Neuroblastoma
|
Artikel ieu masihan informasi dasar dina bidang kesehatan. Informasi dina artikel ieu ngan meunang digunakeun kanggo informasi ilmiah, teu bisa ngaganti diagnosis medis. Perhatosan: Wikipédia lain dokter, sagala informasi anu aya dina ieu énsiklopédi dumasar rujukan anu aya. Saupama anjeun aya keluhan, konsultasikeun jeung tenaga kaséhatan langsung |
Neuroblastoma | |
---|---|
Bentuk tampilan neuroblastoma menggunakan mikroskop | |
Spesialisasi | Onkologi |
Gejala | Nyeri tulang, pembengkakan[1] |
Awal muncul | Dihandapeun umur 5 tahun[1] |
Musabab | Mutasi Genetik[1] |
Diagnosis | Biopsi[1] |
Cara ngarawat | Observasi, pembedahan, radiasi, kemoterapi[1] |
Frekuensi | 1 diantara 7,000 anak [2] |
Kematian | Nyababkeun 15% tiwasna barudak leutik nu disabakeun ku kanker. [3] |
Neuroblastoma nyaéta tumor nu tumuwuh tina sél-sél saraf nu masih kénéh ngora di sababaraha bagéan awak. Tumor ieu pang ilharna tumuwuh di medulla adrenal (bagéan tengah kelenjar adrenal).[4][5]
Harti
[édit | édit sumber]Neuroblastoma nyaéta jinis kanker langka nu tumuwuh tina neuroblast atawa sel-sel saraf nu can sampurna di budak leutik. Dina kasus neuroblastoma, neuroblast nu sakuduna tumuwuh jeung miboga fungsi salaku sel saraf kalahkah ngabentuk jadi tumor nu padet.[6]
Neuroblastoma leuwih mindeng narajang ka salah sahiji kelenjar adrenal di luhureun ginjal, atawa dina jaringan saraf tulang tukang, nu ngalintang tina beuheung, dada, beuteung nepi ka bobokong. Panyakit kanker langka ieu bisa sumebar gancang pisan ka organ lianna, kayaning sumsum tulang. Kelenjar getah bening, tulang, hati, sarta kulit .[7] Lolobana ieu panyakit téh narajang ka budak nu umurna lima taun ka handap.[8][7]
Gejala Neuroblastoma
[édit | édit sumber]Gejala neuroblastoma bisa rupa-rupa, gumantung dibagéan awak mana nu katarajang. Gejala awal bisa kaciri samar jeung hésé kapanggih.
Neuroblastoma nu narajang daérah beuteung ditandaan ku nyeuri di bagéan beuteung, konstipasi, kulit beuteung karasa teuas mun dicabak, beuteung jadi bareuh, teu hayag dahar, sarta turunna beurat awak.[5]
Mun kaayan ieu narajang di dada, bisa nyiptakeun gejala mangrupa nyeri dada, eungap hésé rénghap, sarta parobahan dina ukuran panon (ukuran pupil jadi béda jeung kongkolak panon turun).[5]
Sadengkeun mun neuroblastoma narajang saraf tulang tukang, ku kituna bagéan handap awak bisa jadi lungsé, teu bisa ngarasakeun nanaon, atawa ayana gangguan gerak.
Tumuwuhna Neuroblastoma bisa digolongkeun jadi 4 stadiium, nyaéta:[5]
- ·Stadium hiji – Kanker ieu aya dihiji tempat, can sumebar, jeung bisa dileungitkeun ku cara operasi
- Stadium dua − Kanker can sumebar jeung masih aya dihiji tempat, ngan rada hésé ngaleunngitkeunna sanajan kucara operasi.
- Stadium tilu – Kanker teu bisa dileungitleun kucara operasi kusabab ukuranna nu kalintang gedé.
