leutik jeung buntet ti batan kantong jebak anu luhur.[20]

Habitat

[édit | édit sumber]

Ieu kaasup tutuwuhan nu hirup di dataran luhur.[21] Kapanggih di sabudeureun Sulawesi Tengah, Indonésia, di antara 1.600-2.000 ti luhur beungeut laut.[6] Nephentes glabarata tumuwuh kalawan subur dina habitat anu teu kaiuhan, nyaéta tempat anu langsung katojo ku cahya panonpoé.[22] Di alam liar, Nepenthes glabrata kapanggih hidup jeung spésiés séjénna saperti Nepenthes maxi, jeung Drosera burmanni.[17]

Budidaya

[édit | édit sumber]

Nepenthes glabarata kiwari geus dibudidayakeun minangka tutuwuhan hias anu boga ajén ékonomi kawilang luhur, utamana pikeun koléktor di Éropa (Jerman[23], Inggris), Amérika, jeung Selandia Baru.[16][24][25] Ieu tutuwuhan kaasup éksotis pikeun koléktor di sabudeureun dunya, sarta hasil budidayana dijual-beulikeun sacara internasional.[16] Ukuranna anu kawilang leutik matak cocog pikeun dipiara dina terarium.[24] Ieu tutuwuhan bisa dibudidayakeun ku cara kultur jaringan[24] . Iwal ti dicébor kalawan rutin sangkan média pelakna kajaga lembab, sakali-kali bisa diparaban ku gegeremet, saperti laleur, atawa simeut leutik.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Clarke, C.M. (2018). "Nepenthes glabrata". IUCN Red List of Threatened Species. 2000. IUCN: e.T39662A143960231. Diaksés tanggal 10 May 2020.
  2. a b Turnbull, J.R. & A.T. Middleton 1984. Three new Nepenthes from Sulawesi Tengah. Reinwardtia 10(2): 107–111.
  3. Kurata, S. 1984. New species of Nepenthes from Sulawesi, Indonesia. Journal of Insectivorous Plant Society 35(2): 41–44.
  4. "The Savage Garden: Cultivating Carnivorous Plants" (Dina basa Inggris). 2015-05-14.
  5. alamendah. "Jenis-jenis Tanaman Bunga Kantong Semar Sulawesi". Alamendah's Blog (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-05-30.
  6. a b c d e f "An Expedition to Sulawesi to Search for Pitcher Plants - Musėkautas" (Dina basa Lituania). Diaksés tanggal 2020-05-30.
  7. a b "Peraturan Menteri Lingkungan Hidup dan Kehutanan Républik Indonesia" (PDF). http://ksdae.menlhk.go.id/. Peraturan Menteri Lingkungan Hidup dan Kehutanan Républik Indonesia. Archived 2020-07-14 di Wayback Machine
  8. "Shokuchū Shokubutsu Kenkyūkai kaishi. (Journal, magazine, 1900s) [WorldCat.org]". www.worldcat.org (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2020-05-31.
  9. "Vol 10, No 2 (1984)". e-journal.biologi.lipi.go.id. Diaksés tanggal 2020-05-31.
  10. "Carnivorous Plant Database". www.omnisterra.com. Diaksés tanggal 2020-05-31. Archived 2011-06-17 di Wayback Machine
  11. "CP Mailing List Archives for 1994: NEPENTHES comments for Flora Malesiana". www.omnisterra.com. Diaksés tanggal 2020-05-31. Archived 2011-06-17 di Wayback Machine
  12. University, Charles Clarke (IUCN SSC Carnivorous Plants SG / Monash; Sunway, Bandar; Malaysia). "IUCN Red List of Threatened Species: Nepenthes glabrata". IUCN Red List of Threatened Species. Diaksés tanggal 2020-05-30.
  13. "58 Jenis Kantong Semar (nepanthes) yang dilindungi Undang-Undang » INDOFLASHLIGHT". INDOFLASHLIGHT (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2020-05-31. Archived 2021-05-06 di Wayback Machine
  14. Nielsen, Ivan (2001-08). "Cheek M. & M. Jebb, 2001. Flora Malesiana Series I (Seed Plants)—volume 15—Nepenthaceae". Nordic Journal of Botany (Dina basa Inggris). 21 (4): 400–400. doi:10.1111/j.1756-1051.2001.tb00786.x. ISSN 0107-055X.
  15. "Nepenthes glabrata | Flora Malesiana". portal.cybertaxonomy.org (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2020-05-30.
  16. a b c "Nepenthes glabrata for Sale. Grow Carnivorous Plants!". Sarracenia Northwest (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2020-05-31.[tumbu nonaktif]
  17. a b McPherson, Stewart (2009). Pitcher Plants of the Old World (Dina basa Inggris). Redfern Natural History Productions. ISBN 978-0-9558918-3-0.
  18. "Tiga Terkuak di Lore Lindu". Majalah Pertanian (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-05-31. Archived 2017-07-23 di Wayback Machine
  19. "Nepenthes glabrata BE 3257". Bergen Water Gardens, Lotus Paradise (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2020-05-31.[tumbu nonaktif]
  20. Hewitt-Cooper, Nigel (2016-03-25). Carnivorous Plants: Gardening with Extraordinary Botanicals (Dina basa Inggris). Timber Press. ISBN 978-1-60469-758-2.
  21. "Nepenthes glabrata (Sulawesi)". www.wistuba.com. Diaksés tanggal 2020-05-30. Archived 2021-02-26 di Wayback Machine
  22. "Nepenthes glabrata - Tropical Pitcher Plant". Curious Plant (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2020-05-31.
  23. "N. glabrata". www.nepenthesaroundthehouse.com. Diaksés tanggal 2020-05-31. Archived 2019-01-22 di Wayback Machine
  24. a b c "Nepenthes glabrata cultivation notes and care guide – youplants" (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2020-05-31.
  25. "Nepenthes glabrata". OrchidWeb (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2020-05-31.