Orat

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Leumpang di jalan umum nutupan orat

Dina kitab Safinatun Najah, orat téh aya opat (4) bagian, nyaéta:

  1. Orat lalaki sacara mutlak (boh nalika solat boh henteu)jeung orat budak awéwé (amat) antara bujal jeung tuurna.[1]
  2. Orat awéwé merdika nalika solat nyaéta sakujur awakna, iwal beungeut jeung dua dampal leungeunna.[1]
  3. Orat awéwé merdika jeung awéwé budak (amat) nalika di hareupeun lalaki séjén nyaéta sakujur awakna.[1]
  4. jeung nalika di hareupeun muhrimna jeung nalika di hareupeun hiji awéwé nyaéta antara bujal jeung tuurna.[1]

Sanajan kitu, éta henteu mewakili seluruh agama Islam. Nanging éta téh pendapat sabagéan ulama, lantaran batas orat awéwé téh diperselisihkeun antara para ulama, aya anu bilang batas orat awéwé téh sakujur awakna, aya ogé nu bilang batas orat awéwé téh sakujur awakna, iwal panon kéncana, aya ogé nu bilang batas orat awéwé téh sakujur awakna, iwal beungeut, dampal leungeun jeung dampal sukuna, aya ogé nu bilang batas orat awéwé téh tiasa disesuaikeun jeung adat istiadat.[2]

Haram hukumna maké pakéan anu carang pikeun kaom awéwé sabab kaén anu carang henteu nutupan orat.[3]

Ti Aisyah r.a. yén Asma binti Abu Bakar r.a. kungsi asup ka tempat Nabi SAW, sedeng manéhna maké kaén anu carang, mangka Rosululloh ngalieus ti inyana, sareng dawuhna: "Ya Asma, saéstuna awéwé-awéwé lamun geus tepi manéhna kana mangsa héd (balég), mangka henteu patut deui ka manéhna, ditingali ku jalma lian awakna, iwal ieu jeung ieu." (Riwayat Abu Daud)[3] Tina katerangan éta, mangka jelas yén awéwé wajib nutupan sakujur awakna, iwal beungeut jeung dampal leungeunna.[3]

Nanging, hadis anu ti Aisyah téa téh teu dianggap sahih ku kabéh ulama, ceuk sabagéan ulama, hadis anu ti Aisyah téa téh sifatna mursal (teu meunang dijadikeun rujukan). Paingan, aya ulama anu bilang bilang batas orat awéwé téh sakujur awakna, aya ogé nu bilang batas orat awéwé téh sakujur awakna, iwal panon kéncana, aya ogé nu bilang batas orat awéwé téh sakujur awakna, iwal beungeut, dampal leungeun jeung dampal sukuna, aya ogé nu bilang batas orat awéwé téh tiasa disesuaikeun jeung adat istiadat.[4][5]




Rujukan

  1. a b c d Al-Hadlromi, Salim Bin Smir. Tanpa Taun. Safiinatun Najaah (Tarjamah Salim Usman).-: M.A. Jaya.
  2. "aurat `aridhiyah". Islam-Rahmah.com. Diakses tanggal 2019-10-06.  Archived 2014-11-13 di Wayback Machine
  3. a b c Ahmad, H. Idris. 1994. Fiqh Syafi'i.-: Multazam.
  4. Malum, Eradamus. "Eradamus Malum: Rambut Tidak Mutlak Aurat Wanita – Menjawab Radikalisme Dengan Agama". Eradamus Malum. Diakses tanggal 2019-10-06. 
  5. ijtihaduna. "Polemik Jilbab, Hasil Ijtihad". IJTIHADUNA (dalam id-ID). Diakses tanggal 2019-10-06.