- Stadium opat − Kanker geus sumebar ka organ lianna
Musabab Neuroblastoma
[édit | édit sumber]Sel sarta serat saraf, jeung sel kelenjar adrenal manusa tumuwuh tina neuroblast atawa sel saraf nu can asak (can smapurna). Parobahan ieu lumangsung pas janin tumuwuh dina jero rahim. Sanggeus manusa gumelar ka dunya, moal aya sél neuroblastoma nu nyésa. Mun enya ogé masih aya, sauetik-saeutik bakal jadi sampurna sarta leungit sorangan.. Dina kasus neuroblastoma ieu, sésa neuroblast bu aya éta lainna ngasakan jadi sampurna atawa ngaleungit, kalahkah tuluy tumuwuh nu akhirna jadi tumor.[5][8]
Sarua jeung jinis kanker liana, nepi ka kiwari para ahli can bisa mastikeun musabab nu nyababkeun cikal bakal sél saraf ieu teu asak sarta tumuwuh jadi neuroblastoma. Sok sanajan kitu, para ahli ilmuan ngira-ngira yén ayana karusakan di gén neuroblast, nu nyababkeun meulah diri nu teu bisa dikontrol sarta tuluy jadi tumor.[5]
Diagnosis Neuroblastoma
[édit | édit sumber]Dokter curiga pasén katarajang ieu kasakit neuroblastoma dumasar kana gejala nu aya sarta pamariksaan lianna, kayaning tés darah atawa urine. Nu ngarandapan neuroblastoma ngabogaan kadar katekolamin nu kalintang luhur di jero awakna. Ngaliwatan tés darah atawa urine, kaleuwihan katekolamin éta bisa kanyahoan.[5]
Pikeun mastikeun diagnosis, dokter bakal ngayakeun pamariksaan lanjutan, kayaning USG, CT scan, jeung MRI. Prosedur-prosedur ieu miboga tujuan pikeun ninggali kondisi tumor di bagéan awak sacara leuwih rinci. Sadengkan pikeun ninggali sumebarna ieu sél kanker, dokter bisa ngalakukeun pamindéan MIBG (meta-iodobenzyl-guanidine). Bahan radioaktif éta disuntikkeun kana getih nu nalian sel neuroblastoma. Ku ayana ieu tés, dokter bisa mastikeun sél kanker ieu geus sumebar atawa acan.[5][8]
Salian ti éta, dokter ogé bisa ngalakukeun biopsy, nyaéta dicokotna sarta diuji sél kanker di labolatorium. Salah sahijina nyaéta aspirasi sarta biopsy sumsum tulang, nu dilakukeun mun neuroblastoma dicuriga geus sumebar ka sumsum tulang.[7]
Ngobatan neuroblastoma
[édit | édit sumber]Dokter bakal ngobatan neuroblastoma dumasar kana tingkat sumebarna. Métode nu disarankeun nyaéta operasi pangangkatan tumor, kémoterapi (diancurkeunna sél-sél kanker maké obat-obatan), jeung radioterapi (diancurkeunna sél-sél kanker make sinar radiasi).[5]
Operasi
[édit | édit sumber]Operasi dilarapkeun pikeun ngungkulan neuroblastoma nu can sumebar. Mun ieu tumor tumuwuh deuket kana organ vital, kayaning sabudeureun saraf tulang tukang atawa paru-paru, prosedur ieu teu bisa dilakukeun kusabab leuwih bahaya. Operasi ngan sakur pikeun ngangkat tumor saloba-lobana, nu kudu dituluykeun ku kemoterapi atawa radioterapi bakal dilakukeun ngaleungitkeun sésa sél kanker.[5]
Kemoterapi
[édit | édit sumber]Lamun operasi teu bisa dijadikeun salaku pilihan utama, pikeun ngungkulan ieu kasakit, kusabab ukuranna nu kaliwat gedé atawa geus sumebar, ku kituna dokter bakal nyarankeun pasén pikeun ngajalanan kémoterapi. Prosedur nu maké bahan kimia ieu miboga tujuan pikeun ngeureunkeun tumuwuhna sél kanker jeung pikeun ngaleutikeun daérah sumebarna. Sanggeus ukuranna ngaleutikan, operasi bisa dilakukeun pikeun ngangkatna.[5]
Radioterapi
[édit | édit sumber]Tujuan metode pangobatan kanker ieu sarua jeung kémoterapi, nyaéta pikeun ngancurkeun sél kanker. Ngan bédana nyaéta radioterapi make sinar énérgi nu gedé. Pikeun pasén neuroblastoma stadium lanjut, terapi radiasi bisa jpilihan lianna mun operasi nu dikombinasikeun jeung kémoterapi can bisa ngaleungitkeun sél kanker.[5]
Metode ngungkulan neuroblastoma liana nyaéta kucara transplantasi sél punca (stem cell). Prosedur ieu bisa dilakukeun sanggeus pasén neuroblastoma ngajankeun kémoterapi kalayan dosis nu luhur pikeun maéhkeun sél kanker. Sanggeus sel kanker paéh, sel induk bakal disuntikkeun ka jero awak pasén pikeun ngabentuk sel anyar nu leuwih séhat.
