Paku duduitan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Paku duduitan
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Pyrrosia
Spésiés:
P. piloselloides

(L.) M.G. Price
Ngaran binomial
Pyrrosia piloselloides

Paku duduitan ; Pyrrosia piloselloides nyaéta hiji tutuwuhan paku anu asalna tina kulawarga Polypodiaceae. Ieu paku kagolongkeun tutuwuhan épifit dipiwanoh ogé ngarana ku: sisik naga, duduitan, atawa daun picisan. Tutuwuhan ieu bisa hirup di daérah anu elevasina kasebut landeuh nepika tonggoheunna, hirup ngarambat dina tangkal jeung dahan malahan dina témbok wangunan anu teu dipiara ieu tutuwuhan remen katempo hirup.[1] P. piloselloides mibanda sistim fotosintesis anu mandiri dipibanda ku tutuwuhan épifit sarta kuat nyingareupan halodo anu pohara panas, tayalian Crassulacean Acid Metabolism (CAM).[2]

Hasiat jeung Kagunaan[édit | édit sumber]

Paku duduitan mibanda rasa amis, tiis, sakapeung aya rasa pait. Daunna bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran gondongeun (parotitis), TBC kulit kalayan risiko pembesaran kelenjar getah bening (skrofuloderma), gering konéng (jaundice), hésé miceun, nyeri beuteung, disentri, batuk, abses paru-paru, TB paru anu dituturkeun ku batuk getih, reumatik, jeung kangker payudara.[3]

Carana diinum cai godog tina 15-60 gr daun duduitan. Ieu cai pangulubanna ogé bisa dimangpaatkeun pikeun ngumbah borok, cénang, sarta kekemu pikeun nyageurkeun sariawan jeung gugusi bareuh. Cara séjén kujalan daunna dirieus, dibebek, atawa diblénder. Dimana geus lembut, tuluy taplokeun kana palebah anu nyeri, bisa ogé dipaké ngubaran raheut, kuku bareuh/hileudeun, jeung sajabana.[3]


Dicutat Tina[édit | édit sumber]

  1. Heyne, K. (1913). DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË. Library New York Botanical Garden: RUYGROK & Co BATAVIA. p. 25. Diakses tanggal (disungsi) 1 Juni 2021. 
  2. Quattrocchi, Umberto (2012). Medical and Poisonous Plants. Washington DC: CRC Press. p. 3153. ISBN 8931187 Check |isbn= value (bantuan). Diakses tanggal (disungsi – 5 Juni 2021). 
  3. a b Dalimartha, dr. Setiawan (2012). Tanaman obat di Lingkungan Sekitar. Jakarta: Pustaka Pembangunan Swadaya Nusantara. p. 47. ISBN 9793567570. Diakses tanggal (disungsi – 5 Juni 2021).