Metode liana nu bisa dijadikeun alternatif nyaéta imunoterapi. Dina metode ieu, antibodi monoklonal bakal disuntikkeun ka jero awak pasén neuroblastoma, pikeun ngadorong sistem imun nyerang sél kanker.[5]
Komplikasi Neuroblastoma
[édit | édit sumber]Komplikasi nu bisa muncul ka pasén neuroblastoma diantarana :
- Sumebarna sél kanker (metastasis). Sel kanker bisa sumebar nepi ka bagéan awak liana, kayaning sumsum tulang, hati, kulit, atawa tulang.
- Sindrom paraneoplastik. Sél neuroblastoma bisa ngaluarkeun zat miboga pangaruh kana sél normal, nu tuluy nyababkeun gejala sindrom paraneoplastik, kayaning gangguan koordinasi atawa pagerakan panon nu gancang.
- Potongna tulang tukang. Hal ieu disababkeub ku tumuwuhna tumor nepi ka tulang tukang, nu jadi neken ka saraf tulang tukang akhirna nyababkeun rasa nyeri atawa bisa nepi ka lumpuh.[5][8]
Ciri sarta gejala
[édit | édit sumber]Gejala panyakit ieu bisa mangrupa-rupa gumantung di mana narajangna. Kira-kira 2/3 gejala dimimitian di bagéan beuteung atawa kelenjar adrenal. Sacara umum, sababaraha ciri gejala neuroblastoma nyaéta:[4][5][7]
- Awak akrasa lungsé, leuleus sarta teu walakaya
- Turunna beurat awak nu kaliwat gancangna
- Ayanna benjolan di beuteung, beuheung, atawa dada
- Nyeri tonggong
- Tumor dina dada isa nyababkeun gangguan ngarénghap atawa gangguan nelen, inféksi jeung batuk kronis
Gejala mun ieu kasakit téh geus sumebar (metastasis) nyaéta leuleus, nyeri (biasana nyeri tulang), geuneuk, teu hayang barangdahar, sarta turunna beurat awak. Pasén ogé bisa jadi herééng. Neuroblastoma bisa nyababkeun pagerakan awak jadi kasentak-sentak sarta pagerakan panon nu teu ka control.[5]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e "Neuroblastoma Treatment". National Cancer Institute. 20 January 2016. Diarsipkan dari versi asli tanggal 10 November 2016. Diakses tanggal 24 November 2019.
- ↑ "Neuroblastoma Treatment". National Cancer Institute. 04 Juni 2019. Diarsipkan dari versi asli tanggal 04 Juni 2019. Diakses tanggal 24 November 2019.
- ↑ World Cancer Report 2014. World Health Organization. 2014. Chapter 5.16. ISBN 978-9283204299. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2016-09-19. Diakses tanggal 24 November 2019.
- ↑ a b "Neuroblastoma Treatment (PDQ®)–Patient Version". National Cancer Institute. Diakses tanggal 2020-01-31.
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p "Neuroblastoma". Alodokter. Diakses tanggal 2020-01-31.
- ↑ "Neuroblastoma Stages and Prognostic Markers". www.cancer.org. Diakses tanggal 2020-01-31.
- ↑ a b c d "Neuroblastoma: Symptoms, Diagnosis, and Treatment". Healthline. Diakses tanggal 2020-01-31.
- ↑ a b c d "Neuroblastoma • Hello Sehat". Hello Sehat (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-01-31.